Ba’da Magrib rengse wiridan, aya nu ngentrokan panto, aya Mang Hasan (Dr.
Hasan) masihkeun ondangan ti Ceu Titi Ajip Rosidi, acara nyerahkeun hadiah
Rancage ping 10 Juni tabuh 2 siang dugi ka jam 5 sonten, di Auditorium Erasmus
Huis, Kuningan Jakarta Selatan. Acarana salian ti masrahkeun hadiah Rancage,
oge aya diskusi “Peran Bahasa Ibu di masa lalu dan masa kini”, anu bade
biantara nyaeta Dr. Dick van der Meij (dosen UIN Syarif Hidayatullah Jakarta)
sareng Prof.Dr. Chaedar Alwasilah, MA (ti UPI Bandung), dimoderatoran ku Mang
Ajip Rosidi nyalira.
Kantos ngobrol via telepon jeung Ceu Titi Ajip, acara Rancage taun 2009
diayakeun di UI, meungpeung Rektorna teureuh Tasik, tapi cenah tos ngiket
jangji sareng pihak pangurus di Erasmus Huis, Pusat Kabudayaan Walanda. Tos
sering Rancage diayakeun di sababaraha paguron luhur di Pulo Jawa. Hiji tren
anyar pikeun Rancage, ngayakeun acarana di pusat Kabudayaan bangsa deungeun.
Salian ti ngabagi-bagi hadiah, sakantenan ngawanohkeun kasenian Sunda. Jigana
wae teu leupas ti peran Pa Erry Riyana Hardjapamekas, salaku Ketua Dewan
Pengurus Rancage, anu dikenal ku komunitas urang asing di Indonesia salah
sahiji tokoh LSM anu merjuangkeun “good Governance”. Kantos paampriik jonghok,
waktos UI ngadegkeun Pusat Studi Korupsi kerjasama sareng CSIS Washington.
baktos,
mrachmatrawyani