Kuring oge teu apal ari cara-cara pengangkatan anggota MUI teh, da kuring oge 
lain anggota MUI.  Ngan kuring sakapeung berinteraksi jeung MUI.  Kabeneran 
kuring gawe di hiji pausahaan makanan nu geus meunang sertifikat halal ti MUI.  
Lamun ku kuring dibandingkeun antara ngurus ka Depkes (ngurus MD) jeung ngurus 
sertifikat halal, ngurus sertifikat halal leuwih murah jeung gampang batan 
ngurus MD tur teu pabeulit.

Kuring kataji ku komitmen auditor ti LPPOM MUI, lamun aya bahan nu teu jelas 
asal-usulna MUI teu buru-buru memvonis/release tepi ka eta bahan teh jelas 
asal-usulna. Komo lamun eta bahan meunang import mah, mun eta bahan euweuh 
sertifikat halal ti nagara asalna, MUI moal bisa ngaluarkeun sertifikat halal 
keur eta produk.. Sertifikat halal dievaluasi satiap 6 bulan. 

Di antara jalma sok aya nu ngomong barang kuring halal da teu ngandung babi, 
khamar, bangke, geutih jrrd.  Tapi saha nu bisa ngajamin eta omongan jelma teh 
bener.  Bisa ogo ngomong can tangtu produk nu geus disertifikasi HALAL ku MUI 
bener-bener halal.  Bisa wae sanggeus disertifikasi halal ku MUI eta produsen 
teh ngalanggar aturan halal, misalna mun keur produk "permen" sok aya nu make 
gelatin, gelatinna diganti ku gelatin babi. Ari gelatin teh bisa tina sapi 
atawa babi.  Gelatin babi hargana jeuh lebih murah batan sapi. Atuh eta mah 
tanggung jawab produsenna wae ka Allah jeung masyarakat, da LPPOM MUI ge lain 
polisi da lembaga Nirlaba ieu mah ukur ngabantu ka para produsen nu hayang 
meunang sertifikat halal.

Memang teu aya lembaga nu bener-bener sempurna.  Tugas urang mah kumaha carana 
sangkan hirup-hurip urang bisa sesuai jeung aturan nu geus ditetapkeun ku Allah 
SWT.  Ari MUI oge nya fungsina ukur mere saran ka Ummat.  Ummat nanya nya 
meureun kudu dijawab ku MUI. Perkara rek dipake jeung henteu na mah nya urusan 
nu nanya, da euweuh paksaan.  Cek MUI ieu barang haram, tuluy ku urang dilebok, 
da moal ditewak ku polisi atawa dipenjara ieuh.  Eta mah kari urusan urang 
jeung Allah.

Pan cek nabi oge beda pendapat mah hikmah.  Lamun urang teu setuju jeung hiji 
pendapat ulama nya kari nanya bae ka ulama sejen. Sukur-sukur atuh mun urang 
geus bisa ijtihad.


      Mencari semua teman di Yahoo! Messenger? Undang teman dari Hotmail, Gmail 
ke Yahoo! Messenger dengan mudah sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke