Assalamu'alaikum Wr.Wb. Daria ieu mah...mundut ijin ka kuncen sareng kulawargi sadaya.
Aya laporan ti masyarakat sareng ti beberapa pihak ka Pasantren Keresek, Wireh salami ieu aya program umroh/haji anu ditawarkeun ku hiji pasantren Yayasan Pesantren AM (bari teu puguh dumukna di mana) pimpinan Ir. K.H. RF di sekitar Margahayu Bandung. Licikna eta jelema teh, ngajual ngaran KH Hasan Basry bari nyebatkeun dina programna teh ku artos 2 juta tiasa angkat haji/umroh! Malihanan Tos, aya laporan wireh anu katipu dugi ka puluhan juta terutami di daerah Garut, Tasik, Ciamis, Kuningan, malah Kalimantan. Ku serat ieu, punten manawi aya jalma anu ngulampreng bari ngangken2 piwarangan pun Bapa Drs. KH Hasan Basry ti Pasantren Keresek eta teh teu leres, margi oge panan pun Bapa tos ngantunkeun. Pasantren Keresek teu pisan-pisan ngayakeun program kango nipu jamaah atanapi urang Islam kango kapentingan nyalira. Naudzubillahi Min Dzalik Hatur Nuhun Kelurga Besar Pesantren Keresek K.H. Usman Afandie bin Hasan Basry

