Kaparengkeun panggih jeung Bah Toto di fb. Der ngadon ngawangkong. Singhoreng
anjeunna keur ngalalana ka Jawa Timur. Masang kabel serat optik.
Satengahing ngobrol teh, pikiran kuring kumalayang. Ngawawaas Bah Toto
cuang-cieung nyalira di tengah leuweung. Enya, nyorangan -- kadar dibaturan ku
telepon satelit, sakumaha nu disaurkeun ku anjeunna. Aya ku wanian. (Bari si
Abah teh kaetang tos aya yuswa, jantungna ge kantos dibypass).
Lian ti eta, rumasa: Sanajan kawilang remen ingkah ti panganjrekan, nu
didatangan teh umumna tempat-tempat nu rame. Tara ieuh nepi ka tengah leuweung
sagala. Kukituna, ngurihit ka anjeunna: Dongengkeun eta pangalaman teh. Sugan
bae aya mangpaatna. Lian ti sosoranganan teh, pedah bae di tempat nu
hara-haraeun -- leuweung atawa tempat nu euweuh jalmaan. Bari, kawilang
"absurd". Masang kabel optik, bagian tina teknologi kiwari nu bisa mungkas
cuang-cieungna jelema. "Ieu meureun Bujangga Manik abad 21 teh," ceuk kuring,
satengahing ngabandungan obrolan si Abah.
Di handap ieu, manawi aya nu haat ngiring ngarautan atanapi merenahkeun. Sugan
bae bisa ngalengkepan pangalaman Bah Willy, nu oge sok
leuleuweungan. Nyanggakeun...
Timpah baktos,
MGT
=============================
tah ieu seratanana....keur baraya di TELKOM dicopy pastekeun... khusus kanggo
pulouw SEMPU ke ku abah di dongengkeun saatosna project rengse......Insya
Alloh....!!
ass wrwb, baraya...!! ayeuna mah ngadongengnya mau dicampur campur bahasana
...karunya ka baraya nu make marga "O" teu bisa mencerna dengan baik....
isuk isuk bari jeung nangkeup tuur hareupeun panginepan di Lumajang.... si
kuring nyuruput cai haneut.... emh ...nik'mat cai haneut karasa kana
beuteung..., bari nungguan beurang ngobrol jeung pagawe losmen...." pulang jam
berapa pak..? tadi malam...ceuk si pagawe losmen ka si kuring...
eh...kurang lebih jam dua dini hari cekeng teh...."sendirian dari curah
kobokan...?? ...iya ..kenapa gituh ?? si kuring balik nanya..." nggak takut pak
?? bari jeung neuteup ka si kuring.... ach...enggak ...emang ada apa pak...??
si kuring panasaran.... diwilayah situ sih terkenal pak.... banyak kejadian
yang "luar biasa" ceuk manehna.... weleh weleh si kuring jadi leuwih
panasaran..... cerita dong pak....!!
"CURAH KOBO'AN atau PIKET NOL" adalah suatu lokasi hutan belantara yang ada di
wilayah antara kota Malang dan Lumajang yang dilewati oleh route kabel FO nya
TELKOMSEL diantara site DAMPIT-CANDIPURO view nya ...wouw Subhanalloh....luar
biasa indahnya...( demikian menurut BOSS gue...), tapi memang benar baraya ....
pamandanganana ...endah, siga leuweung Cadas Pangeran tahun genep puluhan....
baheula keur leutik mun diajak ka Sumedang ... pasti nu hayang ditingali
"leuweung geledegan cadas pangeran".... tah didieu di curah kobokan masih keneh
kitu... asri... hejo... langit beresih... awan bodas...tangkal pinus jeung jati
galalede.....jalan mulus ngan cukup dua mobileun....ti leuweung pinus, gunung
semeru katingali jelas pisan..... berdiri kokoh dengan keanggunannya....
Subhanalloh....
di jembatan kalimanjing....itu tempatnya orang membuang mayat pak....lanjut
dongeng si padamel losmen.... sambil menerawang membayangkan posisi jembatan
Kalimanjing ....saya memang pernah menyeberangi jembatan tersebut dengan
berjalan kaki.... panjang jembatan 254 meter bentang hanging bridgenya sekitar
270 meter...wouw...berdiri ditengah tengah ...dipinggir jembatan ...menyebabkan
tu'ur nyurucud.... ngadegdeg.... si kuring nu teu sieun kana ketinggian... rada
hemar hemir euy ..... dasar solokan teu katingali euy.... ngen tatangkalan we
galalede, satangkeupeun gajah diameter tangkalna ... jadi kurang leuwih jerona
aya kana sarebu meter.... bari jeung ngadongeng..... dina lamunan ....sigana
lamun dipake "bunggy jumping" ...asyik buangeeettt......
dilokasi tersebut...banyak sekali kejadian kejadian yang diluar akal manusia
sering terjadi pak... ceuk si pagawe losmen teh.... siga nu nyingsieunan ka si
kuring, ...bisa jadi ceuk gerentes hate... ngahaminan.... apa aja pak ceritanya
?? kasi tau dong sayah.... ceuk si kuring, ...bapak berapa hari lagi
mengerjakan di wilayah itu....?? paling lama sepuluh hari lagi ...!! ... nanti
aja ya pak kita "LANJUTKAN...." ceuk si pagawe losmen nurutan jargon kampanye
capres ..... hampir jam tujuh pak saya harus mulai kerja...... hehehehe...
Ok...
wass,
abah to2
berikutnya dia mendongengin kisah dirinya pada saat melintas di jembatan
kalimanjing tersebut.... harita asup ka wanci maghrib ...rek deukeut ka
tungtung jembatan.. aya yang nyegat, karena memang agak sulit kalo sudah lewat
maghrib...bus yang hanya beberapa unit jarang yang lewat.... menurut urang
dinya mah jam tujuh malam sudah tidak ada lagi angkot yang lewat... kecuali
kendaraan pribadi... dengan bermaksud menolong dan kasihan melihat tiga orang
yang ingin numpang kendaraannya... si akang padamel losmen ini.... mengijinkan
mereka menumpang sampai pasar candipuro.... dan selanjutnya seperti cerita
cerita mistis lainnya.... belon juga sampe, si penumpang yang duduk di kursi
belakang sudah tidak ada dan tidak tau menghilangnya dimana.... padahal can
mayar ongkosna....hal ini tidak terjadi pada dirinya saja tapi pada beberapa
temannya yang mempunyai kisah serupa.... wallahu a'lam bissawwab....
nanjak saeutik ka arah Dampit.... si kuring eureun di sisi jalan, sambil
ngahuap baso dan minum es kalapa muda si kuring melihat pamandangan yang
laennya.... terlihat seperti laut, sikuring tanya sama tukang baso.... oh itu
namanya pulouw SEMPU pak...., bapak tinggal beberapa kilometer lagi dari lokasi
ini.... bentang kabel FO di jurang penampung lahar ini 890 meter... ningali nu
masang fondasi jeung masang tiang 13 meteran ... ku tehnik sederhana... gogodeg
euy si kuring...jarago geuning urang Jember teh kana masang tiang dobel 13
meteran... huebattttt buanget ... hanya bermodalkan 15 orang berbadan tegap dan
berkulit gelap siga si kuring....kayu dolken dan tambang berdiameter 26 mm
....si tiang ....yang mempunyai berat hampir satu ton berdiri dengan tegap dan
kokoh di dinding jurang..... saking kagumnya si kuring langsung meuli JI SAM
SOE 20 bungkus..... sambil bertereak mereka serempak mengucapkan "terema kaseh"
boss.... dengan logat maduranya yang
masih kuentel buanget.....!!
pulouw SEMPU bisa ditempuh dari kota Malang dari terminal bis Arjosari bisa
ngebooking angkot dengan biaya dua puluh rebu sakali jalan saorang..... mun
bulak balik tilupuluh lima rebu...ceuk si tukang kalapa muda nyambungan dongeng
si tukang baso.... heug ah engke mun pagawean beres... si kuring rek piknik
sakalian.... kitu ge mun teu hayang buru buru balik.... da biasana mah kalo
tidak ada supporting sok horoream euy.....
geus ach dongengna .... isuk jeung geto bae nya dilanjutkan.... hehehehe
wass,
abah to2
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441