muhun. Bieu, eh tadi, sekretaris kantor kuring ditelpon ku ibuna.
Iberna, helikopter anu ditumpakan ku lanceukna ragrag di Atang Sandjaya, cenah.
Langsung manehna ka lokasi. Can terang, naha nu mana lanceukna teh.

Nyungkeun du'ana.

Baktos
Tantan

2009/6/12 Roro Rohmah <roro.roh...@sidola.com>:
>
>
> Innalillahi wa inna ilaihi rojiun...
> Duh, ni kacida teuing, musibah kapal militer murag teh mani naratay...
> Ana kieu mah bakal tumpur prajurit-prajurit nu kahotna, kari nu butitina we
> meureun...
> Mun aya bancang pakewuh ngalawan musuh tea mah geus pasti bakal pieleheun.
> Ka para pamingpin nu ku sim kuring dipikahormat, timanan duit diawur-awur
> (pilkada/nyaleg/pilpres) ning meuli pesawat/alutsista TNI dibebener geura
> (eh, punten jiga nu heueuh we nya?! lain nanaon bakat ku handeueul kuring
> mah!)
> Jaba teu karunya loba barudak nu jadi yatim atawa nu yatim piatu pisan...?
>
> ro2
>
>>>> waluya2...@yahoo.co.id 06/12/09 03:23PM >>>
> Kakara ge sababarha poe katukang helikopter TNI-AD ragrag di Cianjur, ayeuna
> giliran helikopter TNI AU ragrag di Bogor. Wah kumaha ieu teh, kapal tantara
> bet maruragan kitu, padahal euweuh perang?
> 



-- 
tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan
Kebahagiaan I Bogor

Kirim email ke