Kang Subur, 
Leres pisan peranan  NIAT teh  ageung pisan kana keberhasilan ngudag cita cita. 
Sigana samemeh niat eureun ngaroko, niatkeun heula rek niat  eureun ngaroko . 
Jadi niatna dobel.Mun tos pernah liren ulah satengah satengah. Kedah sakaligus 
liren. Mun masih keneh palay ngaroko ya teu nanaon sundut we rokokna, 
tapi....... waktos nyisepna  kedah dibalikkeun.... he...he. Heureuy we ieu mah 
kang, bongan akangna bedegong....he..he
 
Wassalam
Dudi
Manten tukang rokok nu tos insaf tina ngisaf roko
--- Pada Kam, 9/7/09, subur natapradja <[email protected]> menulis:


Dari: subur natapradja <[email protected]>
Topik: Re: [Urang Sunda] Soal Udud Deui Bae
Kepada: [email protected]
Tanggal: Kamis, 9 Juli, 2009, 12:53 AM










Assalamu'alaikum wr wb
   Rada formal ahhh...da serius eiu mah yeuh.......
Sim kuring bade nyuhunkeun tulung ka para sesepuh sareng ka para kuncen anu 
maos ieu curhat sim kuring, nyaeta ngeunaan ngarokok keneh, ngan abdi percanten 
ka wargi2 sadayana, tos langkung luas pangarti na tur pangalaman nana, numawi 
kitu abdi nyuhunkeun tulung manawi aya cara anu hade kanggo abdi liren tina 
kacanduan ngarokok, soalna masalah na teh gening dina ' NIAT ', cik susuganan 
aya cara kumaha manjegkeun NIAT sangkan kuat, keun weh teu sakaligus oge, atuh 
ngirangan2 tina ngarokok na, ari anu janten masalah, cara abdi ngarokok aya 
alus tur aya goreng, cing sugan aya jalan kanggo miceun anu goreng 
na....caritana kieu palawargi.
1......Sim kuring ngarokok tos aya kana 30 thn na, ngan aya alusna....kabiasaan 
sim kuring ti baheula na, kudu ngisep rokok teh di barengan ku nginum anu matak 
seger kana tikoro, jadi uapmi teu aya cai mah sanajan geus 6 - 7 jam atawa 
kadituna sapoe jeput siga sasih ramadhan, alhamdulillah teu kabita ku rokok, 
saeutik oge sanajan aya hareupeun tur katingali, teu  ngaraos kabita saeutik 
oge da tikoro garing, tur geus kasawang weh dina pikiran ge, yen embung da mun 
ngarokok ge moal nikmat. eta alusna kuring bisa eureun selama teu aya cai.
2.........ari goreng na, nyaeta sabalik na, mun aya cai komo aya kopi mah, 
kuring teu bisa ngajauhan tina rokok,da ngaraos seger tea, jadi kudu atawa ceuk 
hate sorangan mah asa di wajinkeun kudu aya udud, da eta weh, kajeun teu nginum 
lamun euweuh rokok, da asa kasiksa mun geus tikoro seger tapi teu aya rokok, 
mendingan keneh teu aya sangu rarasaan mah, da piraku ari ulah nginum mah 
onggal pabeubeureang, sedengkeun loba minum teh apanan di anjurkeun demi 
kasehatan.
  Sabenerna mah sim kuring ge ngarasa kasiksa ku pamolah sorangan tur heuras 
jeung bantangul ieu hate teh , sabab teu enjoy ( puten teu terang sunda anu 
tepat na ) siga batur anu teu ngarokok, kuring teu bisa karestaurant atawa ka 
gedong2 naon bae anu teu bisa ngarokok, sigana sanajan di undang ku mentri oge 
lamun kudu lila di jero gedong na, tur di sadiakeun makanan jeung minuman anu 
narikmat, sim kuring mugen heula alias mikir 3x, da kasiksa atuh mun teu bari 
udud mah..
   Cik ka para pupuhu anu tos luas pamandangan dina nangtukeun cara anu hade 
kanggo simkuring, insya Allah ka-angge atanapi henteu ku sim kuring  bade di 
jantenkeun pedoman ( naon nya sundana )kanggo sim kuring, mudah2an aya manfa'at 
na tur janten amal ka saha bae anu tiasa  mairan ka sim kuring, amiin......
   Da ari ku do'a hungkul mah teu mujarab wae gening, da emang rumasa kedah 
dibarengan ku kayakinan jeung niat anu kuat, tah ngedalikeun NIAT ieu, kumaha 
nya carana...??? ????
hatur nuhun sateucana na sareng mugia janten amal kasaean ......
Atuh bilih ka para sesepuh ngaraos bosen, masalah rokok deui , rokok deui, 
sawios teu kedah di waler, da ieu mah namina ge curhat mamanawian aya nu kersa  
nga gubris.
 
Wassalam
K Nata





From: H Surtiwa <surt...@gmail. com>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Thursday, 9 July, 2009 7:56:38 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Soal Udud Deui Bae



lamun urang hayang uereun ngaroko..tapi dina pipikiran masih tradisionil. yen 
ngaroko teh ngaruksak kasehatan (masih pro jeung kontra) ..ngaganggu batur 
(biasana paduli teuing atawa m3emang biasa ngaganggu0.. pasti moal hasil..alias 
moal eureun...Eta mah kedah ti lebet jero hate anu nyinggung harga diri..(ieu 
ceuk patunjuk psikolog). proklamasikeun wae dina hate sapertos kieu ;

" Uing lalaki, lalaki US mun teu bisa eureun ngaroko uing teu bisa dibanggakeun 
ku anak pamajikan, uing keok, uing pecundang ceuk urang Malaysia mah". Emut2 
wae ieu niat teh saatos shalat subuh unggal dinten. Insya Allah.


2009/7/8 Moch Dachman Maman <maman.mochdachman@ yahoo.com>









Aya hikmahna geuning, ti satutasna Kang Irpan ditajong ku Kuncen, rabeng malah 
meh napuk carita jeung kahayang nu bisa ngeureunan tina ngaroko, malah unggal 
nu ngaroko jigana geus apal pisan, naon jeung kumaha strategi pikeun ngeureunan 
ngaroko, lantaran ti baheula mula strategi eureun ngaroko geus rea ditulis, boh 
ku para dokter jeung ti para ahli kasehatan jeung ti nu tadina nyandu roko nepi 
ka bisa ngeureunan ngaroko, eusina wungkul matak pikabitaeun nu sok ngaroko.
Abah teu kaasup nu sok ngaroko, tapi aya pangalaman dina hirup kumbuh sapopoe 
anu dina bilangan umur mah geus cueut kahareup, geus lingsir ngulon memang, di 
Tegallega di Bandung, selang sapoe mah sok ngahajakeun ngadon jalan kaki, lima 
kuriling rata-rata, sakuriling Tegallega teh nepi ka ayeuna ku Abah diitung 
rata-rata 17,5 menit can pernah kurang ti eta, mun rata-rata lima kuriling 
Tegallega, jadi kurang leuwih sajam satengah lah dibuleudkeun. Anu lima 
kuriling teh ukur leumpang teu make nyigcrig sagala rupa, teu kaasup jalan 
cepat deuih, ngan ukur mampu sakitu. Leumpang ngan rada rusuh meureun ngaranna.
Lagu reureuh bari nyangsaya teh sok ngahaja ngambeng goreng sampeu...... 
singkong keju tea geuning, ni’maaat..... ....... teh, tah waktu keur reureuh 
eta sok gepyak ngadarongeng jeung sasama nu keur pada-pada istirahat. Di 
antarana aya orang Tionghoa duaan, basa Sunda-na nyunda pisan, ngakukeunana mah 
urang Jl. Haji Basar, di daerah Jln. Kebon Jati, bari nanya ka Abah make ragam 
hormat, urang Sunda kitu-kitu wae mah, matak era parada mun merhatikeun manehna 
nanya, ti lentong jeung ucapan leuwih nyunda ieu mah. 
”Dupi Bapa sabaraha yuswa ?”
”Lima puluh dalapan ...” Cekeng teh
”Abdi genep puluh tujuh taun, janten kolot abdi meh sapuluh taun nya ?” Ceuk 
manehna bari tuluy nanya deui ”Sabaraha kuriling biasana Bapa mapah didieu ?”
”Lima kuriling. Kitu ge ukur we leumpang”.
”Sami sareng abdi, mung pedah abdi unggal dinten kadieuna, rata-rata teh genep 
kuriling, pedah abdi mah tilu kuriling mapah, anu tilu kuriling deui bari 
lumpat, istirahat weh didieu, tah sareng ieu rerencangan abdi ti bubudak”. bari 
nunjuk baturna. 
”Cik..cik... kumaha eta teh palakiahna, bisa sehat kitu ?” ceuk Abah teh 
panasaran
”Hoyong terang palakiahna, tah ku ieu ..... Pa !” bari kusiwel ngaluarkeun Ji 
Sam Soe tina pesakna, bari tuluy diseungeut kituna teh, ngahaja diudud, 
hareupeun Abah.
”Ah ..... nurustunjung. . ” Ceuk Abah teh.
”Henteu nurustunjung Pa, ilmiah ieu mah, mun abdi henteu udud, moal kuat lumpat 
sakuriling Tegallega ge, lantaran naon ? Nu eureun ngaroko biasana kana barang 
tuangna ngagalaksak, kana peremen maceuh, matak tong aneh nu liren ngaroko 
awakna sok ngadak-ngadak ngalintuhan, kawas kenging niup mun balon mah, mun 
awak ngalintuhan moal-moal acan tiasa lumpat, komo make lima kuriling 
Tegallega, sakuriling ge moal kiateun, jigana, nu matak abdi jeung babaturan 
ieu teu pernah eureun ngaroko. Jadi sabenerna mah teu kudu dilarang-dilarang ku 
pamarentah sagala urusan ngaroko mah, soal cetek nu kitu mah, pamarentah loba 
keneh uruseunana, soal udud mah kumaha dirina masing-masing, hayang ngaroko 
pek, henteu oge pek teh teuing, karepna ieuh”
Abah mikir bari balik, enya kitu........ . 
Hareneg kudua-kutilu, kahiji eta urang Tionghoa, basa Sundana estuning pujieun 
lain heureuy, taya codekana, beres entep seureuhna, na ari urang ? urang 
Sundana, nu dipake teh nu garihalna we wungkul,
Kaduana, soal ngaroko, enyaa kitu .....? bungkusan goreng sampeu mah 
tinggaleun, kapopohokeun.

============ ========= ========= ==
H.Maman Moch Dachman. 
Jl. Margajaya V. No. 5
Bandung - 40224
visit; 
maman.mochdachman@ gmail.com
http ://abahbandung. blogspot. com
============ ========= ========= ==

Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail. yahoo.com





Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere. Show me how. 















      &quot;Coba Yahoo! Mail baru yang LEBIH CEPAT. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com&quot;

Kirim email ke