muhun dihapunten ku sim kuring. mung sim kuring mah teu terang dupi HBH teh 
bade diayakeun atanapi moal.
(aya keneh nu inget geuning kana HBH teh, sugan teh geus asup kana kotak 
babarengan jeung wayang golek ki dalang... hehe)

ari ideu na mah sae geuning si akang teh, ngan prak2anana mah rada hese jigana 
tah
leuwih gampil ngumpulkeun jelema kanggo demo daripada kanggo HBH mah cenah, 
soalna ari demo mah dibayar (cenaah eta ge...) ari HBH mah pan kudu mayar
ka pangandaran mah jauh teuing kang, lain nanaon, karunya ka panicia weh, dalah 
tos jauh2 ngurus sagala rupa, ari pamilonna heg teh ngan paniciana weh 
sababaraha urang nu datang na. kelebar2, komo kudu nyewa beus mah, sabarahaeun 
tah sewa na ge
daripada nyewa beus, terus teu daratang, mendingan jang baksos weh tah artos 
sewa teh heheh.....

baktos

Dikdik

--- In [email protected], "Dena" <denysuwarj...@...> wrote:
>
> Punten manawi aya nu terang, dupi HBH 2009 bade diayakeunana dimana? Sim 
> kuring usul...punten da ukur tiasa usul. Kumaha upami HBH teh di Pangandaran 
> atuh? Ngarah rame sareng nyaketkeun silaturahmi, angkatna saena sasarengan 
> kana beus. Wios biayana mah papatungan we, boh kango ongkos, tiket sareng 
> tuang leueutna mah.
> Hatur Nuhun...punten tos cologog kumawantun ka para sepuh.
>


Kirim email ke