Ngiring nimbrung bari hoyong tumaros,di Bandung dangeut2 ieu simkuring sering pisan ngadangu kecap 'Gaul", utamina kaum remaja kecap 'ASLI' atanapi 'ASLINA' eta kecap mani asa leubeut pisan kadangu dina wangkonganana. Naha eta kecap kaasup kana 'keucap bituna'? Hatur nuhun
From: Ahmad Toha <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] JIH, GEUNING AYA HADIR To: [email protected] Date: Saturday, June 20, 2009, 10:59 PM Nambihan sakedik kecap bituna rasa wewengkon Majalengka. HARUH..... Haruh...nya nganaha ieu hayam paraéh, ku tétélo sugan ! AJAH = Aduh Ajah..ieu aing tipagut kana batu ! CIH Cih nya nganaha aya lalaki bet dianting ? KARAH Dimana karah kuring neundeun arit ? BEDUL Bedul dasar si Astahiam, poé paré ngadon diidek ! JADOL Jadol leupas dui euy manuk téh ! Emod, 2009/6/19 A Gunawan <rotan...@yahoo. com> Mendak Esey kenging Budi Rahayu Tamsyah dina Facebook, nyanggakeun! AG JIH, GEUNING AYA HADIR Ciri sabumi cara sadesa. Unggal wewengkon, enya ge sarua basa Sunda, mibanda ciri mandiri sewang-sewangan. Nya eta anu disebut basa wewengkon tea, ditandaan ku garis imajiner anu disebut isogloss. Disebut imajiner soteh, lantaran teu bisa dicekel deleg kalang jinekna. Upamana bae antara basa wewengkon Garut jeung basa wewengkon Sumedang, lebah mana watesna? Bisa jadi aya wates anu patumpang tindih di lebah wewengkon Garut Kaler (Malangbong- Limbangan) jeung Sumedang Kidul (Cae-Wado). Kitu deui Garut jeung Tasik, atawa Garut jeung Cianjur. Isogloss memang henteu identik jeung wates teritorial sacara administratif. Jih, na deuk nyaritakeun naeun cenah? Bubukana mah dines amat nya, jing! Ti dituna mah nurutan ahli basa. Padahal uing mah saukur rek nyaritakeun kecap bituna rasa, anu ku basa Indonesia mah disebut kata seru. Teu pira, yen di sawatara wewengkon miboga kecap bituna rasa anu mandiri. Sanajan bisa jadi aya anu sarua jeung wewengkon lianna. Naha aya patalina jeung isogloss? Bisa aya, bisa euweuh. Keun sual eta mah, da lain bagian uing. Kuduna mah nya, anu nyieun peta basa teh lembaga pamarentah atawa anu diaku ku pamarentah, saperti BPBD jeung LBSS. Ari kitu tea mah, bujeng-bujeng peta basa, kamus bae ge anu dianggap babonna enggoning ngagunakeun basa, da masih ngagunakeun kamus taun manaboa. Ceuk Si Salhiam tea mah, kamus jaman Fir’aon jadi Ketua OSIS. Ya Alloooh, Jagan, kalah nyarioskeun kamus geuning, abong-abong pesbuk teu diwengku. Apanan bade ngabustam perkawis kecap bituna rasa, sanes? Tah. Enya. Di wewengkon Ciamis, Kawali jeung sabudeureunana, aya kecap bituna rasa “jih”. Upamana bae dina kalimah: “Jih, geuning alus baju teh. Sanaeun hargana, Jang?” Kecap “jih” samodel kitu oge kapanggih di wewengkon Majalengka. Malah di wewengkon anu jauh ti dinya, wewengkon Banten, utamana ti Pandeglang ka kidul, kecap “jih” samodel kitu oge kapanggih. Eta bae, basa uing ulin ka Munjul, jajalaneun ka Bayah ti Saketi. Pangangguran nanyakeun sual basa Sunda, tangtuna oge basa Sunda anu aya dina kamus, ka barudak SD di dinya. Ari jawabna teh, “Jih, atuh nanyana ulah gati-gati teuing, Pa!” Gati teh basa di dinya, anu maksudna hese. Ngan di Saketi anu rada kaget teh, basa aya anu silihtanya, “Rek ka mana, jing?”, dijawabna teh, “Ah, rek ulin bae, jing!” Horeng, jing di dinya mah lain wancahan tina “anjing”, sakumaha sangkaan uing. Tapi sarua ma’nana jeung “euy” di wewengkon Priangan jeung sabudeureunana. Bisa jadi, kecap bituna rasa “jih” oge aya di wewengkon sejenna. Lamun tea mah aya waktu jeung waragad, heg terus disusul tepus, moal henteu bakal kapanggih tali cangreudna, anu ngahubungkeun sawatara basa wewengkon. Masih di wewengkon Kawali, aya deui kecap bituna rasa “deng”. Malah ku Kang Godi Suwarna mah dijadikeun judul novel. Eta kecap dipake, di antarana pikeun nuduhkeun hal-hal anu teu pasti. Upamana bae dina ungkara: “Deng teuing, biheung kalakon biheung moal ku urang mah!”; “Deng, alus teuing keur pantar urang mah!” Ari di pakidulan Ciamis, ti seret Banjar ka ditu, kecap bituna rasa anu produktif teh nya eta “bedul” atawa alomorfna “bedus”. Bedul teh ngaran sejen pikeun bagong. Upamana bae dina ungkara: “Bedul, itu lauk meni gede!”; “Bedus, eta mah kabogoh Jang Budi meni geulis!” Key ah, kabogoh ti endi? Ti Hongkong? Tah enya. Di wewengkon Banjar, utamana di Situbatu, Cimaragas jeung sabudeureunana, aya kecap bituna rasa “key ah”, anu dipake pikeun nolak hiji hal atawa ngalainkeun. Meh sarua jeung “teu aya we doyot” atawa “teu aya we doy”, anu baheula kungsi populer di wewengkon Tasikmalaya. “Teu aya we doyot” mangrupa kecap bituna rasa usum-usuman, sarua jeung “edun” atawa “asoy”. Ari di wewengkon Cianjur, kecap bituna rasa anu dianggap ciri hasna teh nya eta “Ya Alloh”, anu dikedalkeunana “Ya Alloooh …”, saperti dina ungkara: “Ya Alloooh, Deden, ka mana bae nembe katingal?” Mun henteu “Ya Alloh”, nya “masya Alloh”. Ngan basa uing minggu kamari nangkring di hareupeun Hotel Setia (di Pacet, Cipanas), aya barudak SD ngabring. Salasaurang di antarana ngomong, “Anjiiis, itu Mio kaleng … ngebuuut!” bari nunjuk kana motor Vespa, anu keur nyemprung. Jigana, di kalangan barudak mah, kecap bituna rasa teh, ngindung ka nu umum. Sanajan kitu, ari lentongna mah teu leungit. Eta bae, dina nyebutkeun “yey”, apan kadengena teh “iyeeey”, upamana bae dina ungkara: “Iyeeey, Kang Embud mah kit ..tuuu…” Lebah dinyana mah, ampir sarua jeung urang Sukabumi. Ngan kawasna, di lembur uing nu moal aya duana mah. Utamana di wewengkon Wanayasa jeung sabudeureunana, enya di Pulakarta. Di dinya aya kecap bituna rasa “hadir” atawa “dir”, pikeun nuduhkeun rasa heran atawa kaget. Upamana bae dina ungkara: “Hadiiir, itu kapal meni gede!” atawa “Diiir, bitisna ge meni babalingbingan kitu!” Masih di Pulakarta, di tungtung kaler Kacamatan Kiarapedes, aya kecap bituna rasa “weya”. Upamana dina ungkara, “Weya, anjogkeun ku sia!” Maksudna mah: “Hey, tingalikeun ku maneh!” Ceuk beja, di wewengkon Subang oge aya kecap bituna rasa “wey”, ngan uing can ngadenge sorangan pok-pokan jeung dilarapkeunana. Umumna kecap bituna rasa kiwari, meh sarua bae. Aya aduh, ih, wah, hey, euleuh, adeuh, jeung sajabana. Ngan “ambuing-ambuing” geus carang kadenge, ari lain dina wayang golek mah, biasana diucapkeun ku Semar: “Ambuing-ambuing, Cuuu … calalageur, euy?” Ari anu keur ngetop, kecap bituna rasa anu mindeng dikedalkeun ku Si Cepot Asep Sunandar Sunarya: “Anjiiirrrr ….”. Di sawatara wewengkon jadi “anjis”. Di lembur uing mah jadi “anjrit”. Upamana bae dina ungkara: “Anjrit, tadi uing papanggih jeung urut harim, keur pakaleng-kaleng jeung rijalna.” Harim = kabogoh, rijal = lalaki; eta jelas pangaruh basa Arab Pasar Rebo. Hadiiir, geuning geus rek subuh ieu teh! -- DIPIAMIS BUAH GINTUNG. = Disangka hadé jeung bageur , tapi buktina goréng jeung jahat. Buah gintung = Ngaran sabangsa buah

