Assalamualaikum wR wB.
Wilujeng wayah kieu US dimana wae ayana.
Angklung, alat musik asli Insonesia, malah aslina mah angklung teh alat musik 
pentatonis, sunda pisan. Ngan supados tiasa mirig lagu-lagu nasional ku Pa 
Daeng Sutigna dikembangkeun janten alat musik diatonis. Hanjakal 
perkembanganana kirang maju, seniman Indonesia utamina musisi teu aya nu malire 
kana angklung. Sugan aya angklung magelaran di panggung hiburan atawa dina 
acara-acara penting - teu aya. Meureun mana kitu ge teu aya group angklung nu 
tiasa ngahibur, penonton teu raresepeun, maenna monoton, lagu-laguna kuno jsb. 
Kumaha carana supados penonton resep jeung kahibur? Mangga atuh urang emutan, 
ku saha deui ari lain ku US mah. Atuh keur nglalanyahan paling saeutik aya 
group band nyisipkeun angklung keur ngawarnaan wungkul, teu kedah melodi, da 
melodi mah kudu kumplit.
Aya wartos, wios rada basi ge, basa sasih kapengker, Angklung Hamburg 
Orchestra, magelaran di Kiel, 200 km kalereun Hamburg, penontona seuseueurna 
bule, 12 lagu rengse dipidangkeun. Upami naros kunaon maenkeun lagu2 barat, 
supados penonton tiasa menikmati, misina sanes ngenalkeun lagu2 Indonesia, tapi 
ngenalkeun angklungna.
Mangga toong di Youtube mung nyuhunkeun komentarna saurna, boh sae boh awon, 
kanggo masukan, bahan kamajengan salajengna.
Mangga ka nu bade pangantenan bilih bade nanggap group angklung ieu, tiasa 
kontak ka rerencangan pribados Mas Prio Adhi tea, pamingpin ieu group, gratis 
mung ongkos jalana we saurna.
 
Wassalam,
Trias Santosa 
 
 
Besame Mucho
http://www.youtube.com/watch?v=FNT5S5WdK4I
Obladi Oblada
http://www.youtube.com/watch?v=sBsm-QuCeB0
The Champions
http://www.youtube.com/watch?v=cjd_xg5gEiA
Edelweiss
http://www.youtube.com/watch?v=8SpGU_O6DnI
Halo Halo Bandung
http://www.youtube.com/watch?v=4uuqtPkDqf8
Pileuleuyan
http://www.youtube.com/watch?v=VhPbNNWE4NM
 
 
 
 
 


      

Kirim email ke