Bisa jadi kitu. Di milis sabeulah, nu husus soal nonovelan, si riva tatangga antapani, ayeuna di finlandia, ngekeak, wah, dibere kembang langsung milih JK, cenah. Haha
Tangtu politik kembang ieu teu patali jeung minerva florist di cihideung nu tukang kembang. Tapi sacara rasional versi si kuring, mun cek john lennon mah, give peace a chance, tah si kuring mah rek give non-javanese a chance. Cikan kumaha. Oge komposisina hade, teu jawa kabeh atawa sulawesi kabeh, tapi representasi nusantara. Bisa dipatalikeun jeung kondisi masing-masing: Asana mega-prabowo baris nyabut aturan outsourcing, tah ieu bisa peluang alus pikeun pagawe nu ayeuna kondisina kitu, dioutsourcing. Sugan jadi pagawe tetap. Tapi karek jangji tea. _____ From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Kumincir Wikidisastra Sent: Wednesday, July 01, 2009 12:11 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] jurus milih capres cawapres lamun anu kawentar mah politik uang, ari ieu mah kasebutna pulitik kembang meureun nya, mang? 2009/7/1 mj si kuring oge keluarga, lain kampanye ieu mah, rek milih JK leuwih ku alesan pribadi, pedah manehna (atawa atas nama manehna) ngirim kembang ucapan selamat ka kawinan adi bungsu. tangtu mangrupa kahormatan ka keluarga si kuring. jabanan JK teh de facto de jure, masih keneh Wakil Presiden RI.

