Numawi, ku kuring teu ditangkodkeun dina ieu milist, salian bilih kaabotan capasitina, oge bilih aya nu teu resepeun sapertos Akang, Puguh saleresna kuring rada teu ngartos, benten na barang bajakan sareng barang pamere... Punten pami abdi lepat, ari satadina mah keur pangaweruh urang sunda nu hoyong terang kana eusina ieu buku, nanging teu kabedag meser. MArgi dina kaayaan ekonomi model kiwari, seueur nu masih mikir dua kali mun kudu meuli buku aslina. Margi pan ursun oge teu kaya sadaya siga Akang,...aya nu teu mampu, tapi hoyong terang, tah ku simkuring dibantos sacara haratis... Mudah2an simkirung teu disamikeun sareng penjahat, da abdi mah teu ngajual, teu ngabisniskeun, estuning haratis... wassalam --- On Thu, 7/16/09, Reka "Bohay" <[email protected]> wrote:
From: Reka "Bohay" <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] The Da Vinci Code, bilih aya nu peryogi To: [email protected] Date: Thursday, July 16, 2009, 5:19 AM Bajakan= barang curian nyebarkeun bajakan= nyebarkeun barang curian. Naha dikengingkeun kitu ku agama urang? Punten kang, sanes ngajarkeun ngojay ka meri. mung abdi mah rada anti kanu nyebarkeun barang bajakan teh. Mangga bilih akang resep kana barang bajakan mah, kanggo pribadi weh, ulah disebar2. mangga oge bilih akang teu resep kana komentar abdi. hehehe... -Bohay- 2009/7/16 Dadi Kurniadi <dadiurangsunda@ yahoo.com> muhun kang, bajakan, nanging berlaku kanggo nu teu gaduh artos hungkul, mun nu MJ mah moal atuh kang, maenya atuh,... pedah wae si akang Brown mah tos janten jutawan, heheheh sugan moal mangaruhan janten miskin. Punten ah.. --- On Thu, 7/16/09, Reka "Bohay" <rekabo...@gmail. com> wrote: From: Reka "Bohay" <rekabo...@gmail. com> Subject: Re: [Urang Sunda] The Da Vinci Code, bilih aya nu peryogi To: urangsu...@yahoogro ups.com Date: Thursday, July 16, 2009, 2:57 AM format pdf, jigana mah bajakan. Euh, jigana mun ieu novel karangan MJ, naha urang tega nyebarkeun versi bajakan? -Bohay- 2009/7/16 Dadi Kurniadi <dadiurangsunda@ yahoo.com> Sampurasun sadayana, lami teu ngelol yeuh, pakepuk jeung padamelan. Kamari kenging novel nu kungsi janten kontroversial ti babaturan. Karek sapotong dibacana da can kaburu, judulna "The Da Vinci Code" Novel tos lami sih, nanging boh bilih aya nu teu acan ngaos novel ieu, nu tangtosna disarengan ku gratis, simkuring gaduh dina format pdf, nanging punten teu tiasa di tangkodkeun di milist, bilih kaageungan. nu peryogi mangga email wae ka simkuring: dadikurniadi@ yahoo.com wassalam

