Neangan Sunda di hotel bintang opat lima

Bulan kamari aya nu nraktir ngendong di hotel Hyatt jl sumatra bandung, 
gigireun BIP tea. Sacara desainer interior jarang mroyek, si kuring neangan 
sarupaning nu bau-bau lokal. Sabab biasana dina interior nu sifatna komersial 
cara hotel, sok dipapaes ku sarupaning unsur budaya lokal. 

Saliwat mah memang euweuh. Material marmerna oge, asana lain di Padalarang, da 
semu koneng, padalarang mah semu bodas-abu. Sihoreng elemen seni sunda, aya 
dina tembok nu nutup lift di atrium. Model hotel ieu, nu aya atrium di 
tengahna, dipopulerkeun ku john portman, arsitek urang amrik nu oge muka usaha 
hotel.

Unsur seni sundana, dina mangrupa seni hias atawa motif dina media keramik nu 
ditapelkeun kana tembok tempat lift. Cenah modelna meunang ngumpulkeun ti 
wewengkon tatar sunda nu aya tradisi nyieun keramik. Tangtu geus dipermak dina 
wanda kontemporer, alatan nu nyieuna seniman patung berdarah jerman, dosen 
uing, Bu Rita Weijman Widagdo, jeung timna, alumnus senirupa itb. Ari di 
tengahin atrium, aya lounge, make model taman tropis kitu. Ciri tropis biasana 
aya tangkal sarupaning palem baraya kalapa

ke fotona urang korehan 

Ari di hotel Holiday Inn, mah, unsur lokalna, salian ku motif hias dina tembok, 
diformat siga lukisan, aya oge sabaraha patung nu ngagambarkeun tokoh-tokoh 
tina legenda Sangkuriang. Jadi aya patung pemuda perkasa, sangkuriang, aya 
anjing, si tumang, aya ibu-ibu awet ngora, Dayan Sumbi. Dijajarkeun sisi kaca 
lobby.

Dua conto di luhur, minangka ciri kumaha hotel kota (city hotel) neangan ciri 
lokal pikeun mapaes hotelna ku sarupaning estetika lokal. beda jeung resort 
hotel, hotel paranti piknik, biasana nembongkeun kayaan alam sapuratina-utamana 
ku make material khas lokal sarupaning awi, anyaman awi, injuk, jst. Cara hotel 
di wewengkon cipanas garut. Sumber alam, jrrd. Malah kampung sampireun mah, 
diformat antik pisan.


Kirim email ke