punten, pak walikotana nuju sibuk merhatoskeun pembangunan emol-emol di
Bandung.
da urusan teh lain jalan hungkul.

mugia pak walikota merhatoskeun bangunan bersejarah tur bangunan kuno..
da sok sirik pami ninggal bangunan di eropa mah, komo di paris.

padahal populasi bangunan samodel kitu teh, langkung seueur di Bandung mah.

bari melong plaza Romano (alkateri-asia afrika) anu jadi Hotel Mewah.

-jaja

2009/7/24 Panzi <[email protected]>

>
>
>
> Ari walikota bandung aya keneh teu nya...??
> Ari aparat pemda Bandung araya keneh teu..??
>
> Jalan sabudeureun bandung geus loba nu rarusak,
> tapi euweuh nu dibenerkeun hiji2 acan...
> eta anu nyolok mata pisan mah, sapanjang jl. diponegoro,
> hareupeun RRI, museum, jalanna geus rarenjul kitu diantep keneh wae...
>
> Piraku bandung teu boga duit keur memener jalan mah,
> eleh ku pemprov euy... jalan2 provinsina geus mulai dibalenerkeun,
> jl. rancaekek, nagreg, sumedang, banjar, ciamis,
> jalanna geus mulai marulus....
>
> Jadi hayang nyanyi..
>
> """Ibu bapa lihatlah... ini bandungku..
> Ngga ada jalan rata... semua rarinjuuuulll..
> Karna walikotanya, rajin NGAJENTULLL...
> Ngabangunnnn... ngabangunnn... nyatana WADULLLLL...""""
>
> -nzi-
>
> --
> &#7060;&#7082;&#7056;&#7076;
>  
>



-- 
Gandrung Gunung
http://www.roisz.wordpress.com

Kirim email ke