Tipayun, sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka nu gaduh milis urangsunda
jalaran parantos ngawidian sim kuring pikeun janten anggota milis ieu.
Nepangkeun, nami Wawan Setiawan Kusmayadi. lembur sim kuring di Sumedang,
wewengkon desa Cibitung kecamatan Buahdua. Nanging ayeuna sim kuring nuju
ngumbara di Pekanbaru.
Nu namina di pangumbaraan, tangtos wae emut ka lembur. nya tanah sunda pisan.
sim kuring sok milarian seratan-seratan basa sunda ngeunaan sajarah,
kabudayaan, tur sagala rupi hal ngeunaan urang sunda. Sim kuring ngaraos kacida
bingahna sabab tiasa mendakan milis urang sunda di internet, anu mudah-mudahan
tiasa ngaping sim kuring sangkan langkung mikawanoh tur mikacinta ka tatar
sunda.
Mugia ngalangkungan milis ieu sim kuring tiasa tepang sareng baraya-baraya sim
kuring nu kantos papendak di alam nyata, supados tiasa langkung ngaraketkeun
duduluran. Oge teu hilap ka kadang wargi nu tacan uninga, sing janten baraya
boh di alam maya oge di alam nyata.
Sakitu nu kapihatur.
baktosna,
Wawan.
___________________________________________________________________________
Nama baru untuk Anda!
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail.
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/