"Weeeeeeyy.....Neng Silvy sanes ieu teh ?" "Muhun....dupi akang saha?" "Ahhh...ari Neng meni tos hilap ka kuring." bari tuluy gep ngajak sasalaman rada lila ngeukeuweuk panangan Neng Silvy anu sakitu lemesna, da bakat ku sono. "ke heula Kang...saha atuh akang teh? da abdi mah lebeng teu emut." "Kieu atuh....Neng emut ka Pa Komarudin ?" "muhun emut..kapanan eta mah kepala sekolah." "Dupi ka Ibu Titin emut?" "Muhun emut kapanan anjeuna mah guru Kimia." "Tah..tah...tah..tos rada bengras ayeuna mah nya...emutan teh." "Dupi akang angkatan sabaraha kitu ?" "Ah...kapanan sami we sareng neng." "Dupi jurusana naon kang ?" "Hmmm..perkawis jurusan..., kaleresan ti akang mah tilu kali naek neng, janten rada barabe oge." "Maksad akang ulah-alih jurusan?" "Tah..leres Neng samodel kitu." "Naha bet tiasa kitu Kang?" "Muhun Neng emang aturana kedah tilu kali naek, kapanan ti bumi sakali naek angkot, kadua teras naek beus jurusan Tasik Cirebon tapi kade tong hilap turun di Kuningan, katilu naek angkot, nembe dugi Neng." "Haaaaaarr..ari akang, maksad abdi mah akang kapungkur nyandak jurusan naon? Sos atanapi Bio... !!? "Ohhh..sugan teh jurusan mobil neng...hehehhehe..punten Neng." "Janten jurusan naon atuh akang teh?" "Ahh...sami we sareng Neng." "Ihhh..si akang mah titatadi sami-sami wae walerana." "Har atuda teu sami kumaha ari Neng, kapanan urang teh kapungkur sakelas." "Saha atuh nya..? ih...meni panasaran abdi mah Kang..." "Neng emut...ka nu sok nundutan dijuru.?" "Aeeehhhhh...ieu pasti Kang Ajat nya...? bari tuluy ngagebugan pundak bangun nu gemes "Sanes..kuring mah sanes Ajat, kapanan teu rancung rambut kuring mah." bari tuluy ngusap buuk "Teras saha atuh..?" "Neng emut kanu sok noelan imbit Neng upami nuju diajar di kelas ?" "Hi.hi.hi.hi....ieu pasti Kang Kebo..meni pangling atuda." tembal Neng Silvy bari tuluy ngagabrug ngaleupaskeun rasa kasono. "Alhamdulillah masih emut keneh ka kuring." bari tuluy ngusapan tonggong Neng Silvy "Teu emut kumaha atuh... kapanan akang mah sok cunihin." tembal Neng Silvy bari tuluy nyiwit kulit beuteung bangun nu geregeteun. "Aduuuuuuhh....tuh nya Neng anu iseng mah, cikan kadieu urang nyobian nyiwit lambut Neng." Karek oge sagep-gepeun nyabak lambut Neng Silvy..ti lebah tukang aya nu ngadehem semu tarik. "Ehemmmm...ehemmmm !!!! "Eh..Kang Budi...nepangkeun Kang ieu Kang Kebo rerencangan abdi kapungkur." cek Neng Silvy bari semu reuwas "Muhun nepangkeun abdi Kebo..." "Hmmm..Budi...! saya suaminya Silvy.." "ohwh.....su.sua.minya? "Iya....Mah..kalau nyari papah, papah nunggu di mobil ya." tembal Pa Budi bari tuluy ngaleos. "Iya Pah...engke abdi nyusul." "Duh bagja Neng mah, gaduh salaki teh nya ganteng nya kaya, tos gaduh sabaraha bati ?" "puguh abdi mah nembe hiji Kang, telat abdi mah, dupi akang tos gaduh sabaraha putra?" "Hehehehe...kuring mah tos rimbil atuh Neng, tilu neng jaba istri sadaya." "euleuh..meni rajin akang mah." "hehehehe...sok atuh turutan rajinna..." Sabot keur guntreng ngbrol....Allohu Akbar..Allohu Akbar aya sora nada adzan tina henpon anu dikeukeuweuk ku neng Silvy. Ceklek henpon dipencet..."Assalamu'alaikum...ada apa Pah...? Ohh..Vina dah bangun? ya udah mamah kesana." ceklek henpon dipencet deui. "Aduh..Kang punten Kang sanes kirang sono, itu Neng Vina tos gugah...mangga nya Kang." bari tuluy gura-giru ninggalkeun. "Ohh..muhun atuh...." tembalna bari olohok "Neng......duh poho aing can menta alamatna." gerendengna bari gugupay "hemmmm..rajeun panggih jeung babaturan asa meni sakolepat, jigana ngimpi wae cikan ah ka kantin susuganan panggih jeung juragan gemet cs." Tamat
Cag.. Kebo Hideung /Mang Utas ~Tasik

