Ayeuna, urang nu di Indonesia keur "disuguhan" atraksi akrobat politik para 
capres jeung cawapres dina neangan dukungan. Beda jeung di taun 2004, ayeuna 
mah asa harengheng pisan, unggal poe ku TV disuguhan tayangan nu parea-rea 
omong, pacental-cental silih peupeuh.

Lamun parea-rea omong aya eusina mah, nya lumayan lah, da ieu mah walah 
jajauheun, kalahka silih seklekeun,  ti mimiti iklan "indomie" nu dipelesetkeun 
tepi ka salah omongna saurang team sukses Capres, cenah Pampimpin (presiden) 
kudu nu beunghar sabab nu miskin mah engke korupsi. Atuh jadi bahan amunisi 
keur lawanna, nu nyieun kacindekan ulah milih nu miskin sabab engkena bakal 
korupsi ....beu!

Geus puguh iklan nu teu puguh timana asalna, jol-jol aya iklan nu "aneh-aneh" 
ti LSM nu teu jelas asal-usulna, tapi gampang kaharti keur mojokkeun saurang 
capres. Der deui masalah jilbab, cenah poe poe ieu dahareupeun kantor PKS 
ngajeblag spanduk pilih Ibu nagara nu dijilbab. ATuh puguh PKS rada "kahuruan" 
da teu rumasa masang spanduk eta jeung teu mungkin sabab PKS nyalonkeun capres 
nu pamajikanana nu teu dijilbab.

Kuring teu terang, kumaha sih kampanye di nagara batur nu geus demokrasina 
lila? Naha siga di urang ayeuna kitu ...atawa di nagara batur mah leuwih elegan 
jeung rada sopan saeutik? Cik lah nu dipangumbaraan atawa nu kungsi ngumbara di 
nagara deungeun pangdongengkeun didieu .....

Baktosna,
WALUYA


 





  

Kirim email ke