Ngareungeukeun lagu-lagu terebang, kecap "NADOM" sababaraha kali kareungeu malah aya nu dipake judul lagu. Cik naon ari hartina NADOM/ NADOMAN, rumasa kuring mah teu ngalaman jadi santri alias teu kungsi masantren ...hehehe. Nanyakeun ka babaturan di kantor, nu kira-kira boga kasang tukang pasantren, ngajawabna teh teu pararuguh wae. Aya nu nyebutkeun cenah sarua jeung Kidung, aya deui nu nyebutkeun babacaan antara Adzan jeung Qomat. Aya oge nu sarua ngahuleng teu ngarti ....
Sugan aya baraya anu terang? Baktosna, WALUYA

