Rampes, Bah Engkus, hatur nuhun kana pedaranana. Kulantaran panjang, kedah rada nyalse yeuh macama.
nuhun mh 2009/5/27 engkus ruswana <[email protected]>: > > > Sampurasun, Mang Hasan, kang Eminx, oge ka kidulur sasunda, mangga > nyanggakeun > > Konsep Papat Kalima Pancer > > (Engkus Ruswana) > > > > Dina tulisan nu tiheula, pernah simkuring medar yen ti jaman baheula keneh > dimana pangeusi nusantara masih saeutik, sedengkeun kabutuhan hirup masih > keneh saderhana, ukur keur dahar, nginum, pake, bumen-bumen jeung laki-rabi, > sedengkeun keur kabutuhan hirup alam nu subur makmur geus nyadiakeun sakitu > ngalimpahna teu kudu ngoyo pikeun bisa bertahan hirup (survive), jadi tangtu > loba waktu pikeun ngaji diri ditambah deui kaayaan alam nu sakitu beunghar > tur bhineka pikeun bahan pelajaran, tah tangtu sacara alami nu ngaran manusa > bakal neangan jati dirina, timana asal dirina, naon tugas hirupna, kumaha > hubungan jeung mahluk lianna, jeung bakal kamana mun geus beak lalakon di > dunya. Tah tina nalungtik diri eta (mungkin bae ditambah ku ayana katerangan > ti Nu Maha Uninga, naha mangrupa ilham/tuduh/wangsit atawa wahyu) timbul > istilah “NYUNGSI DIRI NYUAY BADAN, ANGILO PAESAN TUNGGAL” nu harti tina > kecapna “ngulik atawa neangan katerang diri, nyuaykeun badan, maca ku hate > tetengger (ciri kuburan) nu tunggal”. > > Hasil panalungtikan jeung ngaji diri, dikanyahokeun yen sacara garis wadagna > dina diri manusa teh aya nu disebut kuring, jeung kurung. > > Kurung/waruga (timana asalna kurung -konsep dulur papat) > > Tina panalungtikan diri, yen manusa ti barang gubrag ka dunya sapanjang > hirupna sok ngahanju (napas) nu asal ti angin (udara), sok barang dahar nu > asal ti bumi, sok nginum nu asal tina cai, oge make seuneu (masak jeung > butuh kahaneutan) nu sumberna ti Panonpoe. Eta opat unsur teh dilenyepan aya > nu abus jeung aya nu kaluar diri, tangtu aya nu nyalangkrung gumulung > ngawujud jadi kurung/waruga jeung pibakaleun waruga (mani & manikem) da > geuning nu kasaksi ti mimiti orok beureum terus ngagedean ngajadi jalma > dewasa, pon itu deui nu dina kandungan nu asal satitik gumulung jeung > satitik di jero guha garba indung ngajadi janin nu oge terus ngagedean dugi > ka gubragna kadunya. Tah terus bae dicindekkeun yen diri/waruga teh asal > tina acining/saripati seuneu, angin, cai jeung bumi. Hal ieu nu > ngalahirkeun konsep universal KAMA-NUSAAN (kama = diri atawa bakal diri, > nusa = lemah-cai kaabus udara jeung panas/seuneu nu kapibanda), oge > ngalahirkeun konsep yen diri teh dipapandekeun jadi DUNYA LEUTIK (sabab asal > tina saripati dunya nu dina legenda dilarapkeun kana sosok Dayang Sumbi), > sedengkeun alam raya disebut DUNYA GEDE. > > Eta opat unsur alam teh hirup jeung ngahirupan, nya disimbulkeun dina warna > “beureum (seuneu) - koneng (angin) – bodas (cai) jeung hideung (bumi)”. Tah > wujud diri ieu mangrupakeun alat/tutumpakan kuring pikeun ngalalakon di > dunya, nya ku luluhur urang sok disimbulkeun gamelan nu dijieun tina > parunggu nu mirig sang kuring dina ngalalakon di dunya jadi wayang. Tah > bukti kalinuhungan luluhur, gamelan nu asli mah dijieunna tina parunggu nu > mangrupakeun campuran logam tina tambaga (beureum=seuneu), kuningan (kadang > keur gamelan karaton mah sok campur emas, nya koneng = angin), perak > (bodas=cai), jeung beusi (hideung = bumi).....Mun diaji deui ieu palsapah > gamelan...beu matak beuki reueus kami teh kana kalinuhungan karuhun. ...tah > ceuk saha luluhur urang primitip?... > > Kajembaran jeung kalinuhungan karuhun urang geus nepi kana pamahaman yen ieu > alam raya (dunya jeung pangusina) kapurba ku Gusti Nu Maha Kawasa. Gusti teh > Maha Hirup, jadi sagala rupa nu kapurba ku Gusti oge mibanda hirup. Jadi > dina pamahaman kenyaho luluhur, yen seuneu, angin, cai, bumi, tatangkalan, > sasatoan, jeung naon bae nu kapurba ku Gusti tangtu ngabogaan hirup, ngan > cara hirupna nu beda, dina istilah Sunda sok dikelompokeun kana golongan : > Hirup Cicing – Hirup Nyaring – Hirup Eling. Ditingali dina sipatna > dikanyahokeun oge aya dua golongan, nyaeta hirup nu make wujud kasar > (katingali), jeung hirup nu teu make wujud kasar (teu katingali) > > Tah ku pamahaman yen sagala nu kumelip di alam dunya ngabogaan hirup, terus > ngalahirkeun etika jeung tata titi “mipit kudu amit-ngala kudu bebeja”, nu > intina ngahargaan sasama hirup, nu terus dilarapkeun dina tradisi atawa tata > cara adat, contona dina tata-cara tatanen (ti mimiti rek ngagarap lahan tug > nepi ka ngamumule hasil panen), tata-cara dina kahirupan “nelayan” > (pamayang?), tata-cara ngawangun (imah/kampung, jalan, bangunan umum, jsb), > ngokolakeun leuweung, ulu-ala tatangkalan/batu jeung hasil alam lianna. > > Kitu deui mun urang ngimeutan dina rumpaka pantun-pantun dina raraga > ngalaksanakeun adat tradisi teh, mangkeluk nu teu katingali oge sok disambat > kalayan diperenahkeun, tara sugan disieuh-sieuh, diusir, digusur komo deui > diasupkeun kana botol (he...he... da teu boga wujud), estuning sarua > dihargaan...naon kitu rugina ngahargaan sasama hirup, nu oge tunggal ayana > teh ku Kersaning Gusti. > > Tah kajembaran jeung kaluhuran budi daya karuhun nu geus ngawariskeun adat > tradisi samodel kieu, nu teu ngarti mah sok nyarebutkeun > “animisme-dinamisme”, malah ceuk nu poekeun pisan mah (teu nyaho pisan > naon-naon – au ah gelap) nyebutna teh leuwih tandes deui ku istilah > “sesat”.(... padahal nu sok sesat mah, nyaeta nu era tatanya, alias.malu > bertanya sesat di jalan, besar....... susah berjalan...nya di jalan naon > bae....he..he...punten). > > Kuring (pancer) > > Wujud atawa kurung nu asal ti dulur papat, naha bakal aya ajen mun teu > diancikan ku “kuring”, tangtu moal aya ajenna sok sanajan geulis atawa kasep > kabina-bina, tetep bae kudu gancang diruang, jadi pangajina teh ku aya > kuringNa, pon kitu deui wujud jeung pangawasana estuning tumut, moal baha > kana parentah nu ngacikna (kuring). Dititah leumpang nya leumpang...dititah > cicing, nya cicing...dibawa ka jalan hade, nya migawe kahadean, dibawa jalan > goreng nya migawe kagorengan. Jadi kumaha kuring nu jadi pancerna. > > Ti mana atuh asalna Sang Kuring? > > Gumelarna sang kuring ka dunya lain kahayang indung-bapa, jeung lain > kahayang kuring sorangan, da mun dilenyepan teu pernah kuring hayang > dilahirkeun jadi urang Sunda, teu pernah kuring menta dilahirkeun ngaliwatan > cukang lantaran indung-bapa nu nyatana ayeuna jadi indung nu ngadung jeung > bapa nu ngayuga kuring, saha atuh nu ngutus kuring ka dunya, dan > indung-bapa mah ngan sakadar hayang boga budak/turunan, teu sugan menta > model kuring ieu, nu jadi anakna. Tah....tangtu Gusti Nu Maha Suci nu ngutus > jeung ngersakeun kuring (sakuringna-sakuringna) gumelar kadunya. Jadi teu > salah bawirasa kuring mun ngarasa jadi utusan Gusti. Sabab mun lain Gusti nu > ngutus kuring ka dunya....saha atuh?. > > Kulantaran “kuring” asal ti Gusti Nu Maha Suci atuh tangtu mibanda > sifat-sifat nu ka-Gusti-an nu ka-Maha Suci-an. Naha geuning dina diri > (pikiran) teh sok aya sipat-sipat goreng, maenya asal ti Gusti kitu?..... > Tah dina perkara ieu, kateranganana teu gampang, perlu dilenyepan atawa > sungsian nu jero, sabab dina diri teh aya nu disebut kuring jeung nu disebut > ingsun (keun pedaran ieu mah teundeun di handeuleum sieum, sampeureun > kapayun). Tapi pikeun nganyahokeun ayana Kuring nu asal ti Gusti mah, sok > geura lenyepan contona : dimana urang bohong...geuning dina jero sok aya nu > ngadakwa...”hey maneh bohong”, dimana urang geus ngalakonan salah, sok aya > “rasa kaduhung manghanjakalkeun”, dimana urang boga pikiran salah, geuning > sok aya nu ngelingan ...“montong kitu siah..eta teh salah....”, jeung > sajabana. Tah nu kitu nu disebut “kuring”, sedengkeun eta nu loba kahayang, > resep ka awewe/lalaki, nu sok boga pikiran salah, hawek, culas jsb,. Nya Eta > nu disebut Ingsun nu asal tina kajadian anyar nu ngawujud ku ayana lahir > (waruga) jeung batin (waraga), nu kudu tanggungjawab boh di dunya, oge > sanggeus beak ngalalakon di dunya. > > Ingsun boga sipat positip jeung negatip, pangaruh tina napsu-napsu duniawi, > nu asal tina acining seuneu-angin-cai-bumi (mun ceuk ahli tasawuf mah > meureun eta nu disebut napsu-napsu amarah-sawiyah-loamah-mutmainah tea). > Ingsun boga tugas pikeun ngadalikeun (ngokolakeun) hawa napsu luyu jeung > tugas manusa di dunya, sangkan dunya jeung pangeusina rahayu salamet, ieu nu > dina Naskah Sewaka Darma numutkeun pamahan kami nu disebut Sanghiyang Atma > tea, nu boga kawajiban “tuhu di saur guru”. > > Jadi nyata diri teh kaancikan kuring nu asal ti Gusti, atuh diri teh > ka-Gusti-an, atawa ka-Hiyang-an, jadi diri teh kahiyangan (tempat sagala > kanikmatan => tempat sagala ngeunah teh aya dina diri). Tah pamahaman ieu > ceuk pamaham kami nu ngalahirkeun konsep KA-TUHAN-AN NU MAHA ESA, sabab > sagala nu kumelip di dunya ieu oge nu teu make wujud kabeh Katuhanan, tah > mun rasa-rumasa Katuhanan, atuh geura prak migawe kasucian, da Gusti/Tuhan > mah nyata Maha SuciNa. > > Papat Kalima Pancer > > Panalungtikan luluhur, ngeunaan asal-usul (sajarah) diri nu ngahasilkeun > konsep papat kalima pancer nu oge dikaitkeun kana sistim kosmos (arah mata > angin), nyata dipedar dina naskah “sewaka darma”, nu digambarkeun : > > ¨ Ti timur Batara Isora, kahyangan pirak putih, tihangan pirak diukir, > bahana pirak sagala ........jst (dina pawayangan Batara Isora teh > pangawasa/Dewa Cai dilambangkeun kulitna bodas). > > ¨ Ti kaler Batara Wisnu, kahyangan miru hireng, tihangan beusi diukir, > bahanna beusi sagala.....jst (Batara Wisnu teh pangawasa/Dewa > Bumi,digambarkeun kulitna hideung) > > ¨ Ti kulon Batara Mahadewa, kahyangan miru kuning, tihangna demas > diukir, bahanna domas sagala ......jst (Batara Mahadewa teh pangawasa/Dewa > Angin, nu digambarkeun kulitna koneng), > > ¨ Ti kidul Batara Bra(h)ma, kahyangan warna mirah, tihangna tambaga > diukir, bahanna tambaga sagala ......jst (Batara Brahma boga tugas jadi > pangawasa seuneu/Dewa Api, boga kulit beureum) > > Saha pancerna?...., nya disebutkeun: > > ¨ Di tengah Batara Siwah, kahyangan b(a)ranang siyang, tihangna malela > diukir, bahanna warna sagala...jst (Batara Siwah/Siwa teh pangawasa > Mayapada/ kahyangan nu disebut Swargamaniloka, oge nangtukeun aturan di > dunya, warna kulitna campuran). > > Tah tempatna batara Siwah (kuring) mah nu jadi pancer kahyangan baranang > siang (terang benderang) nu hartina tempatna nganyahokeun, tempatna ngelmu, > sabab jadi pancerna dunya (jagat alit), malah jagat gede ge bisa diaji jeung > disungsi ku ieu batara, jeung bisa jadi pancerna jagat gede. > > > > Tah...ke..ke..ke .cag heula aah reuereuh heula, bari kami rek tumanya ka > dulur-dulur, naha teu reueus teu ajrih, teu hayang ngamumule kana ieu > kajembaran jeung kalinuhungan luluhur Sunda?,......naha rek tetep leuwih > reueus jeung ajrih ka luluhur batur ?? baeu dulur sing inget kana > purwadaksina (purwa = wiwitan/asal; daksina = wekasan/pangbalikan), geura > nincak dina wirahmana, maenya ari wujud Arjuna ari igel si Cepot. Saur sang > Maha Pandita:.”kade anaking sanghyang buyut, turutan sanghyang atma katuhu > di saur guru laksana di pamagahan sata”. > > > > Mangga urang teraskeun, > > Panalungtikan luluhur dina papat kalima pancer, geuning kasaksi nyatana > bangsa-bangsa nu gumelar di dunya teh dibagi kana kelompok bangsa kulit > beureum (Indian), bangsa kulit koneng (Indochina), bangsa kulit bodas > (Eropah), bangsa kulit hideung (Afrika), sedengkeun bangsa Nusantara (Asia > Tenggara) kaabus bangsa kulit sawo matang nu ngandung warna > beureum-koneng-bodas-hideung (warna nu jadi ciri Batara Siwah). Jadi moal > kitu memang bangsa Asia Tenggara (Sundaland) teh, dikersakeun ku Nu Kawasa > jadi pancerna bangsa-bangsa di dunia? (lenyepaneun), lamun tea mah memang > Benua Atlantis yang nu leungit, nu pernah jadi pancer dunya rebuan taun > kaliwat bener, jeung diramalkeun jadi pancerna dunya pikahareupeun.....Nya > bisa oge ieu teh memang jadi Rahmat ti Nu Maha Kawasa. > > Geura urang imeutan faktor lianna, punten ka kang Oman ngeunaan faktor > geologis jsb, nyuhunkeun komentarna : > > ¨ Dina kelompok bangsa nurutkeun warna kulit sadunya, palsapahna bisa > ditarima mun bangsa Nusantara jadi pancerna bangsa, pon kitu deui suku-suku > bangsa nu aya di Nusantara sakitu euyeubna, bisa disebut puseurna/pancerna > kaBhinekaan. > > ¨ Dina posisi geografis, nyata yen Nusantara aya diantara dua benua > Asia jeung Australisa, jeung diantara dua lautan Indonesia/Hindia jeung > Lautan Teduh, oge tiasa oge Lautan Atlantis (pancerna dunya/bumi?). > > ¨ Dina sisi geologis Nusantara aya diposisi pergeseran kerak bumi dari > ti kidul ka kaler & jeung ti kulon ka wetan. (pancerna bumi?) > > ¨ Dina posisi astronomis, wilayah Nusantara aya di garis edar > pergerakan panonpoe, nu ngabagi dunya jadi wewengkon Lintang Utara jeung > Lintang Selatan (aya ditengah = puseur/pancer dunya & pancer edarna > panonpoe), > > ¨ Wewengkon nusantara beunghar ku Gunung Api (pancerna seuneu?) > > ¨ Kaayaan oceanografis, aya ditempat puseuran/arus laut ti kidul ka > kaler, jeung ti kaler ka kidul, hiji waktu dina transisi, nya ngubek jadi > pamuseuran pertemuan arus ti kidul jeung ti kaler, mungkin bae arus ti wetan > jeung ti kulon, da panon poe gerak ti wetan ka kulon, nu pasti mawa pangaruh > arus laut ti kulon jeung ti wetan (meunang mun disebut pancerna cai). Ku > ayana arus laut ieu ngajadikeun lautan di Nusantara subur ku plankton, nya > jadi puseurna kahirupan mahluk laut atawa pusat kahirupan perikanan. > > ¨ Iklimna nu cocog jeung iklim dingin aya, nu cocog jeung iklim panas > aya, estuning kaayaan iklim di sadunya kawakilan di Nusantara, matak sagala > rupa tatangkalan/pepelakan bisa hirup di Nusantara, oge sagala rupa bahan > tambang nu dibutuhkeun ku masarakat dunya, aya di Nusantara (Pancer dunya?). > > ¨ Ku posisi geografis jeung astronomis, ngajadikeun wilayah Nusantara > jadi tempat pertemuan/puseuran angin (pancerna angin?). > > Tah ku kaayaan alam jeung nu ngeusina di wewengkon Nusantara (bangsa kulit > sawo matang), bawirasa kuring mah asa pas mun boga posisi jadi pancer teh. > Pantes mun idiologi bangsa dipake Pancasila (lain nagara agama, oge lain > nagara sekuler), sistim kanagaraanna lain liberal-lain konservatif. > > Dulur urang di Kanekes nu ngajaga jeung nganggap karamat kabuyutan Sasaka > Domas di wewengkon Kanekes, boga kayakinan yen eta kabuyutan teh > mangrupakeun puseurna dunya. Tah tinggal urangna naha bisa ngadayagunakeun > ieu Rahmat Gusti teh? > > > > Nusantara Pancerna Dunya? Prak atuh geura pigawe. > > > > Cag, pun tabe nun, > > Rampes. > > --- Pada Ming, 24/5/09, mh <[email protected]> menulis: > > Dari: mh <[email protected]> > Topik: Re: Bls: [kisunda] Belajar sampai ke Negri Cina > Kepada: [email protected] > Tanggal: Minggu, 24 Mei, 2009, 5:56 PM > > Cing Kang Engkus, rada dipedar tah perkara asal-usul manusa numutkeun > konsep papat-kalima pancer teh, kumaha tah? > Da geuning eta konsep teh aya oge dina hazanah budaya baraya ti Jawa, > asana mah 'sedulur papat-kalima pancer". > (mh) > > 2009/5/24 engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>: >> >> >> Sampurasun. >> >> Kang Abas, haturan kang.. >> >> Tah kang, pami di ajaran Sunda mah asal usul manusa teh, nyaeta nu dikenal >> nganggo istilah papat-kalima pancer tea. Memang aya pabentenan sareng nu >> saur akang tea mah aya dina Al Qur'an, namung teu sawios nya kang dan >> pabedaan teh kersaning Nu Maha Kawasa, manawi ku luluhur urang mah nu >> wijak >> geuning papagon hirup kumbuh di dunya teh nya nganggo dadasar "Bhinneka >> Tunggal Ika, Tan Hana Dharma Mangrwa" nu hartosna "warna-warni tunggal >> eta, >> teu aya bener nu midua", duka nu mana nu benerna, anging Gusti Nu Maha >> Suci >> nu Maha Uninga. >> >> Cag, Rampes >> Tabe pun. >> >> Engkus >> >> --- Pada Sab, 23/5/09, Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> menulis: >> >> Dari: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> >> Topik: [kisunda] Belajar sampai ke Negri Cina >> Kepada: "proletar" <prole...@yahoogroup s.com>, "radioliner" >> <radioli...@yahoogro ups.com> >> Cc: "kisunda" <kisu...@yahoogroups .com> >> Tanggal: Sabtu, 23 Mei, 2009, 5:36 AM >> >> Bismillahirrahmanni rrahiim, >> >> Nabi Besar Muhammad Saw pernah bersabda, Carilah Ilmu sampaipun >> ke Negri China. >> Maksudnya tentu jangan berhenti mencari Ilmu, siapa tahu nanti kita akan >> dapat petunjuk. >> >> Saya sudah membaca tulisan Sutherland, dan dari situ saya meyakini bahwa >> memang manusia berasal dari tanah/bumi/earth; hanya saja orang Islam tak >> ada >> yang mengerti proses terjadinya. >> Rupanya begitulah proses terciptanya . Menurut Sutherland dari >> "self replicating molekules" yang ada di Bumi. Dan semua itu tentu >> memerlukan proses ------->>>> apapun prosesnya, berapa lamanya, ataukah >> secara evolusi dlsb. pokoknya akhirnya terjadilah manusia. Jadi sumber >> asal >> manusia memang dari tanah. >> >> Dan........ "self replicating molekules" itu diciptakan Tuhan untuk >> berproses di >> bumi, seperti juga Tuhan menciptakan "kabut berpilin" yang akhirnya jadi >> Alam >> Semesta. Tuhan memprogram dan mengontrolnya sampai terjadi kehidupan. >> >> Itulah sebabnya dalam Al Qur_an suka disebut sebut, bagi manusia yang mau >> berpikir dan memikirkannya. Jadi Tuhan memproses "replicating molekules" >> itulah >> yang akhirnya bisa berproses sendiri, dan Tuhanlah memfasilitasiNya. Yang >> akhirnya menimbulkan kehidupan di Planet Bumi ini. >> Kita harus yakin akan kebenaran Al Qur_an dengan dikaitkannya dengan >> tulisan >> Sutherland itu, maka kita akan lebih yakin akan Qur_an dan Tuhan. >> >> Terimakasih saya haturkan pada Uda Jusfiq yang telah bercape lelah >> menyodorkan >> tulisan tersebut pada saya , sehingga makin menguatkan keimanan saya. >> Alhamdulillah. >> >> >> >> ____________ _________ _________ __ >> Akses email lebih cepat. >> Yahoo! menyarankan Anda meng-upgrade browser ke Internet Explorer 8 baru >> yang dioptimalkan untuk Yahoo! Dapatkan di sini! (Gratis) >> > > ________________________________ > Lebih bersih, Lebih baik, Lebih cepat - Yahoo! Mail: Kini tanpa iklan. > Rasakan bedanya! > >

