Tadi peuting, malem Jumaah 16 Juli 2009, di Bale Rumawat Unpad, aya pagelaran 
tembang Sunda, ngan nu nembangna Mojang India, ngarana Anita Subramanian, ceuk 
beja mah umurna kakara 20 taun. Inyana keur nyuprih elmu di Atlanta hal music 
etnis.
Ku pembingbingna dibere CD tembang Sunda nu ngahaleuangna Euis Komariah, 
kataji, tuluy hayang diajar, nya nepi ka nyucruk ka Tatar Sunda. Guguruna ka 
Euis Komariah pisan. Diajarna ngan ukur tilu bulan tapi geus ngawasa opat laras 
(pelog, sorog, mandalung.....poho hiji deui mah). Ceuk nu mere komentar Ubun 
Kubarsyah, ieu teh luar biasa kana sensitifitas music ti Anita.
Unggal Anita anggeus nambang hiji lagu, nu lalajo keprok ari celengkeung teh 
Aom Kusman ngomong...lain keprok..mikir atuh..., puguh we nu sejen ge seuri 
maur, heueuh sirik meureun aya budak ti India bisa nembang Sunda kalawan alus, 
urang Sunda sorangan can tangtu bisa siga manehna. Tapi aya deui nu mere 
komentar sanajan bari ngaharewos (nu lalajo di tukangeun kuring) sukur puguh 
aya bangsa deungeun daek diajar tembang Sunda, jeung pan guruna ge Ceu Euis 
pisan, mun kitu diajar, guruna di nagri sejen, nu nembang asing, manggung di 
urang...tah eta mah rada handeueul.
Euis Komariah ngajarna make metode ngabeo, diturutan unggal pada, ku Anita di 
rekam jeung make notasi cacing (teuing nu kumaha). Nya hasilna pagelaran di 
Bale Rumawat. Bisi panasaran ieu rekaman sorana (hampura rada gede) jeung 
gambarna Anita.
Aya beja ti Bale Rumawat Unpad, engke tanggal 29 Juli 2009 bakal aya pagelaran 
Sinden Beken, sababaraha sinden nu geus moyan ti nu geus sepuh dugi ka budak 
ngora, bakal manggung bareng di Unpad.

MSas

Kirim email ke