nuhun ka baraya kusnet nu ngiring sambung du'a. alhamdulillah, acara nikahan si 
bungsu lancar beres roes. kari capena.

poe kemis ngapung kana batavia air teu lila da ngan 1 jam 50 menit. ngan 
kusabab beda waktu sajam, nya jadi tambah sore. rombongan gunungcupu bandung 
dibagi tilu kloter ku adi nu ngurus transport. nya andi si cpp, calon penganten 
pria.

ditanya naha dibagi tilu kitu? jawabna, ke mun geus balik ka cengkareng cenah.

nya kamari basa turun di cgk ditanya liwat sms. jawabna matak ngarenjag. "Kieu, 
A. mun disapesawatkeun, heug murag tah si pesawat teh, atuh turunan aki Wiarta 
ti pihak bapa mah beak. jadi dibagi tilu. dina ayana nu murag, masih nyesa di 
dua pesawat deui.

alhamdulillah, 14 jiwa, satengahna bebenyit keneh pisan, indit balik salamet.

rombongan di tempatkeun di salah sahiji imah juragan Achmad Sutjirdja, juragan 
nu gaduh PT HH Utama Internasional, mitoha adi panengah, di Batakan. taun-taun 
kamari mah pak Achmad Sutjirdja jadi pupuhu Paguyuban Parahyangan, kumpulan US 
di balikpapan. pamandangan tukangeun imah teh bengkel alat berat volvo, terus 
jalan, terus basisir selat sulawesi. ampir satengah jam sakali aya pesawat 
liwat, rada pendek dan rek landing di sepinggan. 

dina tembok foyer (ruang pas asup, ruang tamu tapi leutik), aya peta 
balikpapan, bari ditandaan ku spidol. renang, anggar, jsb, ngaran-ngaran cabang 
olahraga. 

sihoreng imah eta teh taun 2008 jadi markas kontingen Jabar dina PON 2008. 
pupuhu kontingen, kang UU Rukmana malah ngendong di kamar nu ku si kuring 
dipake kamari. cenah gupernur jabar Ahmad Heryawan oge basa ngalongok atlet 
jabar teh datangna ka ieu imah. 

malem saptu acara midareni. intina si kuring ngawakilan keluarga oge cpp, 
menyatakan kebulatan tekad, rek ngawin putrina pa & bu bambang, jst. adi 
pangais bungus usul, a, kumaha mun make basa sunda? si kuring nyakakak, bari 
ngajawab, okeh, uing make basa sunda, saha nu nerjemahkeunana? ente? atuh 
kacape-cape. haha

poe saptu akad surakad di bumina camer andiw, di jl panjaitan. jalan diblokir, 
panggung wayang geus dijieun. ijab kabul teh teu dipapatahan, langsung. untung 
si andiw bisaeun. heuheu. maskawina emas 45 gram. ditanya, naha sakitu, ndi? 
apan pangeling-eling endonesya merdeka, cenah. haha hade pisan!

malem resepsi di hotel gran senyiur, pendak sareng kang Kosam Kostanto. ayeuna 
tos pangsiun cenah ti pertamina bpn. bumina caket ki adi panengah di balikpapan 
baru. peutingan resepsi mah kulawarga ngendongdi hotel eta. sangkan teu cape 
kaditu kadieu. sakamer saumpi. biasa, ari ngendong di hotel teh, kudu masihan 
brifing ka indung bapa. kumaha cara make parabotan kamer mandi. hehe. wayahna 
dina kloset ieu mah, kedah calik. haha. bebenyit mah kitu we, kaditu kadieu. 
ripuh neangan jeung newakanana. haha!

karunya oge ka pun biang kudu nangtung bari sasalaman jeung tamu loba. jaba 
nuju keuna stroke ringan. hadena we tabah tawakal. loba cenah US, da basa 
sasalaman teh, nu US mah langsung pancakaki, ibu, abdi ti anu, abdi ti anu, 
cenah nyebutkeun wewengkon di urang.

mitoha andiw teh aslina mah solo madiun ponorogo. dokter birokrat, geus lila 
teu praktek cenah. aranjeuna ti tamat sakola kedokteran unibraw, dines di 
balikpapan, teu mulang deui. tabah & tawakal di balikpapan.

rada nyentug kana hate maca motto Balikpapan. Kita Bangun, Kita Jaga, kita 
Bela. kaendonesyaan si kuring kahudang. kuduna mah di wates nagara cara Ambalat 
oge kitu.

acara teh jadi pinuh UJ pisan. kawin make cara adat jawa, nepi ka basana oge. 
untung MC bageur, nerjemahkeun intina. palebah nongton wayang kulit, malem 
senen, sanajan dalangna top, Ki Manteb Sudharsono, si kuring jeung 
sadulur-dulur ngadon ting serengeh. diarep-arep aya subtitle atawa terjemahan 
dina layar bagean handap, cara film di tv atawa bioskop, lebeng. 
tadina mah rek piknik budaya hayang apal wayang kulit da saumur-umur can kungsi 
lalajow.  

usul we ka sohibul bet, teu tiasa teras. nya dimaklum. balik we, neruskeun 
hanca jeung dulur sejen, gapleh bari mudak duren. hadena teu pati beuki duren. 
buah nu teu pati asup akal. cucukan, kulitna kandel, sikina badag, dahareunana, 
saeutik. duka pedah letah si kuring mah butut. hehe. 

enya, loba UJ. kaharti ari kitu na mah. da maranehna mah rada ulet. nyaba teh 
ludeung. urang mah sigana mun bisa balik mah, nya balik. haha. ari supir mobil 
carteran nu nganteur kaditu kadieu kulawarga, urang sulawesi.

poe senen ngapung ka cengkareng. mulang ka bdg kana primajasa.

sakitu dongengna.
nuhun

Kirim email ke