Mudah2an pa adung nyandak mpp/pangsiun jeung masih sehat keneh, pangalamanna tos cekap 30 tahun, meureun mun pagawai negeri mah tunjanganna tos maksimal 75 %. Ah punten, heureuy
--- On Sun, 5/24/09, MSasmita <[email protected]> wrote: From: MSasmita <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Peryogi Artikel sekoteng jeung ekonomi To: [email protected] Date: Sunday, May 24, 2009, 2:41 PM Kuring teh leungiteun ku Pa Adung, tukang sekoteng nu sok ngaliwat ka hareupeun imah, biasana ngaliwatna teh antara tabuh satengah dalapan atawa pangpeutingna satengah salapan. Diitung-itung aya kana lima bulanna teu kadenge sorana nakolan mangkok beling ku sendok bari sakapeung ku nyoara teeengg...!! cenah. Karasa ngeunahna nyuruput sekoteng komo dina usum hujan, asana meuli panungtungan teh basa bulan Januari awal taun ieu. Inget soteh eta we pedah budak tatangga niup tarompet taun baru, kuring rada reuwas da ampir sendok ge ngacleng (ma'lum imah kopel tea, jeung tatangga teh ukur kapindingan ku tembok, jadi ting gerendengna tatangga hareupeun imah sok kadenge lamun sarua keur ngalangeu dihareup). Harita teh keur hujan ngarinrincik, Pa Adung ngaliwat, diimah aya tamu, barudak ti UPI, biasa nu neangan buku Sunda. Ngawangkong teh bari ngararasakeun tiris, ambih teu tiris nya disuguhan sekoteng (sabenerna mah lain nyuguhan-nyuguhan teuing da kuring ge hayang). Aya budak UPI nu nanya ka Pa Adung, geus sabaraha lila dagang sekoteng, dijawab ku Pa Adung cenah geus meh tilu puluh taun. Jualan sekoteng ti keur lalagasan keneh, ayeuna geus boga incu dua. Cenah mimitina mah dagang teh ditanggung, kakara taun salapan puluh lima ganti kana roda, geus teu kuat ditanggung mah, sanajan langganan mah loba keneh waktu ditanggung da babari asup ka gang leutik. Ngan luhlah minyak tanah mahal, nyabit nyabit kana kompor gas nu can kabeuli. Teu kapapanjangan ngawangkong teh, da Pa Adung kaburu ngaleos muru tatangga hareupeun imah nu nyalukan. Tina kajadian ieu aya sababaraha catetan : 1. Pa Adung teh usahawan nu sukses ngokolakeun usahana meh tilu puluh taun, bisa ajeg tur mere kahirupan ka kulawargana. 2. Pa Adung satia kana profesina. 3. Pa Adung teu ningkat usahana, alesanana teu aya modal (teu aya akses ka perbangkan), teu aya kaweruh kana ekonomi (pelatihan ekonomi rakyat) jste, atanapi ieu teh lir ibarat carita carita parabel modernitas nu mere tangara robahna hiji tatanan sosial ku ayana intervensi teknologi (tina kompor minyak tanah kana kompor gas). Ka baraya sadayana utamina nu beunta kana elmu ekonomi mugi kersa ngadamel artikel dina basa Sunda kanggo muatkeuneun dina Majalah basa Sunda Cupumanik, panjang artikel kinten-kinten antawis 5000-6000 karakter sareng spasi. Artikel nu sanesna ge mangga, bade hal politik ( seueur nu nyebatkeun ti kapungkur keneh yen Urang Sunda teh kirang nu manggung di tingkat nasional, aya nu togmol nyebatkeun tong ambek tong kuciwa atuh ari ngarasa teu ngaderkeun mah jste), bade hal kabudayaan, bade hal kaweruh sapertos teknologi nano jste. Artikel teh diantos salami sasih Juni 2009, mung wayahna we upami dimuat honorna mung saese he he. Baraya, nu sok ngadamel artikel dina basa Sunda teh sok ti GE ( Grup Eken), eta keneh eta keneh, manawi we ku carana kieu mah tambih lega. Hatur nuhun, diantos artikelna kintun we japri ka email sim kuring. Bilih aya nu teu acan apal Majalah Basa Sunda Cupumanik teh medal sasasih sakali, janten karaosna sok lami. MSas. MH sareng kang Kumi mana artikelna... .he he... ulah dihihilapkeun atuh...!!

