Saleresna abdi oge rada manghanjakalkeun, ayi irfan kenging hukuman ieu, abdi oge ngaraos dosa henteu ngemutan ayi irfan ulah ngagunakeun basa anu garihal,ngan hanjakal abdi leutik burih teu aya kawantun. Jigana ayi irfan masih anom keneh, biasa ari anom tea masih sok hilap, kabablasan, teu emut akibatna ... abdi oge sami waktos keur anom tara asak2 mikir, teu ngemutkeun akibatna. Abdi oge teu terang, parantos sabaraha kali ayi irfan kenging teguran wirehna ngagunakeun basa anu garihal, karaos ku abdi upami teu aya nu ngemutan, kalakuan salah,asa bener bae. Mudah2an mj tiasa leleh manahna, ayi irfan tiasa sapertos bihara bihari deui, ngariung dina milis sunda ieu, urang silih hapunten, manjangkeun silaturahmi, rumaos jalmi mah teu tiasa leupas tina kalepatan. Urang candak positipna, mugia kajadieun ieu janten pieunteungeun kapayun, henteu kaalaman deui. Amin, hapunten kumawantun, teu aya maksad anu awon.
--- On Wed, 7/1/09, ua duq <[email protected]> wrote: From: ua duq <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Alus tah kuncen teh euy...!!! To: [email protected] Date: Wednesday, July 1, 2009, 8:57 AM wa ntit, naha nya da basa kuring babara kali jonghok jeung si eta teu kaciri garihal sifatna mah. malah kuring mah kungsi 'bogoh' ka manehna, gara-gara cara manehna milihan kecap keur ngomong haha. mun ngeunteung kana postingan nu dikirim mh ngeunaan debat kontek luhur jeung handap, kuring mah ningali kahariwang dedy mulyana, nu nulis eta artikel, nu nyebut lamun debat di indonesia make konteks handap inggis ' terjadi perseteruan antarpendukung kandidat politik bersangkutan yang juga tidak terbiasa mengelola konflik.' persis kajadian di ieu milis. irpan si pelaku komunikasi kontek handap diherengan ku samilis kusnet nu ngarupakeun komunitas pamake komunikasi kontek luhur. di dieu mj, salaku ko-kuncen nu boga wewenang ngaluarkeun kawijakan, nyokot kawijakan cara kpu, meundeutan pelaku komunikasi kontek handap ka ieu milis, lamun teu kitu inggis milis kusnet jaga nu ngari ukur si irpan. heuheuy deuh :) 2009/6/30 Tito Suryana <ti...@telkom. co.id> kuduna mah ti baheula meureun..... ...... nya sugan weh atuh kang irpan sadar teu garihal teuing... dalah kumaha oge basa mah ciciren kumaha sifatna ----- Original Message ----- From: Reka "Bohay" To: urangsu...@yahoogro ups.com ; US Gankleboy Sent: Tuesday, June 30, 2009 8:22 PM Subject: [Urang Sunda] Alus tah kuncen teh euy...!!! Si Irpan ditajong euy??? Naaaa, lain ti kamari atuh. Heuheuheu... -Bohay- ) Reply (via web post) | Start a new topic -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ uaduq.co.cc

