Tukang Bajigur jeung Pulitik

Keur ngariung beuleum peda, siKulup budak mang Juha anu panggedena nanya ka 
emana.
"Ma ari engke waktu pemilihan persiden nek milih saha?" pokna bari nyocolkeun 
sangu kahulu peda, belewek dihuapkeun. Ditanya kitu emana rungah ringeuh kawas 
bingung pijawabeun.
"Heueuh Kulup, ema teh bingung can boga piliheun mangkaning poean nyontreng 
geus nyerelek wae!" ceuk emana, leungeuna pipilueun nyocol beuleum peda anu 
hargana beuki dieu teh beuki nerekel bae.
"Teu kudu bingung atuh Ma, tilu tiluna pan geus nawarkeun programna, nu kahiji 
ekonomi kara'yatan, anu kadua geuning lebih cepat lebih baik, anu katilu nitah 
lanjutkeun tinu geus aya, prak ku ema pilih mana nu cocog jeung hate!"
"Heueuh Kulup, ema ge ngarti tapi geus sababaraha kali milih persiden angger we 
hirup teh teu menyat bae, padahal asa kumaha ceuk paribasa hulu dijieun suku, 
suku dijieun hulu sangkan bisa ngigelan jaman, geura tingali dampal leungeun 
ema nepika sasanggaleun balas kuli ngarambet, kitu deui taktak bapa maneh 
nepika ledeh balas nanggung bajigur!"
"Tong ngarasula kitu atuh Ma, meureun nasib urang can nepi kadinya, can nepika 
sugih jiga batur!"
"Heueuh Kulup, padahal tibaheula nu ngarana ekonomi kara'yatan teh ku bapa 
maneh geus dijalankeun, timimiti jadi bandar gula tug nepi kaayeuna jadi tukang 
bajigur, kitu deui ema mun suwung buburuh ngarambet sok rajeun nyieunan kampret 
anu dibere lebel "Juha Collections" tah eta buktina ngagalakeun produk negri 
sorangan, da puguh barang impor mah teu kauntup hargana!"
"Mun kitu mah boa kudu dirobah strategi bisnisna Ma, sangkan hasilna mucekil!"
"Maksud maneh,  ngajual bajigurna montong ditatanggung kitu, dirobah jadi 
bajigur instan dibungkus terus dipasarkeun ka tiap supermaket, kitu deui bisnis 
kampret  surampret kudu diekspor ka uni eropah cena bersaing dipasar global, 
kudu kitu nya Kulup?"
"Enya meureun kudu kitu Ma, tapi Ma ari nu kitu teh lain neolib tea?!"
"Nyao...kami mah teu ngalarti, lieur Kulup nek milih persiden ge kudu apal 
heula naon nu disebut neolib, ekonomi kara'yatan, kedaulatan pangan jeung 
istilah sejena, mikiran harga peda ge kami mah geus giung deuleu!"
"Tapi Ma, najan kitu, tetep dina waktuna mah kudu milih salah sahiji capres 
lin?"
"Nya puguh atuh, keun masalah piliheun mah kumaha bapa maneh bae, ceuk bapa 
maneh kudu pilih no.1 no.2 atawa no.3 ema nek nurutkeun!"
"Tapi Ma, ditanggungan bajigur bapa, aya tulisan kieu: Ekonomi kera'yatan,Lebih 
Cepat Lebih Baik, Lanjutkan! naha bapa oge bingung nek milih nu mana!"
"Tong suudon Kulup, maksud bapa maneh mah meureun kieu, dagang bajigur teh keur 
ngajalankeun ekonomi kara'yatan, atuh lebih cepat lebih bagus,hartina mun tereh 
beak leuwih alus da meh tereh balik, najan ayeuna geus wanci sareupna ge can 
emol-emol, heueuh da jualan mah kadang beak kadang henteu, gumantung pisan ka 
nasib!"
"Tah ari hartina Lanjutkan, Ma?"
"Dasar nasib meureun Kulup, hartina sauumur bapa maneh kudu jadi tukang bajigur 
bae, tukang bajigur forever!"
"Boa bakal diwariskeun ka uing, nya Ma?"
"Wayahna Kulup sing sadrah, uyah mah tara tees kaluhur, teng manuk teng anak 
merak kukuncungan, bapana tukang bajigur, piraku anakna kudu nganggur!"
syam ridwan [ bilih peryogi buku humor keom sakedap 1&2 mangga pilari di toko 
buku books city anu pangcaketna]



Kirim email ke