Assalamualaikum
Bagea Baraya urang sunda sadunya.

Nimbrung.
Naon anu ku Kang Oman di guar teh leres pisan kajantenanana. Simkuring oge TKI 
, tos tujuh tahun. Tapi perlakuan anu terjadi ka TKW/TKI anu nono formal anu 
damelna di majikan di Imah si Arab jahil anu terjadi sarupa kitu teh. Aya oge 
anu kenging rahmat ti Allah, sabagian alit para TKW teh sok di percanten pisan 
ku dunungananna. Ka mana2 pelesir sok di candak, di haji ken malah aya anu di 
tikah.

Tapi seseerna mah carita sedih.
Urang arab teh terutama pendatang ka nagara GCC (Arab Saudi, Qatar Bahrain, 
Kwait, UAE, Oman) teruama ti mesir, sok memperlakuken Kadamah (TKW) samena2. 
Seeur kasusna sehingga TKW kalabur ka kedubes. Di Doha tos pinuh ku TKW anu 
sagala kasus anu kabur. untung kaburna ka Kedubes. Lamun kabur kalunta2 terus 
ditambung ku urang india atanapi Nepal cilaka badag ieu mah. TSabab para tKW 
anu kalunta2 ieu ku du bangsa ieu sok dijadikeun palampisan hawa napsu sex, 
sampai kajadian aya anu di bunuh. Karunya pisan.

Sim kuring sok sareng ti jkt sareng TKW munggaran, tujuan  nagri anu bae, engke 
di jemput di airport. Di taros teu tiasa bahasa arab, nyepeng tiket oge kakara, 
. Pas dugi teh di imigrasi oge bingung maranehna teh , kudu kumaha. Tos lolos 
imigrasi nagara anu di tuju, maranehna bingung deui kudu kumaha supaya bisa 
manggihan anu ngajemput. Kadang2 sapoe jemput tah di bandara bari teu menang 
kadaharan . kumaha atuh da teu tiasa komunikasi. 

Pokokna PJTKI teh ngan saukur neangan untung wungkul tanpa nibang resiko para 
TKW. 

Jeng ti rerencangan gawe teh lalaporan cenah pembantu maranehna sok ngalakukeun 
Magic. Simkuring teh isin pisan tah. Maklum meureun eta TKW teh sok tatanya ka 
Dukun, terus di bere isim . nya ka panggih ku dunungan, terus sok di balikeun 
ka indo.

Aya anu dugi ka maotna atanapi cacad fisik ku di siksa. 
eiu mah imfo singkat ka aayaan TKW di Nagara Teluk.

Mudah2 an Ibu siti hajar kenging rahmat ti Allah. Abdi oge urang garut.
Seer pisan TKW ti Garut sareng ti Cianjur teh gening.

Wassalam.
Solihat

Facebook: solihat sari cobek



________________________________
From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Friday, June 12, 2009 12:01:45 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Siti Hajar urang Garut...aya LSM TKI





Seratan ti Kang Oman, memang kedah kitu pisan, dibaladah sacara sistemik tapi 
oge solusina dibejerbeaskeun prak-prakanana. Tiasa janten hiji proposal, 
diajukeun ka para capres anu rek jadi presiden.

Kamari ngobrol sareng pun bojo, hiji mangsa mah cenah pun bojo teh kadongkapan 
saurang bapa-bapa ti hiji LSM hususon nguruskeun anu aya pakaitna sareng 
TKI/TKW di nagri deungeun. Eta LSM teh tugasna masihan sosialisasi sagala 
perkara ka para TKI anu aya di nagri deungeun. Ceuk bapa eta teh, cenah seueur 
dana ti pausahaan anu ngabeayaan LSM eta pikeun ngajelaskeun perkara anu aya 
pakaitna jeung TKI. Ngan eta LSM teh kawalahan, kakirangan SDM pikeun 
ngokolakeun urusan ka TKI an. Ti pihak instansi pamarentah sareng swasta 
responna luar biasa positif ngabantos kagiatan LSM eta. LSM eta teh sok sering 
ngayakeun penyuluhan kanggo TKI di Hongkong, Taiwan, Korea, jrrd.
Ieu teh hiji kasempetan, sing saha wae anu rek jadi relawan dina urusan TKI, 
ari perkara imbalan mah, langkung ti cekap cenah.

baktos,

mrachmatrawyani

--- On Fri, 6/12/09, oman abdurahman <omana...@gmail. com> wrote:


From: oman abdurahman <omana...@gmail. com>
Subject: [Urang Sunda] Siti Hajar urang Garut
To: kisu...@yahoogroups .com
Cc: "urang sunda" <urangsu...@yahoogro ups.com>, ta...@yahoogroups. com
Date: Friday, June 12, 2009, 2:16 PM


Baraya,

Poe kamari Siti Hajar, TKW asal Garut anu keur nandangan sangsara di 
pangumbaraan, nagara tatangga, Malayasia tea, ditelepon ku Presiden. 
Pasoalanana, tangtu geus loba nu apal. Lain Presiden caper alias cari 
perhatian, tapi, memang geus rezekina Siti Hajar wae, meunang panyombo lain ti 
jalma samanea di Indonesia, tapi ti pimpinan pamarentahan pangluhurna: Presiden 
Indonesia danget ieu. "Sing sabar wae nya, siti Hajar....jst" . Kurang leuwih 
kitu diantara potongan kalimah pangbeberah ka Siti Hajar ti Presiden. Atuh Siti 
Hajar alhamdulillah atoh bari ingsreuk-ingsreukan oge. Sahenteuna, ditelepon ku 
pa Presiden anu dipikaresep, utamana ku ibu-ibu (ceuk cenah).

Inget kana kasus Siti Hajar Garut, jadi inget oge ka Siti Hajar isterina Nabi 
Ibrahim. Sarua nandangan sangsara, ngan bedana oge gede. Ari Siti Hajar ibuna 
Nabi Ismail mah sangsara teh jadi hiji cara ibadah, nyaeta kasabaran nalika 
dikantun ku caroge, bulak-balik antara Sofa jeung Marwa neangan cai, jeung 
kasabaran nalika Isma'il dibawa ka tempat pameuncitan keur korban (anu teu jadi 
tea da digantian ku "dzhibhim kadzim" alias peupeuncitan anu badag, kitu ceuk 
Al Qur'an). Sangsara Siti Hajar anu ti Mekkah mah sangsara keur syarat jadi 
isteri tuladan sadunya, syarat keur lahirna hiji manasik (tatacara ibadah), 
tangtu kasangsaraanana oge bisa jadi disyukuran pisan. 

Anapon kasangsaraan Siti Hajar anu ti Garut mah meh sakabeh bangsa urang 
manghanjakalkeun, manglebarkeun, jeung papada nganaha-naha: Naha bisa nepi ka 
kitu (diseblok ku Cipanas ku juraganana, gajihna teu dipasrahkeun samemeh 
diurus ku Pamarentah mah, jst? Dimana fungsi Pamarentah samemehna? Memang aya 
hal anu pantes jadi diconto (hartina bisa jadi ibadah oge) dina kasus Siti 
Hajar Garut oge, upamana wae: kasabaran nalika nandangan nyanghareupan 
kahirupan anu peurih. Tapi, ari diseblo ku cai panas atawa teu mayar gajih 
karyawan atawa badega mah lain hiji cara ibadah atawa turutaneun.
 




      

Kirim email ke