Urang Inggris Embung Eleh
John Thowor mahasiswa Inggris keur kuliah di Unpad, milu program pertukaran mahasiswa. Hiji mangsa manehna milu kuliah Biologi nu keur nerangkeun kaanekaragaman fauna Indonesia. "Di leuweung Sumatera aya gajah jeung maung, di Kalimantan aya orangutan, di Ujungkulon aya badak, di Pangandaran aya banteng..." cek dosen Biologi. John ngacung. "Pa, di Inggris oge aya gajah, maung, jerapah, badak..." "Ah, nu bener?" tanya dosen Biologi asa teu yakin. Sakanyahona, di leuweung Inggris geus teu aya sato liar. "Enya aya, Pa, di kebon binatang!" John embung eleh.

