Ah,,, disambung2keun weh.
Kumaha amun penulisan Combro teh lain pedah urang deungeun?
Tapi emang ku urang sunda oge?

cik ah, faktana kudu aya pendapat ti ahli combro. heuheuheu...

-Bohay-

2009/5/30 ua duq <[email protected]>

>
>
> haha
> kieu hubunganna mah, ieu pakta-paktana (mun kuring salah mah benerkeun we):
>
> 1. kadaharan tina goreng parud sampeu nu dieusi ku (sambel) oncom teh asli
> sunda
> 2. penulisan nu bener ti dahareun nu eta teh comro lain combro
> 3. di bandung lolobana kadaharan eta geus ditulis combro
> 4. penulisan combro keur dahareun eta ukur dimaklum keur urang deungeun ti
> luar sunda
> 5. kiwari bandung teh puserna sunda
>
> tina pakta pakta eta bisa dijieun cicindekan:
>
> 1. urang bandung, nu jualan comro (lolobana) geus lain urang sunda. padahal
> comro teh kadaharan asli sunda, sahenteuna ditingali tina ngaranna.
> 2. di mana aya urang sunda, nu urang bandung, nu jualan comro make merek
> 'combro'. eta teh bisa jadi tangara yen manehna nu urang sunda tea, nu
> kuduna apal kana filosopi (huahahahah) comro, nepi ka eleh ku urang
> deungeun, teu sanggup, embung, sieun nuliskeun 'comro' pedah cek urang
> deungeun kadaharan nu eta teh ngaranna 'combro'. perkara sieunna mah duka
> tah sieun kunaon, teuing sieun ku peupeuleukeuk teuing sieun ke euweuh nu
> meuli.
>
> ditingali ti eta dua cicindekan, bisa teu kuring nyebut harti SUNDA teh
> ELEH(an)!?
>
> haha
>
>
> 2009/5/30 Reka "Bohay" <[email protected]>
>
>>
>>
>> Naon hubunganna combro jeung eleh???
>>
>>
>> -Bohay-
>>
>> 2009/5/30 ua duq <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> tah tah... naha bisa hal ieu, nu kajadian di bandung teh dipake keur
>>> nambahan bukti yen SUNDA teh hartina ELEH?
>>>
>>> 2009/5/30 Reka "Bohay" <[email protected]>
>>>
>>>>
>>>>
>>>> Tapi da kang, pelafalanna mah di Bandung lolobana nyebut "combro",
>>>> penulisan oge lolobana di Bandung mah "Combro".
>>>>
>>>> -Bohay-
>>>>
>>>> 2009/5/30 ua duq <[email protected]>
>>>>
>>>>
>>>>>
>>>>> najan 'bangga', reueus, kadaharan kabeuki uing geus ngalanglang jagat,
>>>>> keukeuh masih keneh medenghel. kadaharan tina goreng parud sampeu nu di
>>>>> jerona aya (sambel) oncom ieu masih keneh rea nu salah nulis ngaranna. 
>>>>> COMRO
>>>>> teh pan pondokna tin onCOM di jeRO, tah di loka nytime.com mah kalahka
>>>>> ditulis COMBRO. tah ieu gambarna:
>>>>>
>>>>>
>>>>> http://www.nytimes.com/imagepages/2009/05/27/dining/27festival.2.ready.html
>>>>>
>>>>> --
>>>>> d-: dudi herlianto :-q
>>>>> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
>>>>> uaduq.co.cc
>>>>>
>>>> ,___
>>>>
>>>
>>>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
> uaduq.co.cc
>  
>

Kirim email ke