*RARAMAT TELEPON* Telepon ngalibatkeun transmisi sora dina hiji jarak. Sora ieu téh pang mindengna sora manusa, bisa ogé mangrupa sora musik atawa data. Raramat telepon umum anu diwangun dina abad anu baheula diwangun utamana pikeun mawa sora. Urang geus pada apal, yén individu sarta pausahaan-pausahaan kiwari bisa ngirimkeun sora, data, gambar, vidéo, sarta jenis informasi séjénna ngaliwatan raramat ieu. Saméméh urang ngabahas kumaha transmisi éléktronik lumangsung, hayu urang nimbang-nimbang sipat sora, sora manusa atawa sabalikna, sarta kumaha propagasina.
Sora dihasilkeun ku pita sora, pakakas-pakakas musik, pasawat udara, angin, sarta jutaan sumber séjénna. Sora anu dihasilkeun ku daérah tekanan luhur sarta tekenan handap di sabudeureun hawa anu ngarangsang ceuli bagian jero (labirin) pikeun ngabangkitkeun impulses sarta otak mikawanohna minangka sora. Hawa nyaéta média pikeun transmisi sora. Transmisi lumangsung sacara mekanis minangka daérah anu tekenan luhur sarta handap usik gancang ngaliwatan hawa ti hiji sumber, sarua halna jeung riak cai anu usik di balong. Panggihna telepon ditetepkeun dina taun 1876 mimiti diuar-uar urang sanggup pikeun ngirim sora obrolan jarak jauh. Manéhna nyadiakeun cara pikeun ngarobah energi mekanis ka energi listrik sarta sabalikna. Ieu hartina yén téknik ngarobah sinyal yén wangun galombang sora bisa dikirim ngaliwatan kabel tambaga sarta sacara terus-terusan dikuatkeun pikeun nungkulan kaleungitan (turunna) energi listrik. Ieu nu ngalantarankeun transmisi bisa nempuh jarak ratusan atawa rébuan *mil*, batan ngan sawatara rébu *feet *anu bisa dipigawé ku transmisi sacara mekanis murni ngaliwatan hawa. Salah sahiji jenis telepon diwangun tina mikrofon dirojong ku tegangan konstan ti raramat. Mikrofon ieu dieusi kalayan karbon *granules* sarta di séri kalayan potensial batré. Resistansi anu rupa-rupa minangka tekenan galombang sora sacara gunta-ganti neken sarta ngaleupaskeun *granules*. Sinyal listrik ieu bisa dikirim ngaliwatan raramat ka pasawat telepon séjén, di mana manéhna nyambungkeun nu nyarita jeung nu ngadéngé. Dina sawatara pakakas kasebut, arus sinyal anu berbeda-beda ngarobah kakuatan elektromagnetik anu nyiapkeun geter. Geter ieu ngabalukarkeun sagala rupa tekenan galombang anu lumangsung di hawa antara panarima sarta ceuli jelema. Galombang ieu saterusna dirobah jadi mangrupa sora ku ceuli sarta otak. Pasawat telepon ngabantu urang pikeun ngarobah energi mekanis ka energi listrik sarta sabalikna. Mangsa sinyal dina wangun listrik, urang bisa ngirimkeunana ka tempat anu jauh. Ku ayana telepon sora urang di Jakarta bisa nepi atawa kadéngé di Bandung. *Struktur Raramat Telepon* Kalolobaan raramat telepon ngudukeun saban saklar nyadiakeun sambungan antara jalur dua langganan anu nyambung ka saklar. Alatan aya kapentingan masarakat di antara palanggan anu dilayanan ku hiji saklar, lolobana nu nelepon ngan ukur hungungan jalur-ka-jalur dina hiji sambungan saklar. Kalah kumaha ogé, aya dua palanggan bisa nyambung, sarta ieu merlukeun sambungan antara saklar ambéh palanggan dilayanan ku dua saklar anu béda bisa kalaksanakeun. Sambungan saklar-ka-saklar ieu disebut *TRUNK*. Lamun 10 *TRUNK* nyambungkeun kantor A sarta B, mangka ngan 10 pasang anu babarengan antara langganan A bisa nyarita ka palangggan B. Tapi, sanggeus salah sahiji anu nyarita ditutup,* TRUNK* jadi bébas pikeun ngaladénan anu rék nyarita nu séjén. Ku alatan éta, loba langganan babagi ngagunakeun * TRUNK* sacara ngaruntuy. Insinyur raramat anu tanggung jawab pikeun ngitung jumlah anu pas pikeun nyadiakeun *TRUNK* diantara saklar. *Private Branch Exchange (PBX)* *PBX (Private Branch eXchange)* nyaéta hiji alat minangka purah nyieun nomer-nomer telepon (6061234 atawa 0812765432), sarta purah nyambungkeung anu baris nerepon sacara elektronik. Hiji *PBX (Private Branch exchange)* nyaéta hiji alat saklar elektronik telepon anu dipiboga ku palanggan (pribadi atawa pausahaan) sarta perenahna dina lokasi. *PBX* nyieun sambungan antara stasiun-na ku cara anu sarua anu dipigawé ku saklar *CO ( Central Office)*. Manéhna ogé nyadiakeun sambungan ka raramat umum atawa raramat pribadi anu leuwih badag. *PBX *biasana ngagawékeun rancana panomeran pribadi (nyieun nomer telepon). Upamana urang di kantor rék nelepon kaluar kantor, kalayan mencét angka "9", urang dibéré aksés ka raramat umum; ieu mintonkeun nyieun jalur dina saklar *CO* di mana nada panggil baris ditampa sarta diteruskeun ka urang (aya nada deui anu béda). Urang saterusna baris mencét nomer telepon anu di tuju. Contona : 9 6061234 atawa mun ka Telepon Keupeul : 9 0812765432. -- DIPIAMIS BUAH GINTUNG. = Disangka hadé jeung bageur , tapi buktina goréng jeung jahat. Buah gintung = Ngaran sabangsa buah

