Kang Herdy, ngiring neguh ah... Viruz nu nuju mahabu : RI1RI2 (er-i-1-er-i-2) Pami leres, kenging hadiah teu? heuheu...
ro2 >>> [email protected] 05/20/09 09:27AM >>> Kataji pisan kana seratan kang Faisal Basri teh... urang moal bireuk ka anjeuna kritis,pengkuh kana pamadegan,anjeuna teh pan hiji tokoh nu ngiring marajian Partai Amanat Nasional. Teu siga kolegana nu sanes anjeuna estu teu cuet kanu hideung ponteng kanu koneng buktosna anjeuna nemrakeun pamanggihna ngeunaan pa Boediono. Sigana mah mun sikep kang Faisal Basri diturutan ku para elit politik,wani ngaku kana kasalahan,ninggali masalah kalawan gembleng moal aya kajadian siga kamari ngabentuk opini yen pa Boediono antek IMF jeung neolib. Urang butuh pamimpin nu teu loba omong,tapi rancage ku gawe,urang butuh pamimpin nu sederhana,bukti pan basa bade deklarasi pa Boediono milih naek kareta api campur jeung masyarakat. Sigana ayaeuna aya virus nu leuwih rosa tibatan h1n1 nyaeta virus para politisi anu asa pangbenerna sadunya... cik virus naonnya mun ku urang kudu dingaranan?

