Aya blog lagu-lagu heubeul, tiasa di download, nu nyieun blog ieu ngakuna mah 
urang walanda nu cicing di Bandung. Ieu alamatna:

http://madrotter.blogspot.com/

Albumna lumayan kumplit, seuseueurna lagu sunda. Album Titim Patimah, Upit
Sarimanah, Euis Komariah...dugi ka Orkes Edi Karamoy + Orkes Idris Sardi nu
ngalagukeun lagu-lagu Sunda: Euis, Eteh, Ucang-ucang Angge, Ayang-ayang Gung,
Tokecang. Sareng seueur deui, kalebet lagu GENJER-GENJER nu keur jaman Orba 
mah, lagu "HARAM" da cenah laguna LEkra/ PKI. Genjer-genjer dina koleksi 
Madrotter nu nembangkeunana LILIS SURYANI, lirikna nu kareungeu mah asa euweuh 
hubunganana
jeung politik/komunis, pira ge nyaritakeun ngala genjer di sawah:

Genjer Genjer ,
Ing kotakan pating kulewer,
Mak'e Tole teko-teko bubuti genjer ....
(Genjer- Genjer,
Dikotakan pasolengkrah,
Indungna si Tole datang nyabutan genjer)

Aya deui nu matak kaget, horeng OMA IRAMA kungsi duet tembang sunda jeung 
sinden kakoncara TITIM FATIMAH. Albumna oge aya.

Mangga geura cobian lebet kana blog ieu.

Baktosna,
WALUYA

Kirim email ke