Bagean di handap ieu nu seueur respon boh di koran atawa fb. Sikep SBY,
salaku presiden nu ngahubungkeun bom eta kana pilpres. Rada jadi kiruh
nagara teh. 

Kuduna mah salaku presiden sing bisa ngajaga rasa bangsana. Ulah nambah
lieur jeung pusing rakyat nu teu perlu nyaho da geus ripuh ku urusan
kahirupan sapopoe. Kalah hayeuh ditambah kapusingna ku ngumumkeun ayana
laporan intelejen nu rek menduduki KPU, nu rek nembak manehna, gambarna jadi
sasaran latihan nembak, jst. Kesana cengeng jeung lembek. Padahal pangsiunan
jenderal, jst. Eta mah lain konsumsi rahayat, tapi konsumsi pihak pasukan
anti teror. Bos kopasus boh densus 88.

Pamingpin mah hade mun teu  nembongkeun kasieun kasusah di publik. Pikeun
miara harepan jeung sumanget hirup bangsa. meureun.

Mun presiden geus nyaritakeun kasusah atawa ancaman nu nuju ka dirina, nu
hartina saolah geus teu bisa walakaya, cilaka rahayat.beuki tunggara wae
atuh.

Meureun mun presiden amrik mah, baris nyarita, turut berduka cita ka korban,
pamarentah moal nyerah ku alatan teroris bari rek numpesna, jeung bangsa
diminta tetap tenang.

-----

Pada momen itu, kita sebenarnya bisa berkata: kita akan melawan. Pada saat
itu, kita tahu, teror itu tak akan menang. Memang sejenak ia bisa bikin
gugup, menyebabkan reaksi yang berlebihan, juga dari seorang presiden yang
biasanya tenang. Tapi bom itu, teror itu, tak akan bisa mendapat lebih dari
itu.




Kirim email ke