Sabenerna ayeuna mah Amrik geus henteu "super" deui dina widang ekonomi mah. Nu 
kaciri tingsulutuk neangan sumber daya alam di Indonesia mah ayeuna mah urang 
Cina (RRC). Dina widang enerji, PLTU nu keur jeung arek diwangun di Indonesia 
kabehanana oge dimodalan ku Cina. Jatigede di Sumedang oge diwangun ku Cina, 
jembatan Suromadu oge Cina, minyak bumi oge aya nu diala ku Cina (petrocina), 
lamun teu salah mah di daerah Lamongan/ Gresik ...jst.

Nagara ieu sigana mah sakeudeung deui bakal jadi nagara super power anyar, nu 
engkena bisa mangaruhan/ ngatur2 nagara sabudeureunana, kaasup Indonesia. 
Amerika mah "jauh", ari RRC mah "hareupeun irung" ......

Baktosna,
WALUYA


> "Satria Pinandita" <satriapinand...@...> wrote:
> Satuju abdi mah Mang
> dari pada milih presiden nu di dukung ku AS mah 
> mending keneh mah ngadukung capres jeng cawapres 
> Ari Untung jeng Budhi Anduk nu make jargon untung ada budhi tea


Kirim email ke