Kumaha carana nya?
simkuring oge hoyong mang ngadamelkeun passpor ninina budak, hayang nganjang 
cenah bari nungkulan budak brol na insya Alloh 2 bulan deui. 
kaleresan ktp na Majalengka, pami teu lepat kalebet priangan timur (tasik) rada 
tebih....
pami aya onlain mah alhamdulilah lah.. 

--- On Thu, 7/30/09, tia kecil <[email protected]> wrote:


From: tia kecil <[email protected]>
Subject: Bls: [Urang Sunda] nyieun paspor
To: [email protected]
Date: Thursday, July 30, 2009, 3:53 PM


  







nambihan informasi..kaleresa n dikost-an aya barudak nu damel di 
Imigrasi..ayeuna ngadamel passport oge tos online..tiasa dimana wae...asal 
alamat di KK sareng KTP sami ...begituh rojerrr...

siippp...

tia


--- Pada Kam, 30/7/09, mj <ja...@itenas. ac.id> menulis:


Dari: mj <ja...@itenas. ac.id>
Judul: [Urang Sunda] nyieun paspor
Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com, kisu...@yahoogroups .com, sman1ciamis@ 
yahoogroups. com
Tanggal: Kamis, 30 Juli, 2009, 3:24 AM


  



Nyieun paspor teh kungsi ahir taun 96. tapi geus kadaluwarsa da ngan berlaku 
lima taun, jadi poho deui sarat jeung prosedurna. tadi karek beres difoto jeung 
wawancara.
tah ka nu bade ngadamel paspor,  bisi barade nguseup di walungan amazon atawa 
panasaran hayang nongton MU maen bal di kandangna, 
 
Sarat:
 

fotokopi KTP + aslina
fotokopi kartu keluarga + aslina
fotokopi buku nikah (kanu tos nikah) + aslina
fotokopi akte lahir/kenal lahir/ijasah + aslina
surat rekomendasi/ pengantar ti atasan (mun padamel, karyawan, dll)
 
prosedur

nyandak formulir pengajuan 
eusian (aya data ngaran indung bapa jeung tanggal lahirna, atuh si kuring 
nelpon heula ka lembur, naros ka pun biang da teu apal iraha beliau2 medal :)
tos dieusian, bari nyandak nomer antri, serahken ka bagean penerimaan pengajuan 
(loket 1)
sarat2 eta dipariksa, mun lengkep dibere bukti penerimaan jeung tanggal kudu 
balik deui pikeu difoto/wawancara (dua poean)
tanggal difoto/wawancara (persaratan nu asli dicandak). Nyandak nomer antri nu 
dibantuan satpam. mayar ka kasir, Rp 270.000 (loket 2). rincianana: passpor 
200rb, difoto 55rb, sidik jari 15 rb total sersan Rp 270.000
terus difoto dina meja, terus wawancara (teu lila, formalitas)
antosan saminggu, pasport jadina saminggu ti tanggal difoto/wawancara
 
catetan:
kanu KTP Tasik Ciamis Garut mah di kantor Imigrasi Priangan Timur, di Ciawi 
Tasik
 
 
 


Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik. 
Tambah lebih banyak teman ke Yahoo! Messenger sekarang!
















      

Kirim email ke