Kuring lalajona rada lengkep.Panumpang aheng ibu-ibu teh, diajak tuang di hiji restoran, teras ditinggalkeun. Tah, tidinya aya mamalana, mobil nyasab, kapaksa muter deui. DI tengah jalan pendak deui jeung si biu eta, tapi teu diajak naek mobil.
Eta film teh rada aneh oge, barang rek nepi ka tanah Arab, si budak teh kakara tatanya ka bapana, ari naek haji teh naon maksudna. Si bapana, sok bangun rada kesel oge kapaksa nerangkeun perkara ibadah haji. panungtungan film oge heunteu nunjukkeun si anak insyaf terus jadi ahli ibadah. Ngan ditunjukkeun kasedih si budak teh ku cara, ceurik ngabangingik bari jeung sasarean di gigireun layon bapana. Ceuk kuring mah bagian ieu anu paling "mengharukan". Komo bari jeung diteruskeun ngamandian bapana. Tara pisan film Barat ngagambarkeun ritual ngamandian mayit. Tapi teu aya gambar waktu shalat jenazah. Padahal eta teh pan bagian tina ritual mulasara mayit. Jigana wae memang, ieu fil teh hayang nunjukkeun "kebebasan" jalma dina perkara ngagem agama. Buktina, salila bapana mukim di Paris 30 taun teh, teu aya urutna bisa ngadidik anakna jadi muslim anu sholeh. baktos, mrachmatrawyani --- On Mon, 7/13/09, waluya2006 <[email protected]> wrote: From: waluya2006 <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Beda Generasi ...... To: [email protected] Date: Monday, July 13, 2009, 10:15 AM > "Tito Suryana" <ti...@...> wrote: > cing bah, kuring oge teu terus lalajona kaburu tibra, sanes ari > panumpang aheng ibu ibu aya terasna teu/kacaritakeun deui teu ? Wah Wa Tito, kuring ge lalajona ngawitan ditengah-tengah pas bapa jeung anak ieu rek ka pagunungan di daerah Balkan (Albania), adegan sateuacanana mah teu nonton. Nu ka tonton ku kuring mah teu aya ibu-ibu ..... Baktosna, WALUYA

