Sok atuh pedar kumaha etang etangan  bisnisna ambeh para calon investor tiasa 
ngiringan  ngemut. Kumaha skema kerjasamana nu tegep.
Sugan we aya jurig tumpak kuda, sim kuring tiasa ngiringan.
Diantos pisan kang Yana proporsal bisnisna kumaha .
 
Hatur nuhun
 
Wassalam

--- Pada Sen, 20/7/09, Maman Gantra <[email protected]> menulis:


Dari: Maman Gantra <[email protected]>
Topik: [Urang Sunda] Investasi Warnet Rereongan
Kepada: [email protected], [email protected], 
[email protected]
Tanggal: Senin, 20 Juli, 2009, 4:26 PM


  







Keur uleng molototan komputer, Saptu kamari, pecenghul teh Kang Yana ngajak 
ngobrol di fb. Anjeunna ngumaha sim kuring sangkan medar ngeunaan usaha nu keur 
ditaratasna: Warung internet & games. "Bilih aya nu bade ngiring investasi," 
saur anjeunna.

Numutkeun Kang Yana, tempat nu aya ayeuna teh tilu lante -- iasa nampung dugi 
ka 30 unit komputer. Samentawis, nembe kaeusi salante. "Upami teu kabujeng 
kaeusian, lante dua sareng tilu ku abdi bade dikontrakeun bae," saur anjeunna.

Asa lebar oge seg dikontrakeun ka batur teh. Margi, lokasina kawilang 
strategis: Jl. Dipatiukur. Sanaos sim kuring teu acan ningali kumaha 
kaayaannana, asana, di dinya mah cocog pisan mun muka usaha warnet teh. Bubuhan 
daerah nu reuteum ku sakolaan. 

Alatan kasawang rada sesah milari investor siga nu diimpleng ku Kang Yana, sim 
kuring ngusulkeun kieu: Saham teh diregaan ku unit komputer bae ambeh teu 
beurat teuing ka kumna nu aya minat. Mun tea mah saunit komputer (plus monitor 
sareng sapuratina) pangaosna Rp 3 juta, nya eta nu janten dasar. Naha bade 
ngiringan sakomputer, dua, tilu, atanapi sabaraha. 

Kadua, sim kuring ngusulkeun ngangge sistem office-station. Kaunggulan ieu 
sistem, tiasa neken cost operasional -- utamina listrik. Margi, urang mung 
peryogi hiji CPU salaku server -- work stationna, nu mung mangrupi monitor 
sareng sapuratina, tiasa dugi ka 30 unit. Dina kedah ngagaleuh sistem operasi 
atanapi nu sanesna ge cekap hiji. Da, memang, mung hiji komputer. (Di kantor 
sim kuring, kantor majalah mingguan, ngangge sistem ieu. Alhamdulillah, tagihan 
listrik teh teu dugi ka Rp 100 rebu. Padahal, ilaharna kantor majalah, komputer 
teh manteng meh 24 jam sadinten, 7 dinten saminggu).

Mung kalemahannana: Ieu sistem teu tiasa kangge games. Kadar tiasa kangge 
internet.

Solusina: Nya dikombinasikeun bae. Aya lante khusus games -- nu miharep unit 
komputer "konvensional" , lengkep sakumaha biasana. Aya lante khusus internet 
-- nu nerapkeun sistem office station. Ku taksiran, cara kombinasi ieu 
meryogikeun 2 server (hiji kangge cadangan), 10 works station lengkep (plus 
monitor, keyboard, headphone, mouse), 20 monitor (plus keyboard, mouse, 
headphone). 

Waragadna? Tilu sasih kapengker, pangaos N-computing (salah sawios merek office 
station) model single Rp 2 jt-an. Ieu tos kalebet kabel jaringan 
server-monitor. Ditambih ku monitor, keyboard, mouse, headphone: Rp 1,5 jt, 
jatuhna per unit Rp 3,5 juta. Ditambih deui ku ongkos meja sareng korsi, hiji 
saham teh nitih kana Rp 4,2 jutaan.

Kumaha cara ngetang untung-rugina? Sigana eta mah Kang Yana ku anjeun nu kedah 
ngajelaskeunnana. Mung, kamari anjeunna nyebatkeun, "Kauntungan dibagi dua, 
saatos dipotong biaya operasional" . Aya saena Kang Yana maparin gambaran nu 
langkung jelas ngeunaan hal ieu. Supados urang sadaya gaduh gambaran. Kalebet 
spec komputer nu diajam ku anjeunna, saupami tea mah bade ngangge sistem 
konvensional (CPU utuh) -- sanes ngangge sistem office station.

PS: Keur nu teu apal ka Kang Yana, tiasa dibujeng ka kisu...@yahoogroups .com.


    








Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
















      Akses email lebih cepat. Yahoo! menyarankan Anda meng-upgrade browser ke 
Internet Explorer 8 baru yang dioptimalkan untuk Yahoo! Dapatkan di sini! 
http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer

Kirim email ke