Aya hikmahna geuning, ti satutasna Kang Irpan ditajong ku Kuncen, rabeng malah 
meh napuk carita jeung kahayang nu bisa ngeureunan tina ngaroko, malah unggal 
nu ngaroko jigana geus apal pisan, naon jeung kumaha strategi pikeun ngeureunan 
ngaroko, lantaran ti baheula mula strategi eureun ngaroko geus rea ditulis, boh 
ku para dokter jeung ti para ahli kasehatan jeung ti nu tadina nyandu roko nepi 
ka bisa ngeureunan  ngaroko, eusina wungkul matak pikabitaeun nu sok ngaroko.
Abah teu kaasup nu sok ngaroko, tapi aya pangalaman dina hirup kumbuh sapopoe 
anu dina bilangan umur mah geus cueut kahareup, geus lingsir ngulon memang, di 
Tegallega di Bandung, selang sapoe mah sok ngahajakeun ngadon jalan kaki, lima 
kuriling rata-rata, sakuriling Tegallega teh nepi ka ayeuna ku Abah diitung 
rata-rata 17,5 menit can pernah kurang ti eta, mun rata-rata lima kuriling 
Tegallega, jadi kurang leuwih sajam satengah lah dibuleudkeun. Anu lima 
kuriling teh ukur leumpang teu make nyigcrig sagala rupa, teu kaasup jalan 
cepat deuih, ngan ukur mampu sakitu. Leumpang ngan rada rusuh meureun ngaranna.
Lagu reureuh bari nyangsaya teh sok ngahaja ngambeng goreng 
sampeu......singkong keju tea geuning, ni’maaat............ teh, tah waktu keur 
reureuh eta sok gepyak ngadarongeng jeung sasama nu keur pada-pada istirahat. 
Di antarana aya orang Tionghoa duaan, basa Sunda-na nyunda pisan, ngakukeunana 
mah urang Jl. Haji Basar, di daerah Jln. Kebon Jati, bari nanya ka Abah make 
ragam hormat, urang Sunda kitu-kitu wae mah, matak era parada mun merhatikeun 
manehna nanya, ti lentong jeung ucapan leuwih nyunda ieu mah.  
”Dupi Bapa sabaraha yuswa ?”
”Lima puluh dalapan ...” Cekeng teh
”Abdi genep puluh tujuh taun, janten kolot abdi meh sapuluh taun nya ?” Ceuk 
manehna bari tuluy nanya  deui ”Sabaraha kuriling biasana Bapa mapah didieu ?”
”Lima kuriling. Kitu ge ukur we leumpang”.
”Sami sareng abdi, mung pedah abdi unggal dinten kadieuna, rata-rata teh genep 
kuriling, pedah abdi mah tilu kuriling mapah, anu tilu kuriling deui bari 
lumpat, istirahat weh didieu, tah sareng ieu rerencangan abdi ti bubudak”. bari 
nunjuk baturna.   
”Cik..cik... kumaha eta teh palakiahna, bisa sehat kitu ?” ceuk Abah teh 
panasaran
”Hoyong terang palakiahna, tah ku ieu ..... Pa !” bari kusiwel ngaluarkeun Ji 
Sam Soe tina pesakna, bari tuluy diseungeut kituna teh, ngahaja diudud, 
hareupeun Abah.
”Ah ..... nurustunjung.. ” Ceuk Abah teh.
”Henteu nurustunjung Pa, ilmiah ieu mah, mun abdi henteu udud, moal kuat lumpat 
sakuriling Tegallega ge, lantaran naon ? Nu eureun ngaroko biasana kana barang 
tuangna ngagalaksak, kana peremen maceuh, matak tong aneh nu liren ngaroko 
awakna sok ngadak-ngadak ngalintuhan, kawas kenging niup mun balon mah, mun 
awak ngalintuhan moal-moal acan tiasa lumpat, komo make lima kuriling 
Tegallega, sakuriling ge moal kiateun, jigana, nu matak abdi jeung babaturan 
ieu teu pernah eureun ngaroko. Jadi sabenerna mah teu kudu dilarang-dilarang ku 
pamarentah sagala urusan ngaroko mah, soal cetek nu kitu mah, pamarentah loba 
keneh uruseunana, soal udud mah kumaha dirina masing-masing, hayang ngaroko 
pek, henteu oge pek teh teuing, karepna ieuh”
Abah mikir bari balik, enya kitu......... 
Hareneg kudua-kutilu, kahiji eta urang Tionghoa, basa Sundana estuning pujieun 
lain heureuy, taya codekana, beres entep seureuhna, na ari urang ? urang 
Sundana, nu dipake teh nu garihalna we wungkul,
Kaduana, soal ngaroko, enyaa kitu .....?  bungkusan goreng sampeu mah 
tinggaleun, kapopohokeun.

================================
H.Maman Moch Dachman. 
Jl. Margajaya V. No. 5
Bandung - 40224
visit; 
[email protected]
http ://abahbandung.blogspot.com
================================



      Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com

Kirim email ke