kela2 pacengkadan teh naon Teh Roro? jigana basa sunda uing rada-rada kurang referensi yeuh... dimaklum nya, sapopoe pagiling gisik jeung URJAW jadi basa sunda uing teu nambah2, malahmah ngurangan. matakna kuring teh miluan ieu millis supaya basa sunda uing nambahan, nya mun teu nambahan munimal nu aya teu dipopohokeun. Oh...masalah rokok! alhamdulillah kuring geus 3 tahun saprak lulus ti status mahasiswa, bisa eureun udud.
2009/7/3 Roro Rohmah <[email protected]> > > > Baraya, > > Maos pacengkadan Cev Irpan vs Kang Sobur balukar tina masalah roko, kiwari > aya roko model anyar nu “diyakinkeun” bisa nyalametkeun sadayana… nu sedep > nyesep tiasa raos ngelepus bari teu digurah-geureuh ku nu sanes, nu teu > ngaroko ge tiasa tingtrim ngajalankeun kahirupanana.. > > > > Tadina bade ditangkodkeun filena tapi ageung pisan, sumangga toonk di : * > http://www.ecassoc.org/resources/data-resources* > > ** > > *ro2* > > >

