Terus-terang ari simkuring mah ngadukung JK, sabenerna mah hayang ngadukung capres ti US ngan hanjakal euweuh capres US, nya salaku solidaritas salaku urang luar jawa (Sunda oge luar jawa lin?) simkuring ngadukung JK, pek teh teuing arek disebut SARA atawa RASIS oge. Ongkohna ceuk simkuring mah ayeuna geus wayahna urang luar jawa mingpin indonesia entong jolna ti jawa wae, ambeh aya pemerataan kapamingpinan.
Salam Budak Angon Domba 2009/6/26 mangjamal <[email protected]> > > > > haha. ari SARA naon kitu? pan urang mimilisan make ngaran urangsunda oge > SARA eta teh. > > gayana siga orba kitu euy. cara mun aya urang daerah non-jawa nu mawa > wacana (udaya) daerahna, sok disebut kasukuan, ari jawa ngajawakeun atawa > jawanisasi endosya mah, cara jaman hms, henteu! plis deh. > > ari soal kamampuan mah, nya piraku. pangna wani maju oge baroga kamampu. > > JK teh masih keneh de facto de jure wapres. tangtu kulawarga uing nu ti > kampung bau lisung ngarasa diajenan. nya wajar mun si kuring jeung kulawarga > rek milih manehna. eta alesan pribadi. > > da ibu-ibu pecinta sinetron nu milih SBY taun 2004 oge cenah, alesanana teh > SBY kasep. haha > > ----------- > > Jadi, lamun kitu mah , anu jadi katangtuan teh SARA, lain kamampuan > calon, tapi ketang da bebas, dek milih saha bae oge kuma dinya. > > > > > > >

