Kapan cenah Pa SBY pernah murka, pedah ceuk urang Malaysia teu kudu sieun cenah
perang jeung Indon mah, teu kudu ditembak ge kapalna ragrag ku maneh. Leres nu
lebar mah eta SDM na korbanna teh kapan bibit unggul wungkul, ngadidikna butuh
waktu jeung dana
roro_rohmah wrote:
> Ngiring ngadongeng ah…
> Siap! Lian ti tangtara, kecap ieu sok dipake ku Pulisi, Satpam, Menwa,
> Mahasiswa IPDN, AIP, AKIP, srrd nu aya pakuat pakaitna jeung masalah disiplin
> militer. Siap! Kudu siap sagala rupa kaasup kana paeh, nya kudu siap. Matak
> sok aya papan ngajeblag di unggal tempat latihan militer nu unina"Ragu-ragu
> lebih baik kembali", nya mun kuring mah ning balik deui da sieun paeh mah…
> heheh.
> Basa kajadian pesawat Hercules di Magetan tea, kabeneran muragna teh deukeut
> pisan kantor adi kuring. Samemeh aya iberna dina tv, manehna ngaSMS tiheula
> isuk-isuk yen aya pesawat Hercules murag, korbanna loba pisan. Kuring bati
> olohok we, da asa cikeneh aya kapal murag di Husen neumbrag hanggar PT DI.
> Saacan beres mah, sababaraha poe manehna balik peuting-balik peuting wae ka
> imah, da milu ancrub nga-evakuasi nu cilaka. Mangkaningan boga orok karek 6
> bulan, nu masih keneh kudu disusuan. Basa ngalahirkeun alo kuring eta,
> kabeneran di rumkit Lanud Iswahyudi-Madiun. Harita kuring mah teu nungkulan,
> da jauh di Bandung ngan bisa ngadu'a we sing salamet lungsur-langsar brol ka
> alam dunya.
> Tina dongengna mani hariweusweus, basa rek ditudel beuteungna (operasi
> caesar) kabeneran aya sababaraha penerbang nu rek check-up kesehatan samemeh
> ngapung, nya manehna dipangku ku sababaraha urang penerbang asup ka rohangan
> operasi. Bakat ku reueus, beres ngalahirkeun, manehna omat-omatan ka anakna
> nu cikal, mun geus gede kudu jadi penerbang. Tong boro manehna, kuring ge
> resep pisan ningali penerbang teh... jiga dongeng Tom Cruise tea ningan… Top
> Gun.
> Salila ngaevakuasi korban, loba pisan nu babantu jeung nu naringali ka eta
> wewengkon, kaasup para penerbang. Tina dongeng maranehna kadenge, yen jadi
> penerbang teh lain pagawean leutik-leutik, komo ningali kaayaan pesawat nu
> bakal diapungkeun teh pesawat kolot. Mun rek sakalieun ngapung, maranehna sok
> nyetel radio satarikna da bakat ku setres, sieun paeh. Nya pantes kitunamah,
> kuring maca dina Kompas kaayaan pesawat militer di nagara urang ibarat tamela
> hiber (peti mayat terbang). Rek teu setres kumaha? tanggung jawabna loba,
> salian ti diri pilot sorangan, diri batur jeung pesawat nu geus barutut boga
> nagara.
> "Jadi kumaha? Barudak angger rek sina jadi pilot wae? Teu sieun paeh?"ceuk
> kuring nanya.
> "Ah, paeh mah dimana we, kumaha nasib ti Gusti Alloh we... Keur sare ge bisa
> paeh mah. Buktina eta nu keur sasapu, ujug-ujug katinggang ku pesawat. Paeh
> jadi penerbang mah, gaya-gaya atuh..." ceuk manehna keukeuh.
> Mudah-mudahan ti semet pesawat nu kamari ragrag di Bogor, pamarentah jadi
> leuwih…leuwih… leuwih… bener-bener merhatikeun pisan kana kaayaan pesawat
> militer. Lebar temen para prajurit nu geus hese beleke disaring tur
> disakolakeun kudu paeh ngora-ngora "dibaruang" ku pesawat sorangan. Salian
> eta, meh para penerbang reugreug salila ngapungkeun pesawat teu loba mikiran…
> sahaeun ayeuna?
> ro2
> --- In urangsu...@yahoogro ups.com , MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ ...>
> wrote:
>>
>> Jigana memang lamun jadi tangtara teh, ibarat setor nyawa, atawa nyawa anu
>> jadi tandonna. Teu di jaman perang teu di jaman aman (khususon kasus di
>> Indonesia).
>> Ieu aya pangalaman rerencangan kuring, naek kapal udara tangtara.
>>
>> Ieu kajadian teh taun 2006.Hiji mangsa batur kuring ngiluan naek kapal udara
>> hercules ti Surabaya ka Jakarta, jadi seminar hiji acara anu diayakeun ku
>> instansi tangtara. Tadina rek kana kapal komersial, tapi telat, terus
>> ditawaran ku babaturanana naek Hercules. Kusabab dina kapal eta teh aya
>> tangtara anu pangkatna bintang (perwira tinggi), atuh rada reugreug oge. Di
>> perjalanan teh gawena gogonjakan jeung tangtaraanu diuk di sagigireunana
>> Di satengahing perjalanan, ti luhur aya nu nyangclakan ka handap. Beuki
>> lila beuki kerep nyakclakanan Ari disidik-sidik sihoreng teh oli.Beu!
>> geuning pesawat teh olina bocor. Ti harita, jep wae teu wani gogonjakan
>> deui, tapi kumat-kamit ngadu'a nepi ka turun di Halim.
>> Ti harita, batur kuring kapok embungeun naek pesawat tangtara.
>>
>> Baktos,
>
Yahoo! Mail Sekarang Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya!
http://id.mail.yahoo.com