Naaa atuh.. ku beurat-beurat teuing patarosan teh..? :-) Sami meureun sareng patarosan mimiti iraha US ngadopsi kecap 'jatoh' ?
Sigana US sasalaman siga kitu tisaprak talapakna kasap balas macul di huma...era mun paantel talapak leungeun, sacara awewe nu talapakna kasap rada nurunkeun pasaran.. Pasaranna jatoh. :-). <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/140771;_ylc=X3oDMTJzcjY1dm 01BF9TAzk3MzU5NzE1BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzE0MD c3MQRzZWMDZG1zZwRzbGsDdm1zZwRzdGltZQMxMjQ0ODExMjE1> Salam cara Sunda kawentar sa-Nusantara? Posted by: "Dian Tresna Nugraha" <mailto:[email protected]?subject=%20re%3asalam%20cara%20sunda%20kawent ar%20sa-Nusantara%3F> [email protected] <http://profiles.yahoo.com/diantn> diantn Fri Jun 12, 2009 3:59 am (PDT) Mendak seratan dina arsip milis rantaunet. Cenah urang Awak sareng Batak narurutan sasalaman cara urang Sunda.. Tapi ditalurutanana soteh lantaran katembong langkung Islami pikeun sasalaman sareng nu sanes mahram. Punten ieu mah SANES bade ngabahas perkawis sasalaman sareng sanes mahram, NANGING hoyong naros dupi baraya aya nu apal, ti iraha urang Sunda sasalaman siga kitu teh? Baktos, Dian.

