Inalillahi wainalillahi ro'jiun
ngiring belasungkawa ka abah sakulawargi

inget rumah sakit pakuwon teh ras ka bapa kuring almarhum
kungsi dirawat didinya, dokterna geus kahot ngarana noeroni.
loba nu cocog mun berobat didinya ngan mun kapasen sok rada poksang kawas 
kabapa kuring harita 
"heueuh ari geus rengkung mah dibawa kadieu!" kitu cenah. maksudna mah bener, 
kadinya lamun geus karasa ripuh,
ngan nyakitu ari gering biasa mah cukup kadokter nu deukeut.

cag!


  ----- Original Message ----- 
  From: waluya2006 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, July 27, 2009 12:25 PM
  Subject: [Urang Sunda] Uwung ....


    Sabulan katukang kuring ngadadak ka Sumedang, dibejaan aya kapapatenan, 
pamajikan lanceuk misan ngantunkeun. Kulantaran teu nyaho dimana layonna rek 
dikurebkeun, di perjalanan kuring nelepon heula ka adi Kuring, Uwung, waktu 
geus deukeut ka lembur. Eta mah Adi nembalanana teh ku basa Sunda lemes pisan, 
teu saperti biasana, kumaha we ngobrol lanceuk jeung adi. Tepi ku kuring teh 
satengah disentak: "Ari maneh, nyarita teh siga jeung saha wae!"

  Manehna ukur ngaheheh. Waktu tepi ka tempat kapapatenan Adi kuring teh 
langsung ngajemput kuring, terus nyenyekel leungeun, omongna teh: "Hayu layonna 
di Masjid, tapi ulah langsung ka jero masjid, kudu sasalaman jeung nu ngariung 
diluar. Loba dulur nu teu wawuheun jeung Entang mah, komo nu ngarora mah". 

  Sabenerna mah kalakuanana teh teu biasa kitu, tapi kuring teh nurut we 
diwanoh-wanohkeun kanu ngagimbung, bari nyebut tah ieu lanceuk Bi/ Ua Uwung. 
Heueuh da enya loba nu teu wawuh jeung kapialo jeung batur salembur nu sakitu 
lobana teh. Jero hate, meureun adi teh agul, lanceukna teh dua urang, lain 
saurang.

  Malem minggu kamari, di imah di Bandung, sabudeureun jam satu peuting, kuring 
masih nonton TV, telepon imah disada. Rada ngagebeg ari telepon tengah peuting 
teh, sok sieun aya beja nu teu diharepkeun.

  "Hallo?", ceuk kuring teh bari pinuh tanda tanya 
  "Ieu Uag, Ua Entang, Uwung stroke, ayeuna di ICU", ti beulah ditu ngajawab, 
sorana peura, tapi kuring apal ieu sora Uag, salaki Adi. 

  Kuring ngaranjug kaget,rampang-reumpeung telepon teu dijawab kalahka 
ditutupkeun. Kuring ngaguyah-guyah pamajikan dibejaan bari diajak ka Sumedang 
harita keneh. Kabeneran si Cikal datang tas ulin malem mingguan, langsung 
diajak. Tapi hate masih saeutik tenang, aya harepan Adi teh teu parah.

  Jam 3 subuh leuwih saeutik, kuring tepi ka Sumedang, langsung ngajugjug RSU 
Sumedang, tapi jadi bingung da geus teu apal deui. Nya nelepon ka HP salaki 
Adi. Salaki Adi ngajawab: di RS Pakuwon, lurus, koma!"

  Meg teh kana hate, kuring ngomong halon ka pamajikan: "Koma, Mamah, papah 
bisa kaleungitan adi" 

  Tepi ka tempat parkir RS Pakuwon, kapaksa tatanya kanu jaga heula da teu 
apal, ditunjukkeun pantona. Can ge asup kanu panto, kareungeu sora nu ceurik. 
Suku kuring jadi leuleus, pamajikan kuring satengah nuntun asup ka jero. DI 
jero katempo pamajikan lanceuk keur ceurik paungku-ungku jeung minantu Adi, si 
Gugun anak bungsu ki Adi gagauran. Nu tenang teh ngan ki lanceuk jeung salaki 
Adi. Adi teh geus teu aya. Kuring, nu ti baheula oge pang epes meerna, geus teu 
bisa nahan deui, ngilu inghak-inghakan. Teu puguh cabak. Ngupahan si Gungun, 
padahal kuring oge upahaneun batur. Pamajikan surti, nuntun kuring kaluar, 
dititah diuk bari mere nginum.

  Geus hate rada tenang, kuring balik deui ka kamar. Si Gugun masih auk-aukan, 
ayeuna pamajikan kuring oge jadi ngiluan. Ku perawat dibejaan: "Atos-atos 
hawatos, ke urang tutup pameunteuna"

  Kuring neuteup Adi kuring bari nyurulung cipanon, Adi teh siga keur sare 
tibra pisan jeung katempona teh mani asa geulis pisan. Si Gugun nu masih 
inghak-inghakan oge kitu, manehna narik leungeun bapana:" Papah, tingali si 
Mamah mani geulis kieu!"

  Baktos,
  ENTANG
  [Nenehna kuring keur budak] 



  

Kirim email ke