nuhun bah iwa, ieu mah patarosan teh leupas tina masalah vaksinasi
meningitis. kuring jigana mabok ku carita dongeng (asana mah sababara kali
kuring nulis ieu dongeng di dieu teh, bakating ku resep we) ngeunaan
salasaurang calon haji. cek ujaring eta carita, aya hiji jalma nu rek indit
naek haji. manehna geus nyiapkeun kabeh biaya keur indit nedunan ondangan nu
maha suci eta, ngan teu lila saacan manehna indit ka mekah didatangan ku
tatanggana nu ngumaha panulung sabab manehna keur karoroncodan. teuing naon
masalahna mah da kacaturkeun we si calon haji tea bedo indit sabab biayana
ledis dipake nulungan si tatangga. tah basa bulan haji kaliwat si haji bedo
tea kadatangan saurang lalaki dina ngimpi. eta lalaki teh nepikeun beja ka
kang haji bedo yen manehna kaasup kana golongan haji nu mabrur.

sikuring ge alim nyebut, nu disebut ku abah, jalma jegud nu remen zakat,
sedekah, infaq, ngadegkeun masigit, nyeponsoran anak yatim, bari unggal taun
naek haji teh teu alus, sae eta ge. ngan langkung hade, cek kuring mah upama
beya naek haji MINDO jst. nu di urang mah kawilang kacida gedena teh dipake
keur nambahan ibadah-ibadah nu boga sipat hablum minanas leuwih badag eta.

kuring boga pamikiran, tapsiran sejen tina salasahiji sarat utama naek haji,
mampuh tea. tapsir ieu ukur dumasar kana uteuk kuring nu can pernah dipake
diajar rupa-rupa elmu tapsir nu aya, nu geus mapan. tapsiran kuring teh
nyaeta sarat mampuh di dinya henteu wae si jalma nu deuk naek haji teh
mampuh nedunan kabutuh manehna sorangan jeung kulawargana salila nemonan
kahajianna tea, tapi oge eta jalma-jalma nu aya di sabudereun si calon haji
teh oge geus kabeh mampuh nedunan kabutuhan, sahenteuna nu
pangleutik-leutikna. kakara sarat wajibna ibadah haji teh katedunan.

memang upama mikir kitu dina kaayaan model ayeuna jadi mumbul pertanyaan,
iraha atuh bisana urang minuhan rukun islam pamungkas teh? da mun ditingali
masalah-masalah baraya nu kurang teh jigana moal erep satungtung umur.
palebah dieu kuring mah ukur tiasa ngajak, saperti nu kapungkur
digalindengkeun ku bah soma bu erum sabalad-balad 'inohong di bojong
rangkong', hayu urang nyeungseurikeun diri, naliti nastiti, nyarita balaka
ngarampa ceda nu aya! hayu urang nyagap hate.

duq!
ketua gerakan NAEK HAJI SATU PUTARAN SAJA! :D

2009/6/15 H Surtiwa <[email protected]>

>
>
> Teu anu sapamedegan jeung anu kieu mah atuh..pasti hade. tangtosna anu
> kedah dihanjakalkeun teh au teu zakat anu teu sadekah anu teu inapak tapi
> terus2an rutin naek haji atawa umrah rutin unggal taun. Tah didieu kudu
> disaimbangkeun (eta oge mun maranehna daekkeun). Tapi sok aya oge jelema
> jegud anu rutin zakat, sedekah (malah anggota sababaraha grup sosial) ,
> inpaq, ngadirikeun masjid, sponsor bea siswa Anak yatim islam..tapi kahajina
> oge rutin unggal taun....Tapi mun arek ka Mekah (rek dagang atawa rek umrah
> atawa rek naek haji atawa rek naek haji deui)...meningan divaksnasi
> meningitis..kumargi digurun..eta bakteri menigitis teh subur kembang
> biakna.......
>
>
> On 6/15/09, ua duq <[email protected]> wrote:
>>
>>
>>
>> bah, hoyong naros dorongan naon nu panggedena hoyong ka mekkah deui teh?
>> abdi mah sok nganggap ibadah haji teh kaasup kana ibadah (punten) 'onani',
>> asa leuwih hade ongkos ka haji nu mindo nilu ngopat ngalima jst di alihkeun
>> kana ibadah nu leuwih gede sipat sosialna misalna jakat, inpak jeung
>> sodakoh. nuhun...
>>
>> 2009/6/15 H Surtiwa <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> Tah ummat Islam diuji deui ku siga tatarucingan yeuh...hese pisan..ah anu
>>> bade rudet mangga anu henteu wae mangga..ngan mun abdi bade ka mekah deui
>>> pasti bakal divaksinasi maeningitis...bahaya na nyata..usaha hirup keur
>>> ngalarapkeun ibadah Islam. Ari saupami "saleresna" eta vaksin haram..anu can
>>> tangtos da seueur  teuing fatwa...nya eta mah dihadepan wae sebagey resiko
>>> nganut Islam jeung Gusti Allah....
>>>
>>> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke