Tong diemutan kang, bilih teu damang.
Da teu acan aya pamingpin ti urang sundana oge, janten moal aya diskusi
ngeunaan eta.
hehehe...

-Bohay-


2009/6/30 Handy Kurniawan <[email protected]>

> Aa, Teteh wargi kusnet sadaya.
> Nepangkeun abdi wasta Handy Kurniawan, asal ti Sukabumi.
>
> Hapunten pisan, abdi teh jalmi anyar di dieu mung tos wawantunan ngiringan
> kumentar.
>
> Sateuacana aya postingan anu ngabahas iraha urang Sunda tiasa jadi
> pamingpin bangsa.
> Aya oge anu kumentar kana masalah urang Sunda anu jadi pahlawan.
>
> Ngan ayeuna urang ribut sorangan antar wargi kulantaran masalah roko.
> Sanes ngaleutikkeun ieu masalah roko teh, mung upami janten perdebatan saha
> nu lepat saha nu leres moal timu.
>
> Hapunten pisan sanes bade ngaguruan da saleresna mah anu ngaroko sareng nu
> teu ngaroko mah tiasa sasarengan ngawangun asal wae aya saur urang wetan mah
> tepa selira diantara urang sadaya.
>
> Upami ku masalah roko wae urang silih carek kumaha urang milih pamingpin ti
> urang Sunda ?
>
> Hapunten sakali deui abdi tos wantun ngiring kumentar ...
>
>
> -----
> Handy Kurniawan.
> Powered by JangkrikBerry® Merah Warnanya.
>
> -----Original Message-----
> From: [email protected]
>
> Date: Tue, 30 Jun 2009 04:10:47
> To: <[email protected]>
> Subject: Re: Ulah parasea ah [Urang Sunda] [Fwd: [jabotabek] Perang Rokok
> RI-AS]
>
>
> Ke..ke, naha jadi rame kieu gening.
> Urang  saling  eledan we`atuh akang akang. Ulah jadi  garelut kieu
>
> Ka nu  tukang ngaroko, pek wae ngaroko, tapi ulah ngaganggu  ku haseupna
> kanu  teu ngaroko. Kanu teu ngaroko  ulah saban geureuh salila  haseup nu
> ngaroko diseuseup kabeh ku nu ngaroko sorangan. Berespan?.
> Teuing atuh kumaha kasebutna anu masih keneh keukeuh ngaroko , padahal
> dina  sakur bungkus rokona  wae` pan geus di bere nyaho yen ngaroko teh
> bisa  naon cenah. Bisa ngakibatkeun impotensi,  keguguran janin, sakit
> jantung . Naon deui atuh?.  Tapi sanajan  dibere nyaho kitu, keukeuh we
> ngaroko terus.
> Nya  kasebutna teh , geus nyandu tea meureun, ari embung disebut bedegong
> atawa teu  bisa ngarti mah. Ah duka atuh.
> Kuring ge baheula ngaroko, tapi Alhamdulillah sanggeus boga budak mah, taun
> 1987 bisa eureun sorangan, sanajan bari jeung  menderita. Ceuk pikir teh, ti
> batan ngaracun budak ku haseup  mending  duit ajang meuli rokok teh
> dikumpulkeun keur meuli susu budak. Geura sok itung  ku sorangan, pan
> lumayan tah duit nu di sundutan teh bisa dipake keur  nambahan gizina budak
> urang sorangan. Ma'lum lah  gaji kuring harita  pan pas pas wae,
> Alhamdulillah  pas eureun meuli ( maksud teh eureun ngaroko oge), kuring
> bisa nambahan  ipekah keur kulawarga, cukup keur meuli susu budak.
> Padahal  mah, waktu ngamimitian kudu eureun ngaroko teh mani  hese pisan
> teh berjuangna. Ya mudah mudahan we perjuangan ngeureunan  ngaroko teh
> kaasup  kana ibadah muamalah kuring anu  bisa direken pahala ku Gusti Allah.
> Amiiin.
> Ieu mah lain mamatahan ka sasaha, tapi ngan ngadongengkeun pangalaman
> sorangan we.
>
> Cag ah. Ulah  parasea atuh  era  ku balarea.
>
> Wassalam
>
> Ujang Dudi urang Garut oge
>
> --- Pada Sel, 30/6/09, irpan rispandi <[email protected]> menulis:
>
>
> Dari: irpan rispandi <[email protected]>
> Topik: Re: [Urang Sunda] [Fwd: [jabotabek] Perang Rokok RI-AS]
> Kepada: [email protected]
> Tanggal: Selasa, 30 Juni, 2009, 5:09 AM
>
>
> He..he..he..
> sepandai-pandainya tupai meloncat satu waktu jatuh juga.
> sakali ieu mah si irpan 'kena batunya' he..he..he....
>
> Ieuh mang Subur, lamun mang subur nangtang gelut, kuring mah moal narima
> tangtangan mang subur. kajeun rek ngaku eleh we. Geus kuring eleh lah
> gelutna ku mang subur mah.
> rek disebut kumeok memeh dipacok, sok.
> rek disebut leutik burih, kajeun.
> rek disebut banci, kaci.
> rek disebut pengecut, nurut.
>
> tapi lamun mang subur nangtang diskusi adu pendapat. hayu diladenan ku
> kuring.
>
> subur natapradja wrote:
>
>
>
>
> Nuhun alamat na.....antosan weh....kuring pulang ka indo tgl 20
> november......
> Ceuk didinya geus bosen ngabejaan ti baheula....tapi buktina euweuh saurang
> ge nu nurut nya....tah eta teh pelajaran jang didinya, yen salah cara
> ngabejaan nana, jait atuh anu salah teh ( tukang ngarokok ) lain di hina
> kitu,apan pan kuring geus nyarita mun rek ngajak batur ka jalan alus kudu ku
> jalan anu pikaresepeun batur, jadi batur bakalan simpati tur mikiran ,jeung
> didinya ngomong masalah manggu, kuring teu nyebutkeun didinya ngabohong,
> justru kuring ge ngabenerkeun tulisan didinya anu mimiti, ngan pake atuh
> polo teh ulah sampe ngajejeleh kitu ari didinya boga keneh perasaan jeung
> rumasa masih boga hate normal siga jelema nu sejen na, tah eta masalahna
> kunyuk teh siah.. ari ieu buktina matak pikasebeleun batur teu weh aing
> nyebut najis mah sanajan sarua urang sunda....tapi geus ahhh.... urusan
> email mah percuma jeung euweuh hartina ngalayanan jelema anu boga rasa aing
> pang bener na ( pedah teu ngarokok ), tapi hate na sarua jeung hate iblis
> anu resep
>  neangan musuh.......tungguan weh dina waktu na....
> Pesen saya ngan sa eutik..."""" saya si subur nantang gelut iraha wae tur
> dimana wae papanggih na ''''''''
> kata2 eta euweuh istilah kadaluarsa,,,,,sanajan 1,2,3 thn....sing inget
> weh....
>
>
>
>
>
>
> From: irpan rispandi <[email protected]>
> To: [email protected]
> Sent: Tuesday, 30 June, 2009 2:34:57 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] [Fwd: [jabotabek] Perang Rokok RI-AS]
>
> Mang/Bah/Kang Subur,
> kuring irpan rispandi, urang sunda ti garut, anu boga email
> [email protected].
> ari biasana mah ngirim email teh tina email nu ieu. ngan eta mah, kabeneran
> we narima email ngeunaan rokokna dina email nu sejen, jadi weh di forward
> tina email eta.
> bisi hayang panggih jeung kuring, sok datang ka wisma 46, kota BNI, lt 31,
> jl sudirman jakarta pusat. ameh gampang, email heula ka kuring, hayang
> panggih kitu. Hayang nyaho rek nyarekan kumaha si mang Subur ka kuring.
> he...he..he..
>
> ngeunaan basa, ceuk kolot ge basa mah teu meuli. rek lemes rek kasar kumaha
> nu makena we. ngan kuring mah hayang nurutan manggu embung nurutan
> kadongdong.
> naon bedana manggu jeung kadongdong?
> ari manggu mah sanajan luarna hideung, tapi jerona bodas. Jeung deui,
> manggu mah tara bohong, lamun diluar cupatna 6 maka eusina buahna oge tangtu
> 6.
> ari kadongdong, sanajan ti luarna lemes tur koneng, ari jerona remet
> pajurawet, lamun didahar teh matak nyarelap dina huntu.
>
> geus bosen kuring ge ngabejaan nu ngaroko sangkan tong nyiksa batur ku
> haseup roko teh. tapi nya kitu, karesep nyiksa batur ku haseup teh meni
> dipiara jeung dinikmati ku peroko mah. he..he..he...
>
>
> subur natapradja wrote:
>
>
>
> Ti baheula..... .aya deui aya deui anu ngahina ka tukang rokok, mang
> taun-taun di sabaran weh teu komen nanaon,da sugan jeung boga rasa sanubari
> keneh dina hate na hayang jadi duduluran keneh ari sarua papada urang sunda
> mah, komo mun sa-agama mah sarua islam na, da umat islam nu bener mah tara
> nyinggung perasaan batur....
> kieu weh atuh ayeuna mah kang janaka nu kasep nu pinter......
> Upami bade masihan saran atanapi nasehat, sim kuring insya Allah bakalan
> nampi kalayan nganuhunkeun da tangtos na ge penting panginten ari nasehat
> mah, mung atuh ulah dugi ka ngahina ka tukang ngaroko teh, da kuring teh
> bodo2 ge jelema, sing bisa atuh ngajenan kana perasaan batur, ieu mah kawas
> aing pang mulya na wae siah sungut teh .....engke deui mah ulah nulis di
> email kang lah ka kagok2....langsung weh di jalan geura sok mun wani mah ,
> ngomong na persis siga kitu langsung hareupeun tukang ngarokok, komo mun
> hareupeun saya mah di bebekeun siah sungut teh....
> Ka para kuncen...hapunten sarebu kali hapunten sim kuring nu bodo nuju
> emosi, komo ka anu bodo siga sim kuring mah, kudu na mah anu palalinter teh
> ngahargaan tur mun bisa mah ngajait ku cara nu hade, anu moal pikanyerieun
> batur , kumaha weh carana mah , apanan pinter pasti bisa cara menyampaikan
> nana....sim kuring mah keuheul teh ku teu liren2 ngahina ka tukang ngarokok
> teh, matak naon ku jalan lemes, tur matak simpati ka urang na, da ari kitu
> mah babasaan nana,boro2 hayang nurut, nu aya mah hayang mekprek cukang irung
> na. sigana maneh na nu iblis teh da gening babasaan nana matak emosi ka
> batur nu sok ngarokok, apanan sifat iblis anu kitu teh....sakali deui
> hapunten ka anu sanes na wargi- wargi dimana wae linggih na,
> Gusti Allah anu Maha Suci sareng Rosululloh oge teu dugi ka ngahina ka anu
> sok ngarokok teh, paling ge mepelingan, naha ari ieu babasaan teh meni kitu,
> berarti maneh na weh nu boga sungut teu beda jeung iblis.
>
> S M Natapradja
>
>
>
>
>
> From: Janaka putra tengah Pandawa <janaka....@gmail. com>
> To: urangsu...@yahoogro ups.com
> Sent: Tuesday, 30 June, 2009 12:09:24 PM
> Subject: [Urang Sunda] [Fwd: [jabotabek] Perang Rokok RI-AS]
>
>
>
> Perokok, goblog, belegug, teu bisa mikir, boloho, teu boga cedo,
> uteukna dina tuur, teu bisa milih mana nu hade mana nu goreng keur
> kasehatana.
> Pengusaha rokok, teu kreatif, kabisana ngan ukur nyieun usaha anu
> ngarugikeun kasehatan manusa. Naluri bisnisna iblis.
> Pamarentah, halah....... ... geus teu kudu diomongkeun deui.... kabeh ge
> pada nyaho jeung nyakseni....
>
>
>
>
>
>
> --
>
>
>
>
> Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere. Show me how.
>
>
> --
>
>
>
>       Mulai chatting dengan teman di Yahoo! Pingbox baru sekarang!! Membuat
> tempat chat pribadi di blog Anda sekarang sangatlah mudah.
> http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/
>
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke