Hatur nuhun Ki Etom, kahartos pisan ari kitu mah. Insya Allah diestokeun, nanging ke heula.. ayeuna mah nuju repot, nya? Hatur salam ka sakumna seuweu-siwi Ki Sunda satatar dunya ! Wasalam Ki Leuksa
--- Pada Kam, 21/5/09, etom ethom <[email protected]> menulis: Dari: etom ethom <[email protected]> Topik: Bls: Bls: [Urang Sunda] Re:Dongeng Sunda di Internet? Kepada: [email protected] Tanggal: Kamis, 21 Mei, 2009, 3:33 PM di antos....permios Dari: mh <khs...@gmail. com> Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com Terkirim: Rabu, 20 Mei, 2009 19:13:45 Topik: Re: Bls: [Urang Sunda] Re:Dongeng Sunda di Internet? Hatur nuhun Ki Leuksa kana kasayogianana. Tah geuning Teh Roro, Kang Irfan, Kang Ndoel, sareng nu sanesna tos aya kelemengna ti Ki Leuksa. Ki Leuksa, perkawis durasi, tiasa wae disaluyukeun sareng situasi. Eta mah lima menit teh ancer-ancer we. Tinimbanganan kira-kira durasina jiga salagueun, ngarah teu badag teuing upama direkam janten file mp3. Salian ti eta, ngarah sa-sesi dongeng teh engkena tiasa diakses kana HP, PDA, sareng sajabana. Kumargi kitu nya kirang langkung durasina sami sareng rata-rata lagu. Pan sae tah, kampanye basa Sunda, upama nepi ka dongeng Sunda tos tiasa dikases make HP sareng nu sanesna. Tah jigana nu ayeuna peryogi ti Ki Leuksa mah utamana perkawis naskahna. Kanggo salajengna ngaddigitalkeun mah keun we bagean nu sanesna. Pruh ah, mugia lancar. Baktos mh 2009/5/21 Ki Leuksa Sunda <ki_leu...@yahoo. co.id>: > > > > Haturan saderek nu aya di Garut Kaler! Bagea, nuhun ditepangkeun, sanaos di > dunya "maya". Sugan we ka payun mah Kuncen Urang Sunda dioyagkeun manahna ku > Gusti Allah, kersa luntur manah ngabaladah kanggo ngayakeun panglawungan di > darat. > Perkara dongeng anu diusulkeun ku saderek, insya Allah urang baladah deuih. > Ngan ari durasina lima menit mah samporet teuing, tapi urang cobian we > ketang. > Ka Neng Roro, ulah hangham, aya maksad ngadongeng mah prung we. > Kapungkur taun 80-an kungsi aya juru dongeng istri, jenenganana Bi Lani ti > Radio Kompas Sumedang. Sae, seueur nu resepeun > Sakitu heula ah, Akina rek ngala suluh. Si Nini kukulutus wae, suluh besem > dipaksakeun, atuh haseup mani mulek... > Cag.... > > --- Pada Sel, 19/5/09, Roro Rohmah <Roro.Rohmah@ Sidola.com> menulis: > > Dari: Roro Rohmah <Roro.Rohmah@ Sidola.com> > Topik: [Urang Sunda] Re:Dongeng Sunda di Internet? > Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com > Tanggal: Selasa, 19 Mei, 2009, 4:02 AM > > MH? Ih, naha nunjuk ka abdi? … puguh sora abdi mah teu halimpu jiga Mang > Jaya (puguh da pameget heheh). > > Abdi mah sok hoyong wae gumujeng mana bebelepbepan deuih ari nyarios the > heheh… ke tapi InsyaAllah bade dicobian. Tawiskeun oge kanu sanes atuwh, > supados rame. Saha nu pangsaena, tah eta nu dicandak... :) > > > > ro2 > > >>>> khs...@gmail. com 05/19/09 09:32AM >>> > Haturan Ki Leuksa, wiulujeng tepang sareng sim uing, > ti pasisian Garut Kaler. > > Asa teu kabayang ti anggalna, bakal tepung sareng > tukang dongeng, najan ukur di dunya maya. > > Inget taun 80-an, ari ngabandungan dongeng teh, > ngadon ngagimbung di pipireun imah tatangga. > > Ki Leuksa, jigana hade, upama tradisi ngadongeng > di radio tiasa dikembangkeun di Internet. > > Kumaha carana? Jigana bisa rereongan jika kieu: > Ki Leuksa nyusun naskah carita dongeng, kira-kira > durasina 5-menitan; teras postingkeun ka milis; > Saterusna Teh Roro sina macakeun dongengna, > sarta direkam, husus sorana wae tong make dipirig > musik; teras simpen file mp3-na di goah publik; > terus kang Irfan, atawa saha wae nu tukang > multimedia moles file mp3 dipirig ku musik, rekam > hasilna postingkeun ngaliwatan podcasting. > > Mangga, wilujeng ngabaladah Dongeng Sunda > ngarambah Internet. > > nuhun > mh > > ____________ _________ _________ __ > Lebih bersih, Lebih baik, Lebih cepat - Yahoo! Mail: Kini tanpa iklan. > Rasakan bedanya! > > Cepat, Bebas Iklan, Kapasitas Tanpa Batas - Dengan Yahoo! Mail Anda bisa mendapatkan semuanya. Yahoo! Toolbar kini dilengkapi Anti-Virus dan Anti-Adware gratis. Download Yahoo! Toolbar sekarang. http://id.toolbar.yahoo.com

