Ngiring mairan ah*
Sok ngemut, kualitas haji jaman ayeuna mah benten pisan sareng haji jaman 
kapungkur (nu ngajugjug ka Mekah masih keneh nganggo kapal cai). Jaman 
kapungkur mah, mendakan jalmi nu gaduh titel Haji seuseueurna tos yuswaan, 
lungguh timpuh, masagi dina elmuna, biasana sok janten sesepuh & tempat naros 
di hiji lembur.
 
Kadieunakeun, duka pedah jaman ayeunamah sagala ge gampil boh artosna (nu 
gampil mah nya gampil*heheh), boh alat pangjugjugna mangrupi kapal udara, 
fasilitas sagala aya, ditambihan ku acara pangaosan & latihan manasik tos aya 
nu ngaping srrd (saurna eta ge, da tacan kantos). Ayeunamah, seueur nu aranom 
keneh tos jaranten Haji, Subhanallah* Sae kitunamah supados dina prakna salira 
dina kaayaan sehat & jagjag waringkas, syukur-syukur tiasa dugi ka ngaragap 
Hajar Aswad. 
 
Kiwari, ibarat titel Sarjana, kuseueurna jalmi nu munggah haji, aksara H 
atanapi Hj ge tos janten biasa deui, he love nyebat ge teu janten sawios. Tapi 
teu kituna seuseueurna jalmi masih keneh "owel" ku eta titel. Kantos ningali 
aya warung sangu sisi jalan rame pisan ngagoreng* eh, Balakbak eta mah nyaaa* 
heuheu* Aya warung sangu, jiganamah nu gaduhna nembe janten haji, dina 
gorobagna tos diserat "Warung Nasi Slamet (nami samaran)" lolongkrang antawis 
aksara teh kacida rapetna, bakat ku hoyong katingal hajina, keukeuh 
diselepetkeun aksara H nu jangkis alias jangkung ipis bin maksa, janten* 
"Warung Nasi H Slamet". Salian eta, ayeunamah mana-mana istri nu dijilbab, 
pameget nu dikopeah/ ngango topi buleud nyengcle na mastaka dirayu kunu icalan 
barang, disebatna pasti Bu & Pa Haji.
 
Hey Dud*abdi ge sapagodos sareng salira, yen munggah haji cekap sakali. 
Kedahnamah pamarentah ngayakeun peraturan yen munggah haji cekap sakali, 
masihan luang ka calon haji nu nuju ngantosan/wating list. Aya 
paripaos,"Duit-duit kuring*naha milu ngatur?", ih ieu mah mung ngemutan 
wungkul.  Sanaos kagungan artos nu seueur kacida, moal seep ku tujuh turunan 
kanggo nyumponan kanikmatan rohani, langkung afdol dianggo kanggo ngabantos 
wargi urang nu teu mampuh tur katalangsara. Syukur-syukur ngahajikeun batur, 
wios ka abdikeun we hehehe*Aya kahariwang, bilih bisi pulang anting munggah 
haji, margi seueur artos mung saukur dijantenkeun "Wisata Rohani".
 
ro2
hoyong naek haji, eh munggah haji.



On 6/15/09, ua duq <[email protected]> wrote:

memang upama mikir kitu dina kaayaan model ayeuna jadi mumbul pertanyaan, iraha 
atuh bisana urang minuhan rukun islam pamungkas teh? da mun ditingali 
masalah-masalah baraya nu kurang teh jigana moal erep satungtung umur. palebah 
dieu kuring mah ukur tiasa ngajak, saperti nu kapungkur digalindengkeun ku bah 
soma bu erum sabalad-balad 'inohong di bojong rangkong', hayu urang 
nyeungseurikeun diri, naliti nastiti, nyarita balaka ngarampa ceda nu aya! hayu 
urang nyagap hate.

duq! 
ketua gerakan NAEK HAJI SATU PUTARAN SAJA! :D
2009/6/15 H Surtiwa <[email protected]>

Gampil pisan di urang mah, lamun anu parantos ngalakukeun ibdah haji..sok 
disebat haji kadang2 janten sebutan. Di nagara sejen mah umumna tara disebat 
haji. Soal haji ayana di mekah duka teuing...ari ceuk bangsa urang mah dimana 
wae sakahayangna..asal parantos ngalukaeun ibadah haji. Teu acan papendak 
sareng urang arab anu nyebat dirina haji.. teu terang abdi mah standard 
kalakuan Haji malih naros aya henteu standard na. Anu teu acan ibadah haji ka 
Mekah oge seueur anu kalakuan sae ti batan anu parantos ngalakukeun ibadah 
haji...Asa teu aya patalina..

Kirim email ke