Sakabeh jelema pasti pernah ngasaan boga salah. Nu hese mah neang anu rumasa salah...
-Bohay- 2009/7/1 waluya2006 <[email protected]> > > > Dany Setiawan urut gubernur Jabar, dihukum opat tahun panjara kulantaran > perkara mobil pemadam kebakaran. Dany kabejakeun NARIMA HUKUMAN ETA, manehna > henteu banding!. Kuring rada reueus oge ku sikep Dany narima hukuman ieu, > leupas tina kasalahanana. Biasana mah jarang pajabat/ urut pajabat nu > dihukum kulantaran korupsi langsung narima kana hukuman, tapi terus2an naek > banding ...tepi ka kaluar kaputusan MA, malah sakapeung tepi ka PK sagala. > > Sikep narima hukuman, nu hartina NARIMA KANA KASALAHANANA, jarang pisan di > urang. Malah aya urut pejabat, dipanjara kulantaran kasus manipulasi, tapi > tetep keukeuh jadi ketua hiji organisasi olahraga. Kaluar ti panjara, siga > nu teu boga kaera, kandel kulit beungeut, ayeuna kekeuh hayang jadi ketua > organisasi koperasi. Tah umpama kabeh pelaku kriminal teu baroga kaera kitu, > sigana masalah KKN di nagara urang moal bisa diberantas bener-bener ..... > > Sikep Pa Dany "picontoeun" keur para koruptor sejenna! > > Baktos, > WALUYA > > >

