Padahal poe rebo isukan ceuk grenpa (aki) uing poean larangan bulan. Dina poean larangan bulan ceuk sabagean kapercayaan urang sunda kurang hade dipake ucura acara, samodel hajatan, nanyaan atawa ngamimitian jualan, komo deui ieu jang nangtukan pamingpin urang, mun dirumpag sok aya mamalana cenah, tapi duka ari acarana ngaliwet bari jeung ngabakakak mah sigana mamalana beuteung bureuteu bakating ku seubeuh.
Kanu nek galolprut hal ieu meureun dipake alesan, komo ningali dina kalender isukan teh ninggang tanggal 15 pahing. Pan pahing teh dina basa sunda hartina pantangan; dipahing;dipantang; dicaram. Encan meureun alesan nyeuri beuteung geus disiapkeun atawa alesan sare kabablasan nepi kasore, lantaran peutingna teu bisa sare guling gasahan terus mikiran naon anu nek dicontreng. Sanarieun si uing kamari kabere surat jang nyontreng, atuh meureun peuting teh bakal guling gasahan yeuh, kumaha mun sapeuting jeput can meunang piliheun wae, bisa bisa dijero kombong ngitung kancing heula, tapi pan make kaos mah euweuh kancingan, tapi moal beakeun akal, pan kutang nini2 asana sok aya kancingan, nya samemeh ka kombong rurat reret heula sugan we aya nini-nini meuncreung, diajak heula we, pan bisa sekombong berdua najan ngan ukur lima menit. ----- Original Message ----- From: ki_ontohod To: [email protected] Sent: Tuesday, July 07, 2009 8:48 AM Subject: Re: [Urang Sunda] naha bet rebo? tah eta, tapi bisa jadi sabalikna, mun tengah poean gawe mah pagawe kagok rek niir ge, kudu niir dua poe. antukna, najan libur ge teu baralik, tapi oge teu bisa migunakeun hak pilihna, da lain di domisilina. akal-akalan? kateuing ah.... hurip golprut!!! *golprut: golongan jeprut .

