>  H Surtiwa <surt...@...> wrote:
> Boediono janten korban neozep eh neo lib tea..bener ceuk Putu 
> ngigel dinayagaan ku pasaingna. Ktu deui Bu Ani jeung Bu 
> Boediono..buru2 make
> kurudung...malah lain dipuji..dianggap molitikkeun kurudung. teu 
> make
> kurudung salah make kurudung leuwih salah keur maranehanna 
> mah.....Mangkana
> pulitik teh... nya kitu tah praktekna sagala cara......

Aya Aki-aki jeung incuna nu rumaja nuntun kuda Kalde di jalan, kacirina mah rek 
ngajugjug tempat nu jauh, da mawa gembolan sagala rupa. Nu narempokeun parada 
ngomong: "Eta jalma ku belegug-belegug teuing, kalde kalahka dituntun-tuntun, 
kuduna mah ditumpakan"

Kadengeueun ku si Aki, nya nitah incuna tumpak kalde bari kaldena dituntun ku 
si Aki. Di Jalan nu diliwatan jalma-jalma ngaromong: " Ku teu kira-kira nya eta 
jalma, budak ngora malah anjeuncleu tumpak kalde, ari eta jalma nu geus kolot 
malah leumpang"

Kadengeeun ku si Aki, manehna nitah incuna turun tina kalde, diganti ku 
manehna, incuna ayeuna nu nuntun kalde. Jung deui indit ka tempat nu dijugjug. 
Nu narempo reang ngaromongkeun: "Teu kira-kira eta mah batur, moal enya manehna 
anjeucleu tumpak kalde, ari kaldena dititah dituntun ku budak?"

Sora nu ngaromongkeun akhirna kareungeu oge ku si Aki. Gancangan si Aki nitah 
incuna naek oge jadi numpak kalde. Kalde ayeuna ditumpakan ku duaan. Tapi teu 
wudu, pada narempokeun bari terus ngaromong nyalahkeun: "Na teu kira-kira 
teuing nya, kalde bet ditumpakan ku duaan, beurateun atuh, kalde mah lain kuda, 
sato leutik!"

Cik kudu kumaha tah Si Aki?

Baktosna,
WALUYA


  






  

Kirim email ke