aanalisaan deui ah
kieu ki, nu kabayang ku kuring, jalma nu kadua nu (meureun) labuh tina
jandela lante hiji tea teh sabenerna mah jalma ahli teater. nu beuki tuturut
munding tea. kabeneran manehna teh keur ulin di eta gedong, nepungan
sobatna. ngan karek ge jog anjog ka buruan gedong lapor ka satpam bari
ningalikeun poto dina katepehna ge acan, kaburu nenjo jalma kahiji tea. atuh
naluri kateateranna modonghool saharita, rikat lumpat ka jero gedong, teu
nolih ka satpan nu gogorowokan menta katepeh, seja nurutan jalma kahiji.
ngan abong ahli drama, lain nyiar lift keur naek ka tingkat punclut, ieu mah
karah naek kana jandela hareupeun neng geulis purah resepsionis.

naha kuring ngabayangkeun jalma kadua ahli teater? naon sababna? hehe... eta
we geura awong-awonganna teh sapanjang/meh sarua panjangna jeung jalma
kahiji nu ragrag ti punclut gedong tingkat 20. geus kacatur pan ahli drama
mah, mun nurutan munding teh lain, tara, arang di sawah, bari tara ieuh
ngumaha satekah polah sangkan manehna ge jadi munding. paling paling
maranehna mah nyieun topeng rupa munding terus mentas dina sasawahan luhur
panggung, nu tara bau leutak tara kateupaan panas panon poe.

leres teu ki?

haha

2009/6/1 Ki Leuksa Sunda <[email protected]>

>
>
> Jawaban Tarucing tea :
>
> Tah ayeuna Aki rek ngebrehkeun jawabanana (anu subjektif tea, pamanggih nu
> boga tarucing).
>
> Jalma anu kahiji, "Aaaaaaaaaaaaaaaaaa aaaaaaaaaaaaaaaa aaaaw..!! " Blug.
> Ragrag ti lante anu luhur (mungkin, 11, 13, 16, atawa 20). Memeh ninggang
> lemah aya waktu sababaraha detik keur ngagorowok panjang, barang nepi kana
> lemah dipungkas ku sora "Blug.." teu nyoara deui da tuluy almarhum atawa
> kapiuhan (pingsan).
>
> Jalma anu kadua, Blug "Aaaaaaaaaaaaaaaaw. ..." ieu mah ragragna handap,
> mungkin tina jandela lante dasar. Kulantaran handap, euweuh waktu keur
> ngagorowok da nepi manten kana lemah. Jadi nu pangheulana kadenge teh sora
> "Blug..", tangtu karasa nyeri terus ngagorowok bari nguliat nyekelan
> cangkeng.
>
> Jadi, analisana ngagunakeun matematika pikeun ngukur waktu jeung gerak anu
> ragrag, tambah ku elmu biologi, sangkan bisa neguh kaayaan anu jasadna
> ruksak gara-gara ragrag, sarta ditambah deui ku filsafat "meureun".
>
> Tah kitu, hahahahahahaha. .... (Wartosan baraya )
>
> Wasalam
> Ki Leuksa**
>
> * *
>
>
>
> --- Pada *Sab, 30/5/09, Ki Leuksa Sunda <[email protected]>* menulis:
>
>
> Dari: Ki Leuksa Sunda <[email protected]>
> Topik: Re: [Urang Sunda] Sono uing ka kusnet
> Kepada: [email protected]
> Tanggal: Sabtu, 30 Mei, 2009, 12:15 AM
>
>  Nuhun kana waleranana anu pondok montok. Ngan hanjakal can keuna.
> Ke sabar nya? moal waka dipeunteun, ngantos heula waleran tinu sejen.
> Kade, ieu mah tarucing, lain sual IPS, hehehehe...
> Tapi ketang, bisa dianalisa ku elmu statistik, matematik, logika, biologi,
> jeung elmu meureun..hahahahaha ha
>
> Mangga,wilujeng mikir.
> Wassalam Ki Leuksa
>
> --- Pada *Kam, 28/5/09, Reka "Bohay" <rekabo...@gmail. com>* menulis:
>
>
> Dari: Reka "Bohay" <rekabo...@gmail. com>
> Topik: Re: [Urang Sunda] Sono uing ka kusnet
> Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
> Tanggal: Kamis, 28 Mei, 2009, 1:53 PM
>
>  Nu kahiji mah anu labuh
> nu kadua mah katinggang kunu kahiji. :D
>
> -Bohay-
>
> 2009/5/28 Ki Leuksa Sunda <ki_leu...@yahoo. co.id>
>
>>
>>
>>
>>
>>
>
> ------------------------------
>
>
>
> ------------------------------
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke