nuhun pisan apa, mung cai mata nu ngarencangan nalika abdi maos seratan apa, 
ras emut kana sagala hal tumali pun biang tos teu aya, Ampun Gusti Hampura Ema, 
mugia anjeun aya dina tingtrim di alam kubur, hampura ema... uing 


From: Moch Dachman Maman 
Sent: Wednesday, June 24, 2009 11:03 PM
To: [email protected] 
Subject: [Urang Sunda] HORMAT TILAWAT KA IBU RAMA






HORMAT TILAWAT KA IBU RAMA

Di telepon ku Imam Masjid gigireun imah tadi mah, yen poe Juma’ah pamungkas 
dina bulan Juni ieu, wayahna cenah kudu nga-khatiban, lantaran khatib anu geus 
ditugaskeun ti awal taun teh, dina waktuna mah tamada pedah tacan siap 
materina. Cenah.
Kapaksa rurusuhan nyieun konsept khutbah Jum’ah, bari nyutat tiditu-tidieu, 
sangkan pantes jeung kabiasaan Abah, ngan nu inget teh, sabagian dicutat tina 
bukuna K.H. Qamaruddin Shaleh, sawareh mah nyutat tina bukuna Drs. Sholihin 
Syaqiq, atuh sawareh deui tina tulisan Abah anu judulna ”Taubatan Nashuha”. 
Nyutat tina tilu sumber eta, jadi weh konsept Khutbah pikeun bacaeun dina poe 
Jumaah tanggal 26 Juni 2009 isuk.

Bismillaahirahmaanirrahiim.
Assalaamu ‘alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.
Alhamdu lillaahil ladzii qaala fii kitaabihi iwa bil waalidaini ihsaanaa, wash 
shalaatu was salaamu ‘alaa nabiyyiina muhammadin jaa –a bid diinil haqqi, 
basyiiraw wanadziiraa.
Asyhadu anlaa -ilaaha -il lallaahu ilaahaw waahidaa, wa -asyhadu anna 
muhammadan 'abduhuu wa rasuuluhush shaadiqan amiinaa.
Fayaa 'ibaadallaah, ittaqullaaha haqqa tuqaa tihii, wa quuluu qaulan kariimaa.
Wa qaala ta ‘aalaa fil qur-aanil kariim. Wa qadhaa rabbuka allaa ta’buduu, 
illaa iyyaahu, wabil waa lidaini, ihsaanaa, immaa yab lughanna, indakal kibara, 
ahadu humaa, au kilaa humaa, falaa taqul lahumaa, uffin, walaa tan har humaa, 
wa qul lahumaa qaulang kariimaa.

Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah,
Puji syukur, urang sanggakeun ka hadirat Illahi rabbi, anu parantos maparin 
mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya, utamina ni’mat iman sareng 
kasehatan, dugi ka urang sadaya tiasa keneh kempel riung mungpulung, shalat 
Jum’at dinten ieu. Rahmat miwah salam kawilujengan mugia salamina dilimpahkeun 
ka Jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Ka kulawargana ka para shahabatna 
sareng ka sadaya umatna anu satia satuhu ka anjeunna tug dugi ka poe kiamah 
jaga.

Hadirin rahimakumullah.
Dina zaman Nabi kapungkur, aya salah saurang shahabat Nabi anu jenenganana Al 
Qamah, anjeunna kalebet hiji shahabat anu kawilang kadeuheus ku Rasulullah, 
tara kakantun riung mungpulung sareng Rasul, tara kakantun shalat berjamaah di 
masjid, sumawonna shalat Jum’at jiga urang ayeuna mah, malah anjeunna mah tara 
kakantun perang dina jihad fii sabiilillah, nya kitu deui anjeunna tara 
kakantun shaum, teu kakantun munggah haji, oge teu pernah kakantun zakat.

Dina hiji waktos, anjeunna teu damang wales, teras dilalayad ku para shahabat, 
malah teras ditalqinkeun sagala rupi, ditungtun pikeun ngucapkeun kalimah 
tauhid “Laa ilaaha illallaah”. Ditalqinkeun dugi ka dua-tilu kalina, nanging 
teu metu wae, Al Qamah ngabudeg, teu kersaeun nyoara, teu tiasaeun ngucapkeun 
kalimah “Laa ilaaha ilallaah”. Para shahabat kacida kegeteunana, margi 
aranjeunna yakin, yen sing saha anu teu tiasa maca kalimah “laa ilaaha 
ilallaah” dina tungtung yuswana, nandakeun eta jalmi kalebet nu cilaka, 
kasauran Nabi dina salah sawios haditsna : “Laq qinuu mautaa kum, laa ilaaha 
illallaah, fa in nahu mang kaana aakhiru kalaa mihi, laa ilaaha illallaahu, 
dakhalal jannah” Kudu ditalqinkeun jalma nu nuju sakarat, margi sing saha jalma 
nu dina tungtung yuswana ngucapkeun laa ilaaha ilallaah, eta jalma aya harepan 
asup ka surga”
Jalaran para shahabat parantos taak nalqinan Al Qamah teu metu wae, lajeng aya 
nu ngahaja unjukkan ka Rasulullah, boh manawi ari dipapatahanana ku Nabi mah, 
sageuy teuing dugi ka teu metu bae mah, pira ge ukur sakitu-kituna.

Nalika Rasul sumping, teras nyaketan nu nuju teu damang, ku anjeunna teras 
diwurukkan, pikeun ngedalkeun kalimah tauhid Laa ilaaha ilallaah, nanging, 
Rasul kacida ngaranjugna, shahabat anu sakitu kadeuheusna teh, dina tungtung 
yuswana, teu iasaeun ngunikeun kalimah tauhid, Laa ilaaha ilalllah.

Lajeng Rasul tumaros :” Mana istrina ?” Lajeng istrina Al Qamah majeng kapayun, 
salajengna ditaros ku Rasulullah : “Ari ibuna Al Qamah teh aya keneh ?” Jawab 
garwana : “Kantenan aya keneh mah, mung bae teu aya didieu, anjeunna teh 
pundung, Yaa Rasulullah.”
“Naha ? Pundung ku naon ? Teras garwana Al Qamah nyarios :” Pun lanceuk teh tos 
biasa, ari mulih ti panyabaan, atanapi ti mana bae, sok nyandak oleh-oleh 
kanggo nu tunggu imah, pikeun abdi sakulawarga. Hiji waktos, pun lanceuk teh 
sumping, bari nyandak oleh-oleh sakumaha biasana, nanging harita mah teu 
enggal-enggal diguar dibuka, kalah sok we disimpen, rupina sanes dihaja bade 
teu masihan ka Ibuna, ari Ibuna, ma’lum parantos sepuh, ujug-ujug gejlig wae 
bendu, bari ngantunkeun ieu rorompok, bari sasauran : “Boga anak teh, ari geus 
gede mah, teu inget-inget ka nu jadi indung, anak deungeun-deungeun we nu 
diperhatikeun teh, ka kolot mah teu inget-inget”. Ti waktos harita dugi ka 
danget ieu, anjeunna teh teu acan nincak deui ka ieu rorompok, bakating ku 
geuleuh-geuleuhna, ngewa kanu janten anak jeung minantu, kitu manawi ari 
sarsilahna mah, nyanggakeun sewu bebendu laksa duduka ka payuneun Rasul”.

Salajengna Rasul ngutus salah sawios shahabat, pikeun ngunjukkeun, ka Ibuna, 
yen putrana teu damang wales, sareng mugi kersa enggal-enggal sumping, ana 
diwaler teh ku Ibuna : “Mangsa bodo teuing siah, rek hirup geura neut, rek paeh 
geura hos, da kolot enggeus ayeuna mah, misah badan misah nyawa jeung Ibu mah, 
Ibu mah moal, moal kaditu, cua, geuleuh, jig we unjuk keun ka Rasulullah.

Hadirin Rahimakumullah.
Kumargi dilelemu ku para shahabat Nabi nu sanesna oge teu aya nu hasil, 
tungtungna Nabi nyarios ka para shahabat :” Ana kitu mah, ayeuna aranjeun kudu 
ngumpulkeun suluh, terus gundukkeun dipayuneun bumi anu dicalikan ku Ibuna Al 
Qamah, urang duruk we Al Qamah teh, tibatan engke diduruk ku seuneu naraka mah, 
anu panasna 70 tikeleun panasna seuneu di dunya”.

Suluh parantos ngunung-ngunung bakating ku seueur, Ibuna Al Qamah ngahaja 
tumaros,keur naon ngagundukkeun suluh sakitu seureurna. Diwaler ku shahabat : 
“Ieu suluh teh pikeun ngaduruk Al Qamah, saur rasulullah tibatan Ala qamah 
diduruk ku seuneu naraka anu 70 tikeleun panasna seuneu di dunya, langkung sae 
dibeuleum ku seuneu dunya ieu, ari margina upami Ibu teu kersa ngahampura Al 
Qamah, putra Ibu teh bakal manjing kana naraka, kitu kasauran Nabi ka abdi 
sadaya”.

Ibuna, barang ngadangu cariosan para shahabat, yen putrana bade diduruk mah, 
nembe manahna teh ngaleketey, emut ka putra nu dikandung ku anjeunna salapan 
sasih, nu dibelaan kuru cileuh kentel peujit, huap ge ngahaja dibagi dua, 
pikeun ngabayuan nu jadi anak, kari-kari ayeuna rek diduruk, kanyaah hiji 
indung kanu jadi anak, mumbul deui, teu kantos lami, bari dareuda, anjeunna 
nyarios ka payuneun Nabi :” Yaa Rasulullah, Ke heula, ulah waka diduruk anak 
Ibu teh, burung palung ge anak Ibu, deog pengkor ge anak Ibu, hade goreng ge 
anak Ibu, Ulah Yaa Rasululllah, ulah diduruk anak Ibu teh, bisi kudu-kudu 
teuing mah dihampura ku Ibu, ti ayeuna pisan ge dihampura ku Ibu, Al Qamah teh”.

Barang tamat cariosan Ibuna, lajeng Rasulullah nalqinan deui Al Qamah, teu 
sakara-kara, estuning lancar dina ngedalkeun kalimah tauhid Laa ilahaa 
ilallaah, bari kerelek, les bae pupus, mulih ka jati mulang ka asal, Al Qamah 
dipundut kunu Kagungan. Inna lillaahi wa inna ilaihi raaji ‘uun.

Hadirin ikhwatul iman, sidang Jum’at rahimakumullah.

Upami urang nitenan kana ieu kajantenan, ti awal mula tadi ge, tos pada apal 
urang teh, ti awit khatib mukaddimah keneh ge tos kacangkem, yen Al Qamah bade 
diduruk, malah bari nundutan ge tos kajudi, lalakon bade kamana leokna. Da tos 
pada terang nepi ka bubuk leutikna dongeng ieu mah.

Nanging sanes eta nu janten matak muriding bulu punduk pikeun khatib mah, malah 
janten matak gegebegan pikeun sadirieun jisim abdi mah Gusti......

Al Qamah mah asa teu patos sabaraha kalepatanana teh, pedah eta oleh-oleh teu 
enggal-enggal dibuka, turta teu aya maksad moal masihan Ibuna, paling oge rada 
telat, henteu pok sok.

Sedeng abdi ayeuna Gusti...., upami malikan deui mangsa kapungkur, mangsa jisim 
abdi keur leutik, mangsa jisim abdi rumaja, malih teras dugi ka jisim abdi 
dewasa. Asana, seueur keneh dosa jeung kalepatan abdi ka Indung Bapa teh, 
tibatan shahabat Al Qamah ka Ibuna.

Geura mun ditataan mah, teu, henteu kedah ku para malaikat nu janten utusan 
Gusti, nu pamohalan lepatna, ieu mah nataan sorangan we heulaanan, asana teu 
manjing-manjing acan kasaean jisim abdi ka indung bapa teh, malah seseueurna 
mah mung ukur mangnyerikeun manahna wungkul boa.

Ngaleuya kalepatan teh, natrat, ti awit katugenah alatan kalakuan sareng 
talajak jisim abdi keur budak, ku omongan jeung ucapan jisim abdi keur rumaja, 
tampolana sakapeung mah jeung sentak sengor sagala kanu jadi kolot teh, utamina 
kanu jadi indung. Teu mustahil pun biang harita, boa dugi ka kanyeyerian alah 
batan Ibuna Al Qamah, ningal talajak jisim abdi harita.

Panuyun Nabi, dina dawuhanana : “Al jannatu tahtaa aqdaamil ummahaati” Ari 
sorga teh ayana dina dampal sampean Ibu”. tapi hih da keukeuh we harita mah, 
jisim abdi teh noyod, teu katodel ku sunnah Nabi, teu robah pedah aya panuyun 
Rasul, estuning ngancrud we, tunggul dirarud catang dirumpak.

Sanes, sanes teu apal deuih kana kanjantenan salah sawios shahabat Nabi, anu 
taat ka ibuna anu luar biasa, dugi ka digagandong kamana-mendi teh, alatan ku 
parantos sepuh tea, ari tuang dihuapan, mandi disiraman, kulem diebogkeun, 
salin dikawayan, anu pendekna mah sagala kaperyogian ibuna, dijalankeun ku sang 
putra, dimana kenging kasab usaha, disanggakeun ka ibuna, estuning taat tara 
midamel pijengkeleun ibuna.

Tapi nalika naros ka Rasulullah :”Yaa Rasulullah ! Abdi teh gaduh indung, ku 
abdi sok digagandong dina tonggong abdi, upami anjeunna hoyong angkat-angkatan 
teh. Sareng abdi tara haseum budi dipayuneunana, hasil usaha abdi ge 
dipasihkeun ka anjeunna. Naha abdi parantos tiasa dianggap males budi ka 
anjeunna ? Saur Rasul harita : “Acan, sanajan saambekan anu panjang” Dugi ka 
eta shahabat naros deui :”Naha kunaon margina Yaa Rasulullah ?” Waler Nabi : 
“Lantaran ari Ibu anjeun mah, miara anjeun teh, bari miharep supaya anjeun teh 
panjang umur, sedeng ari anjeun mah, miara Ibu teh bari ngarep-ngarep, supaya 
tereh-tereh maot”.

Ari jisim abdi, akh…… boro-boro nepi ka kitu, pimanaeun make jeung ngagagandong 
pun biang teh, sakalieun pun biang barang titah weh, dilaksanakeunana ge kitu 
we, bari jeung jebras-jebris, gudad-gadeud, pikacuaeun.

Asana mun diiker-iker teh, teu aya pupurieunana pisan, teu kedah dietang ku 
para malaikat, utusan Gusti, anu pamohalan kaliruna, ieu mah etangan jisim abdi 
wae, asana, asa teu acan pernah jisim abdi nyukakeun nu janten indung bapa, nu 
natrat keneh teh. ngarungsingna we wungkul, mun amalan tea mah asana dengdek na 
teh angger we seueur keneh ka lebah kenca.

Sok sanaos natrat panuyun Nabi, kapan saurna dina hadits riwayat Thabrani: Dua 
kajahatan nu bakal dibales ku Allah didunya keneh nyaeta, anu zinah, sareng anu 
goreng laku ka indung-bapa”

Malah kapan dina hadits Bukhari mah : “Piara ku anjeun kanyaah indung bapa teh, 
ulah nepi ka pegat, lantaran lamun anjeun megatkeun, pasti Allah mareuman 
cahaya anjeun, tegesna, Allah ngajadikeun hirup anjeun hina.

Bisi janten hapa, kaluhur moal sirungan kahandap henteu akaran, pikeun jalma 
anu ngajaheutkeun manah ibu-ramana.

Hapunten Gusti.........., Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mun ngimeutan kalakuan abdi 
baheula, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, ana kitu mah boa-boa abdi teh 
kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira. 
Sakumaha pidawuh Gusti :

"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama 
katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum 
a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, 
ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun".

Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina 
sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu 
dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake 
nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh 
lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma 
anu talobeh tur balangah.

Allaahu Akbar Walilllaahil hamd.

Nanging sok sanaos kitu, harepan mah aya sakolepat, mugia wae dina sakitu 
kakirang nu tan wilangan teh, langkung seueur rahmat Gusti nu dilimpahkeun ka 
jisim abdi, sareng manawi aya sakotret mah diantawisna, anu dilaksanakeun ku 
jisim abdi teh kalayan Ikhlas Lillaahi Ta ‘Alaa, anu diharep teh taya sanes, 
mugi-mugi we, sok sanaos ukur sakotret, tapi tiasa janten wasilah pikeun jisim 
abdi janten kakasih Gusti. Margi jisim abdi yakin, rahmat Gusti langkung seueur 
nu katampi ku jisim abdi.

Lamun tea mah aya nu saena, hoyong tiasa disipuh deui, sangkan langkung 
ngagurilap, sangkan tiasa dipasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. Atuh nu 
awon na, niat mah bade enggal-enggal digosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari 
diniatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh bade dirumat, supados henteu 
keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana ngahaja di elap, diberesihan ku tobat 
saban usik, margi ari dosa tea, nu karaos mah da jentre, eces malah nembrak, 
tapi nu teu karaos ku jisim abdi, estu lemes lir ibarat kekebul nu teu patos 
katingal, terang-terang tos ngadagleg.

Baarakallaahu lii walakum fil qur-aanil 'adhiim, wanafa'anii wa iyyaakum bimaa 
fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim, wa taqabbala minnii, wa mingkum tilaa 
watahu innahu huwal ghafuurur rahiim. Wa qur rabighfir warham, wa anta khairur 
raahimiin.

KHUTBAH KADUA

Alhamdulillaahi 'allamal qur-an, khalaqal insaana 'alamahul bayaan, wash 
shalaatu wassalaamu 'alaan nabiyyinaa, muhammadin wa 'alaa aalihii wa ash haa 
bihii ahlish shidqi wal 'irfaan. Asyhadu alla ilaaha illallaahu al malikud 
dayaan, wa asy hadu anna muhammadan 'abduhu, warasuuluhu sayyidul insaani wal 
jaan. Fayaa 'ibaadallah, wa' lamuu anna jazaa al ihsaani ilaa bil ihsaan. 
Qaalallaahu ta'ala fii kitabihil kariim, A'uudzubillahi minasy 
syaithaanirrajiim.

Allaahumma Yaa Allah Yaa Rabbanaa, dina danget ieu abdi mung ukur tiasa ngadu’a 
ka Salira, mugi Gusti ngabulkeun do’a jisim abdi ieu.

Allahumagh firlii waliwaalidayyaa warham huma kamaa rabbayaani shaghiiraa (3 x )

Bismillaahirahmaan nirrahiim. Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, hamday yuwaafii 
ni 'amahu wa yukaa fi-u maziidah, yaa rabbanaa lakal hamdu kamaa yambaghii 
lijalaali waj hika wa 'adhiimi sulthaanik.
Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa 
bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al 
haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 
'indaka a'lad darajaat,
Watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa 
ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila 
baathila, war zuqnaj tinaabah.
Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa 
rizqaan halaalaan thayyibaa.
Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh 
sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa 
ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan 
wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 
'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wan 
syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilnal jannata ma 'al 
ambiyaa-i 'alaihimu salaam.
Allahummagh firlanaa dzunuu banaa, wa dzunuuba aabaa –inaa, wa dzunuuba ummahaa 
tinaa, wa dzunuu ba zauajaa tinaa, wa dzunuuba aulaa dinaa, wa dzunuuba ikhwaa 
ninaa, wa dzunuuba ikhwaatinaa, wa dzunuuba ustaadzinaa, wa dzunuuba jamii ‘il 
muslimiina wal muslimaat, wal mu-miniina wal mu-minaat, al ahyaa –i minhum wal 
amwaat, birahmatika yaa arhamar raahimiin.
Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka 
rahmah, innaka antal wahhaab.
Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa 
ban naar.
Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin.
Subhaanaka allaahuma rabbanaa wa bihamdika, asyhadu allaa ilaaha ilaa anta, wa 
astaghfiruka wa aatubu ilaiih.
Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin

'ibaadallah, innallaaha ya'muru bil 'adli wal ihsaan, wa itaa idzil qurbaa 
wayanhaa 'anil fahsyaa-i wa mungkaari wal bagh, ya 'idhukum la 'allakum tadzak 
karuun, fadz kurullaahal adhiimal jaliila yadz kurkum, wasy kuruuhu 'alaa 
ni'amihi yazidkum, walaa dzikrullaahi akbar. Astaghfirullaahal 'adhim, lii 
walakum.

Wasalam mu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

-----mmd-----

================================
H.Maman Moch Dachman. 
Jl. Margajaya V. No. 5
Bandung - 40224
visit; 
[email protected]
http ://abahbandung.blogspot.com
================================

Berselancar lebih cepat. Internet Explorer 8 yang dioptimalkan untuk Yahoo! 
otomatis membuka 2 halaman favorit Anda setiap kali Anda membuka browser. 
Dapatkan IE8 di sini! 
http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer


Kirim email ke