Eh aya Kang Inawati..
heu heu

Alhamdulillah dadang. Eh, damang.
kumaha sawangsulna ?



-Jay-


--- In [email protected], "K7/P1" <ina...@...> wrote:
>
> halo jay apa kabar jay? kumaha damang jay?
> jay kumaha laku komporna?
> 
> ************----*************
> Asal connect ke internet anda dapat penghasilan, aktifkan browser selama
> connect, anda mendapat penghasilan tiap 1 jam = $0,45 atau Rp4.500
> Klik link ini dan regristrasi, penghasilan diterima via check (tulis alamat
> lengkap) atau paypal: http://www.surfjunky.com/?r=inawan
> ----------------------------------------------------------------
> ::ri_1::
> Hompage : http://inawan.blogspot.com
>                 http://inawan.multiply.com
> Mobile     : +62-818-109410
> www.urang-sunda.or.id.
> su.wikipedia.org
> [email protected]
> [email protected]
> urangtasik.multiply.com
> 
> 
> 2009/7/2 Jay <jay_tukangkom...@...>
> 
> >
> >
> > "Jay, tong udud wae maneh teh atuh!"
> > "Naha kitu ?"
> > "Haram deuleu !"
> > "Ceuk saha ?"
> > "Ih ari maneh, apanan geus aya fatwa-na yen udud teh haram"
> > "Fatwa ti saha ?"
> > "Ti MUI atuh!"
> > "Majelis Ulama Indonesia ?"
> > "Enya !"
> > "Owh kitu ?"
> > "Enya !"
> > "Jadi, udud teh haram ?"
> > "Enya !"
> > "Mun udud haram, hartina ngalakukeun udud teh dosa atuh nya ?"
> > "Enya !"
> > "Komo mun bari nyundut pom bensin mah, heueuh ?"
> > "Enya !"
> > "Jadi status-na teh atuh ningkat ayeuna mah udud teh ?"
> > "Ningkat kumaha ?"
> > "Tadina mah apanan loba pendapat yen udud teh makruh,
> > tuluy ayeuna jadi haram"
> > "Enya kitu.."
> > "Jadi teu meunang udud atuh ?"
> > "Teu meunang!"
> > "Mun roko-na haram teu ?"
> > "Nya sarua !"
> > "Ceuk saha ?"
> > "Ceuk saha-ceuk saha.... apanan tadi geus disebutkeun ih!"
> > "Enya ududna nu haram mah, ari rokona mah da teu haram ieuh.
> > Haram soteh mun diudud !"
> > "Ih, ari maneh...!"
> > "Lain, apanan model daging bagong geuning, dagingna mah apanan
> > teu haram. Tah, mun didahar, karek haram.."
> > "Ah, ari maneh. Sok kamana karep"
> > "Yeee, atuh Gusti Alloh ge moal nyiptakeun bagong ari bagongna
> > sorangan haram mah. Keur nanahaon ?"
> > "Nya eta mah urusan Gusti Alloh"
> > "Cik, atuh boga uteuk teh digunakeun. Hal-hal anu teu jelas teh pikiran !"
> > "Maksudna ?"
> > "Model Fatwa oge. Ari Fatwa teh pendapat manusa anu ngabogaan unsur
> > kira-kira jeung meureun keneh. Pendapat eta dumasar kana sagala
> > sudut pandang, salah saratusna tina sudut pandang kasehatan jeung
> > agama. Tah, udud ge dumasar kana sudut pandang kasehatan mah, matak
> > ngarugikeun nu udud. Apan ngarusak kasehatan teh ceuk agama ge teu
> > meunang."
> > "Jadi maneh satuju atuh kana Fatwa Udud Haram teh ?"
> > "Teu satuju !"
> > "Ih, ari bieu ? cenah ceuk maneh udud teh ngarusak kasehatan ?"
> > "Soal ngarusak kasehatan mah, sagala rupa ge bisa. Misalna, begadang,
> > naek motor teu make baju, dahar loba teuing, komo tara barangdahar.
> > Kabeh ge sarua we ngarusak kasehatan. Tapi naha teu diharamkeun ?"
> > "Eta mah lain deui atuh !"
> > "Kieu we atuh. Ceuk maneh, nu boga kakuasaan nangtukeun haram, wajib,
> > sunah atawa makruh teh saha ?"
> > "Nya Alloh atuh !"
> > "Ari MUI Alloh lain ?"
> > "Nya lain !"
> > "Naha bet nyaruaan Alloh ?"
> > "Maksudna ?"
> > "Apan nu boga hak nangtukeun halal, haram, sunah, wajib, makruh teh
> > Alloh.."
> > "Enya.."
> > "Nabi oge teu wani-wani nyebutkeun inih ituh haram, salian ti anu
> > geus ditangtukeun ku Alloh"
> > "Hmm.."
> > "Nabi wae mun aya hal-hal anu teu jelas, sok tatanya ka Alloh heula.
> > Ari MUI sok tatanya teu ka Alloh ?"
> > "Teuing atuh.."
> > "Bagong haram didahar. Haramna eta tuluy ditalungtik kunaon sababna.
> > Sihoreng dina daging bagong mah loba mikroba anu ngarugikeun
> > kasehatan. Sabab, hirupna oge kotor. barangdaharna oge kotor. Tuluy
> > cara hirupna oge kotor. Karek kaharti mun daging bagong teh haram
> > mun didahar"
> > "Enya"
> > "Tah, kuayana ayeuna tehnolohi geus maju. Bagong teh ayeuna mah
> > dibudidayakeun. Daharna beresih, pon kitu deui dagingna ge bersih.
> > Mun didahar ge, aman keur kasehatan"
> > "Tuluy ?"
> > "Mun geus kitu, aya teu nu wani-wani ngaluarkeun fatwa yen daging
> > bagong teh ayeuna mah halal ?"
> > "Teuing..."
> > "Tah, matakna..."
> > "Ah ari nu sok udud mah da memang sok hararese, bisa wae neangan
> > alesan !"
> > "Lain kitu Dul... mun pamarentah atawa pihak-pihak nu teu satuju soal
> > udud,cik atuh make cara-cara anu hade. Diajar atuh ka Pom Bengsin.."
> > "Naha bet ka Pom Bengsin ?"
> > "Mun datang ka Pom bengsin, aya kitu nu wani arudud ?"
> > "Euweuh !"
> > "Enya Euweuh, sabab kaharti yen mun udud di Pom Bengsin tuluy nyundut
> > kana Bengsin, geus pasti kahuruan. Kabeh ngarti kana hal eta"
> > "Enya.. tuluy ?"
> > "Tah, supaya urang sakabeh teu arudud ku lantaran bisi ngarusak
> > kasehatan, atuh bere nyaho ka masarakat bahayana udud teh. Sing
> > jentre, sing hade, bari teu kudu matak nyeri hate !. Bere
> > pengertian, meh kaharti. Da mun geus ngalarti mah keu kudu dicurum
> > caram ge areureun sorangan ieuh arudud teh"
> > "Heueh nya..."
> > "Nya heueuh atuh..!"
> > "Ari maneh ngarti teu bahayana udud ?"
> > "Nya Ngarti atuh !"
> > "Naha atuh mun ngarti mah geuning udud keneh ?"
> > "Eh Dul, uing teh sabenerna mah gemes. Mun bisa mah hayang ngaduruk
> > pabrik rokona sakalian."
> > "Naha atuh lain diduruk ?"
> > "Ngaduruk pabrik mah apanan ngalanggar hukum"
> > "Trus ?"
> > "Tah kusabab teu bisa ngaduruk pabrikna, jadi ku uing ngeureuyeuh
> > ngaduruk rokona sabatang-sabatang..."
> > "Aaaaahhhhhh....... angger !"
> >
> > -Jay-
> >
> >  
> >
>


Kirim email ke